Kancing

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kancing liang opat

Kancing atawa buah baju nya éta pakakas leutik ngawangun gepéng, sarta buleud anu dipasangkan jeung liang kancing pikeun ngahijikeun dua helai lawon anu numpuk, atawa minangka ornamén. Bahan anu pangumumna pikeun kancing nya éta plastik teuas.[1] Sajaba ti éta, kancing dijieun ti bahan-bahan sintétis séjénna kawas seluloid, gelas, logam, sarta bakelit, atawa bahan-bahan alami kawas tanduk, tulang, gading, kerang, kai.[1]

Liang Kancing/Imah kancing

Sajarah[édit | sunting sumber]

Kancing tina logam, plastik, sarta kulit. Liang benang di bagian tukang

Kancing geus dipikawanoh ku nini moyang urang saprak berabad-abad tuluy Malahan, saprak manusa tacan mikawanoh tulisan.[2] Baheulamah, memang bentukna kuna kénéh, mangrupa potongan kai atawa tulang sanggal sato.[2] Karak wéh dina jaman Karajaan Pérsia, kancing buleud kawas anu néempel di baju saragam Maranéh ayeuna.[2] Masarakat Éropa mimitian ngamangpaatkeun kancing dina abad XVIII. Tiheula da kancing lain dijieun ti plastik atawa logam, tapi tina kerang atawa tanduk munding.[2] Kancing ti cangkang kerang geus dipikawanoh minangka ornamén di Peradaban Léngkob Indus dina 2000 SM.[1] Sawatara di antara kancing-kancing kasebut diukir jadi wangun-wangun géométris sarta dilobangan ku kituna bisa dikaput dina pakéan kalayan maké benang.[1] Dina awalna, kancing dipasang leuwih minangka ornamén batan fungsina minangka pangikat.[1] Kancing pangkolotna kapanggih di loka arkéologi Kabudayaan Léngkob Indus di Mohenjo-daro.[1] Kancing kasebut dijieun ti cangkang kerang anu ngagelombang, umurna kira-kira 5.000 taun.[1]

Kancing katut imah kancing anu bisa dipaké pikeun ngancingan sarta nutupan pakéan, mimiti dipikawanoh di Jerman dina abad ka-13.[1] Pamakéan kancing ngalegaan kalayan kapopuléran busana anu pas awak téa dina abad ka-13 sarta ka-14 di Éropa.[1]

Dina abad ke-17, pakéan anu aya kancingan ngan dipiboga ku jalma-jalma beunghar.[1] Nurutkeun kabiasaan waktu éta, lalaki biasa maké baju sorangan.[1] Tapi sabalikna, awéwé ngabogaan palayan pikeun mantuan maranéhanana maké pakéan.[1] Kancing anu dipasang di sisi kénca belahan baju awéwé ngagampangkeun palyanna sawaktu ngancingkeun baju tuan maranéhanana.[1]

Jenis kancing[édit | sunting sumber]

Kancing liang dua, kancing liang opat[édit | sunting sumber]

Di permukaan kancing aya liang-liang tempat liwat jalur benang jaitan. Kancing kawas ieu bisa dipasang kalayan jaitan leungeun atawa mesin kaput.[1]

Kancing jepret (kancing tekan atawa kancing hak)[édit | sunting sumber]

Kancing jenis ieu diwangun ti dua bagian: bagian cembung sarta bagian kewung. Kadua bagian nulak lamun dipencét, sarta leupas lamun dikenyang. [1]

Kancing bungkus[édit | sunting sumber]

Lawon dipaké pikeun membungkus kancing. Liang pikeun jalur benang aya di bagian tukang kancing.[1]

Kancing sengkelit[édit | sunting sumber]

Kancing dipasangkeun kalayan imah kancing mangrupa sengkelit ti lipatan lawon. Lawon henteu dilobangan pikeun liang kancing ku kituna luyu pikeun lawon ipis.[1]

Kancing cina[édit | sunting sumber]

Kancing sarta imah kancing dijieun ti tumbu-tumbu tali kor.[1]


Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r (id)Definisi+Sajarah(diakses kaping 4 desember 2011)
  2. a b c d (id)Sajarah(diakses kaping 4 desember 2011)