Kampung adat Cireundeu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Ucapan wilujeng sumping nalika asup ka kampung adat cireundeu

Kampung adat Cireundeu nya éta hiji kampung nu ayana di lamping Gunung Kunci, Gunung Ciménténg jeung Gunung Gajahlangu.[1] Sacara administratif mah perenahna téh di Kalurahan Leuwigajah, Kecamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi.[1] Teu jauh ti Tempat Pembuangan Akhir (TPA) Leuwigajah.[1]
Istilah Cireundeu diwangun ku dua kecap, nya éta ci (cai) jeung reundeu.[1] Reundeu nya éta ngaran hiji daun nu ayana di leuweung sarta bisa dilalab jiga daun sampeu.[1] Ceuk kolot baheula mah daun reundeu téh sok digunakeun pikeun ubar panyakit leungeun.[1] Kiwari éta daun téh geus hésé dipanggihanana.[1]
Secara fisik, Cireundeu teu béda jauh jeung kampung biasa.[1] Utamana dina segi wangunan imah-imah pendudukna.[1] Di antarana maké hateup tina kenténg, batana ditémbok, jandélana tina kaca, jeung méh sakabéh pendudukna geus miboga alat éléktronik saperti tipi, radio, kaasup hp.[1] Tapi ku lantaran kukuh dina ngagem tradisi karuhun, ieu kampung dijadikeun sacara de facto jadi kampung adat. [1]Lolobana masarakat Cireundeu masih ngagem ajaran Agama Jawa Sunda nu dibawa ku Pangeran Madrais ti Cigugur, Kuningan.[1]
Masarakat Kampung Adat Cireundeu miboga kayakinan ti karuhun Sunda yèn maranèhna teu meunang ngadahar sangu.[1] Aya kapercayaan yén anu ngarempak kana aturan éta bakal langsung maot.[1] Jadi lamun masarakatna bener-bener rék ngagem éta kayakinan ti karuhun kudu bener-bener maluruh ngagemna, tong satengah-satengah.[1]

Gotong Royong nu Aya di Kampung Adat Cireundeu[édit | sunting sumber]

Ngabangun imah[édit | sunting sumber]

Masarakat kampung adat Cireundeu miboga tradisi ngabangun imah ku cara gotong royong.[1] Masarakat babarengan ngabangun imahna, boh dina ngayakeun bahanna boh dina nyieunna, bari jeung teu ngaluarkeun waragad.[1] Jadi maksudna nu boga imah ngan saukur nyadiakeun bahan keur bangunan imahna jeung nyuguhan warga kampung.[1] Kuriakna mah dipigawé ku babarengan (warga kampung).[1]

Taya upacara husus nalika ngabangun imah, tapi ilaharna sok aya sukuran nalika imah geus jadi. [1]Sukuran anu diayakeun ku pihak nu boga imahna.[1]

Gotong Royong dina Upacara Ngemban Taun jeung Tutup Taun[édit | sunting sumber]

Taun baru Saka 1 Sura nu dipiéling ku warga Cireundeu, babarengan jeung taun baru Islam 1 Muharam.[1] Dina tradisi Jawa, 1 Muharam disebut 1 Sura.[1] Dina Islam ngagunakeun Hijriyah, lamun tradisi Jawa mah ngagunakeun Saka. Sasaruan taun Hijriyah jeung Saka nya éta mangrupa titinggal lunar atawa make patokan nurutkeun ngurilingna bulan kana bumi.[1] Salian ti éta, nu jadi patokan nya éta 1 Muharam dina Hijriyah.[1] Taun Saka Jawa dipake ti jaman Sultan Agung Hanyokrokusumo ti Mataram, ngagantikeun Saka Hindu.[1]
1 Sura pikeun warga Cireundeu, ampir sarua jeung lebaran.[1] Saméméh taun 2000 mah, sok maké baju anyar tapi sababaraha taun ka tukang sanggeus dilembagakeun aya parobahan. Dina upacara adat, kaum lalaki maké baju pangsi warna hideung, ari kaum awéwé mah maké kabaya atawa baju warna bodas.[1] Gunungan sasajén, mangrupa bungbuahan jeung rasi, anu dibawa ka tengah ririungan (kumpulan) warga di Balé Adat.[1] Warga tapakur mirengkeun wejangan ti sesepuh Kampung Adat Cireundeu, Abah Emén Sunarya téa.[1]
Upacara Tutup Taun Saka mangrupa salasahiji wujud sukur ka Nu Mahakawasa.[1] Ieu upacara téh dimimitian ku pintonan wayang golék jeung sarupaning kasenian tradisional has Cireundeu, nya eta angklung buncis.[1]
Aya hiji léngsér nu minton maké pakéan sarwa hideung has Sunda, lengkep jeung iket has Cireundeu.[1] Tuluy tamu dititah diuk ku Lengser di Balé Saraséhan.[1] Upacara adat ditandaan ku cara melak tangkal ku kuncén nu engkéna dipelak di Gunung Kunci Cireunde.[1] Anu tujuanana pikeun ngajaga alam, lantaran manusa anu ngajaga manusa nu sok ngaruksak ogé.[1]
Dina upacara ngemban taun jeung tutup taun ieu dibutuhkeun sikep gotong royong ti sakabéh warga.[1] Utamana dina nyiapkeun sasajén keur upacara.[1] Sakabéh masarakat ilubiung nalika nyiapkeun upacara, prak-prakan upacara, jeung sanggeus upacara.[1]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am [Hasil wawancara sareng Bapa Sunaryo kuncén Kampung Adat Cireundeu ping 24 April 2011]
Arjuna Wayang.jpg