Kangker

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kangker
Klasifikasi jeung sumber luar
Mun sél normal ruksak sarta teu bisa diropéa deui, mangka ieu sél bakal diancurkeun ku apoptosis (A). Sél kangker bisa nyingkahan apoptosis sarta terus ngalobaan sacara acak, teu bisa diatur (B).
DBPanyakit 28843
MedlinePlus 001289
MeSH D009369

Kangker téh hiji kasakit mangrupa populasi sél nu tumuwuh sarta baranahan tanpa nuturkeun watesan normal, ngaranjah sarta ngancurkeun jaringan nu aya di sabudeureunana, sarta bisa nyebar ka loka anatomi anu jauh dina prosés anu katelah métastasis. Pasipatan kangker anu gangas (malignant) béda ti tumor jinak anu tumuwuhna kawates sarta teu ngaranjah atawa métastasis (najan aya sababaraha tipeu tumor anu bisa jadi gangas). Kangker bisa narajang ka sakabéh umur, tapi ilaharna mah résiko katarajang téh beuki gedé luyu jeung nambahna umur.[1] Kiwari, 13% nu maot téh alatan kangker.[2]

Ampir sakabéh kangker téh alatan abnormalitas bahan genetik sél anu ngalaman transformasi. Abnormalitas ieu bisa jadi balukar ayana karsinogén, kayaning haseup bako, radiasi, bahan kimia, atawa kuman. Abnormalitas génétik lianna anu bisa ngabalukarkeun kangker bisa ogé alatan kasalahan nalika réplikasi DNA atawa turunan, antukna aya di sakabéh sél ti barang bray ka alam dunya.

Interaksi anu pajeulit antara karsinogén jeung génom inang bisa mangaruhan tumuwuh/henteuna kangker. Jihat séjén anu ayeuna keur haneut-haneutna ditalungtik nyaéta ngeunaan génétika patogenesis kangker, hususna métilasi DNA jeung mikroRNA.

Abnormalitas génétik nu aya dina kangker sacara husus mangaruhan dua kelas gén. Onkogén anu ngarojong-kangker mideng jadi aktif dina sél-sél kangker, antukna ieu sél mibanda pasipatan anyar, kayaning tumuwuh & baranahanana hiperaktif, ngalawan program paéh sél, ngaleungitkeun wates jaringan, sarta bisa hirup dina rupa-rupa kaayaan/lingkungan jaringan. Dina sél kangker, gén suprésor tumor mindeng jadi teu aktif, ngabalukarkeun leungitna fungsi sél anu normal, misalna baé réplikasi DNA jadi teu ciples (teu akurat), daur sél jadi teu kakontrol, oriéntasi & adhési dina jaringan jadi robah, sarta pegatna interaksi jeung sél-sél dina sistem imun.

Kangker biasana digolongkeung dumasar asal sél kangkerna sarta tipeu sél normalna (perenah jeung histologina). Ieu kasakit didiagnosis dumasar hasil uji histologis spésimén biopsi jaringan ku ahli patologi, sanajan totondén awal kagangasanana bisa ogé kapanggih dumasar gambar radiografi. Ieu kasakit lolobana bisa diubaran, gumantung kana tipeu, perenah, jeung hambalanana. Mun geus kapanggih, kangker biasana ditatambaan ku cara dibedah, kémoterapi, jeung radioterapi. Luyu jeung kamekaran panalungtikan, natambaan kangker téh beuki spésifik pikeun rupa-rupa kangker, antukna bisa ngurangan karuksakan sél-sél anu normalna.

Klasifikasi[édit | édit sumber]

Ngaran[édit | édit sumber]

Di handap ieu istilah-istilah anu dalit jeung kamekaran anu teu normal:

  • Néoplasm: istilah ilmiah anu nujul ka pameulahan/proliferasi abnormal sél anu robah génétikna.
  • Néoplasm gangas (malignant neoplasm): sarua jeung kangker.
  • Tumor: hartina lega, bisa bareuh naon waé. Tapi, sacara husus tumor biasana nujul ka néoplasm solid; sababaraha néoplasm, misalan waé kangker getih, henteu solid (padet, kaku).
  • Tumor jinak (benign tumor): tumor (néoplasm solid) anu tumuwuhna bisa ngawatesan manéh sarta teu ngaranjah jaringan séjén atawa ngamétastasis.
  • Pra-gangas (pre-malignancy): néoplasm non-invasif nu teu ngabentuk massa, tapi bisa jadi kangker mun henteu ditatambaan. Néoplasm pra-gangas bisa némbongkeun parobahan mikroskopis, misalna displasia atawa atipia.

Kangker diklasifikasi dumasar tipeu sél (asal jaringan) anu ngawangun tumorna. Contona, di antarana:

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Wikipédia édisi basa Inggris. Cancer. Dicutat 2007-09-12.
  1. Cancer Research UK (Jan 2007). "UK cancer incidence statistics by age". Diakses tanggal 2007-06-25.  Archived 2012-08-18 di Wayback Machine
  2. WHO (Péb 2006). "Cancer". World Health Organization. Diakses tanggal 2007-06-25.