Kangkung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kangkung
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Solanales
Family: Convolvulaceae
Genus: Ipomoea
Species: I. aquatica
Ngaran binomial
Ipomoea aquatica
Forssk.

Kangkung (Ipomoea aquatica Forsk.), ogé dipikawanoh minangka Ipomoea reptans Poir1. mangrupakeun tutuwuhan anu kaasup sayur-sayuran sarta dipelak dijadikeun kadaharan. Kangkung réa dijual di pasar-pasar. Kangkung loba tumuwuh di wewengkon Asia sarta mangrupakeun tutuwuhan anu bisa ditepungan di mana-mana utamana di tempat nu aya caian.

Kangkung ogé mangrupakeun kadaharan salah sahiji spésiés sato nyaéta Chersina, atawa kuya.

Gambaran[édit | sunting sumber]

Aya dua rupa kangkung. Kangkung miboga daun anu leueur sarta ngawangun mata panah sapanjang 5-6 inci. Tutuwuhan ieu ngabogaan tangkal anu ngareuy kalawan daun nu selang-seling sarta tangkal anu ajeg dina puhu daun. Tutuwuhan ieu boga warna héjo sepa sarta ngahasilkeun kembang nu warnana bodas, anu ngahasilkeun kantong anu ngandung opat siki binih. Aya ogé wanda daun rubak sarta daun heureut.

Budidaya[édit | sunting sumber]

Aya dua rupa cara melak nu ditarékahan: garing sarta baseuh. Dina dua cara ieu, maké bahan organik (kompos)anu rada loba jeung cai supaya kangkung bisa tumuwuh kalawan subur.

Dina cara melak garing, kangkung dipelak dina jarak 5 inci. Kangkung bisa dipelak tina siki binih atawa keureutan akar. Kangkung mindeng dipelak dina pabinihan saméméh dipindahkeun ka kebon. Daun kangkung bisa dipanén sanggeus 6 minggu dipelak.

Di pasar-pasar tradisional Indonésia, kangkung sayureun dijual beungkeutan.

Lamun cara melak baseuh anu dipaké, potongan sapanjang 12-inci dipelak dina leutak sarta diantepkeun baseuh. Sawaktu kangkung tumuwuh, wewengkon baseuh dikeueum ku cai saluhur 6 inci. Kocoran cai ieu saterusna dieureunkeun lamun taneuh kudu digemburkeun. Panén bisa dipigawé 30 poé sanggeus melak. Lamun pucuk pepelakan dipetik, cabang dina sisi daun baris tumuwuh deui sarta bisa dipanén saban 7-10 poé.

Sawaktu kembangan, pucuk kangkung tumuwuh kalawan laun, tapi pabajoan taneuh sarta panén condong ngahangkeutkeun leuwih réa daun anu dihasilkeun.

Pamangpaatan[édit | sunting sumber]

Ampir sakabéh pepelakan ngora bisa didahar. Alatan kangkung kolot boga serat (tapas) nu liat, pucuk anu ngora leuwih dipikaresep. Pucuk bisa didahar atah atawa diasakan kawas bayem. Kangkung mindeng ogé diloték.

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]