Karajaan dina jaman India buhun

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
"Péta karajaan-karajaan kuno di India"

Réa hal ngeunaan kaayaan pulitik sarta kaayaan géografi dina jaman karajaan kuno di India anu bisa diregepkeun dina kitab Mahabarata. Kitab Ramayana ogé bisa méré saeutik informasi. Saméméh ayana kitab Mahabarata, Rigveda ngawincik kaayaan pulitik sarta kaayaan alam dina mangsa India kuno. Sanggeus jaman Mahabarata lekasan, nyusul jaman Purana, nyaéta mangsa ditulisna kitab-kitab mitologi, anu ogé ngadadarkeun kaayaan pulitik sarta géografi dina kira-kira mangsa éta.

Iraha nangtungna karajaan-karajaan di India dina mangsa baheula henteu dipikanyaho kalawan écés sarta pasti, kalan-kalan disebut “jaman mitologi”. Jaman kaemasan India kuno nurutkeun data buhun rumentang salila milénium kahiji. Dina jaman prasejarah India, élmu pulitik dipercaya mecenghul babarengan jeung ditulisna Wéda anu kahiji, nyaéta Rigveda (kira-kira taun 1500 SM). Karajaan dina Ramayana mecenghul kira-kira taun 500 SM sarta dina Mahabarata kira-kira taun 400 SM. Karajaan kasebut lekasan mangsa mecenghulna Karajaan Maurya taun 321 SM.

Karajaan kuno di India[édit | sunting sumber]

Wates karajaan[édit | sunting sumber]

Wates antar karajaan arang mangrupa pager atawa témbok kalawan pos pangjagaan. Anu mindeng dipaké wates nyaéta wewengkon alam kawas: walungan, leuweung, gunung, sarta landeuh. Walungan mindeng dijadikeun wates pikeun dua karajaan anu padeukeut. Sakapeung, aya leuweung geledegan anu leuwih lega batan karajaan éta sorangan sarta dijadikeun hiji wewengkon wates. Pagunungan kawas Himalaya, Windya sarta Sahya ogé dijadikeun wates alam.

Dayeuh jeung désa[édit | sunting sumber]

Sawatara karajaan ngadegkeun puseur pamaréntahan di hiji dayeuh nu tangtu anu dina pamustunganana jadi hiji ibukota atawa minangka karajaan leutikna. Contona, karajaan para Pandawa nyaéta Indraprahasta sarta karajaan para Kurawa nyaéta Astinapura. Ahicatra nyaéta ibukota Pancala Kalér samentara Kampilya nyaéta ibukota Panchala Kidul. Karajaan Kosala ngabogaan ibukota Ayodya.

Dina hiji wewengkon di dayeuh utama atawa ibukota ditangtungkeun hiji kadaton minangka puseur pamaréntahan, samentara désa-désa ngampar di sabudeureunana. Pajeg dikumpulkeun ku pangumpul pajeg anu mangrupakeun jelema kapercayaan pikeun ngatur administrasi perduitan di désa nu tangtu. Sumbangan raja ka rahayatna anu geus mayar pajeg nyaéta nangtayungan maranéhanana tina anceman serangan karajaan séjén atawa serangan bangsa bajo. Raja ogé anu méré kaadilan sarta hukuman pikeun jelema anu ngarémpak aturan.

Hubungan antar karajaan[édit | sunting sumber]

Euweuh pos pangjagaan wates antar karajaan sarta pacéngkadan ngeunaan wates wewengkon arang lumangsung. Hiji raja biasana nyieun angkatan perang (biasana disebut Digvijaya anu hartina pinunjul ti sagala pamingpin) sarta nalukkeun karajaan séjén dina hiji perang, lumangsung kalawan gancang atawa bisa ogé mangpoé-poé. Raja anu éléh kudu ngaku kapinunjulan raja anu meunang. Raja anu éléh sakapeung méré upeti ka raja anu meunang. Upeti dikumpulkan ngan sakali, henteu sacara regulér. Biasana, Raja anu éléh bébas ngatur karajaanana sorangan, tanpa ngayakeun hubungan pamaréntahan jeung raja anu meunang. Euweuh karajaan anu ngagabung jeung karajaan séjén pikeun ngalebur jadi hiji. Sawatara raja biasana nyieun hiji upacara kanagaraan (contona Rajasuya atawa Aswaméda). Raja anu éléh diondang ku raja anu meunang sarta kudu daék datang minangka kasadiaan jadi balad.

Karajaan anyar[édit | sunting sumber]

Karajaan kakara kabentuk lamun aya maharaja ti hiji wangsa atawa dinasti ngabogaan turunan anu réa. Turunan wangsa Kuru sarta Ikswaku geus hasil ngadegkeun rupa-rupa karajaan di wewengkon India kalér. Samentara éta, turunan Wangsa Yadawa ngadegkeun réa karajaan di wewengkon India tengah.

Béda budaya di saban karajaan[édit | sunting sumber]

Karajaan di India bagian kulon didominasi ku suku bangsa anu kabudayaanana béda jeung kabudayaan Wéda, henteu kawas karajaan India séjénna. Karajaan kasebut meunang pangaruh kabudayaan wétan tangah. Kitu ogé karajaan di bagian kidul, kabudayaanana béda jeung kabudayaan karajaan para Kuru sarta Pancala, tapi bédana henteu jauh teuing. Jigana béda kasebut lumangsung alatan pangaruh budaya Dravida. Suku bangsa anu béda-béda digolongkeun ku Wéda ku istilah Mlechha. Karajaan di India Kalér, di handapeun pagunungan Himalaya, arang mecenghul dina sastra India kuno. Cina mecenghul salaku karajaan sarta dipikawanoh kalawan ngaran “Cin”, digolongkeun salaku karajaan “Mlechcha” (suku bangsa anu budayana béda jeung budaya India dina mangsa éta). Dina sastra India kuno, disebutkeun yén karajaan di India Kalér dipinuhan ku sagala rupa karajaan kalawan suku bangsa anu pinuh rusiah. Karajaan anu kawentar di antara maranéhanana nyaéta Kuru Kalér atawa Utara Kuru. Sawatara sastra nyebutkeun yén wewengkon kasebut mangrupakeun wewengkon para Déwa. Sakapeung karajaan kasebut mecenghul salayaknya jiga karajaan séjén, sakapeung disebut nagri tanpa raja. Sawatara ahli sajarah nganggap maranéhanana mangrupakeun karuhun bangsa Kuru di saantéro India, sarta dina mimitina aya di India Kalér (diidéntifikasikeun jeung Kirgistan jeung Tajikistan) saterusna nyebar ka daratan India, ngadegkeun karajaanana di wewengkon nagara bagian Haryana jeung Uttar Pradesh di India.

Panggolongan karajaan[édit | sunting sumber]

Karajaan utama wangsa Paurawa[édit | sunting sumber]

Wangsa Paurawa mangrupakeun turunan para raja anu ngahiji dina Dinasti Bulan atawa Wangsa Candra. Karuhun dinasti ieu téh Puru, anakna Yayati, buyut ti Pururawa Aila, raja kahiji Dinasti Bulan/Dinasti Candra.

Karajaan Kuru Karajaan Pancala Karajaan Watsa

Karajaan utama wangsa Ikswaku[édit | sunting sumber]

Wangsa Ikswaku atawa Wangsa Surya (Dinasti Surya) mangrupakeun turunan raja Ikswaku, anakna Manu.

Karajaan Kosala Karajaan Kasi Karajaan Widéha Karajaan Daksina Kosala Karajaan Mala

Karajaan Wangsa Yadawa[édit | sunting sumber]

Karajaan wangsa Yadawa atawa Dinasti Yadu diparéntah ku turunan Yadu, lanceukna Puru.

Karajaan Suraséna Karajaan Dwaraka Karajaan Anarta Karajaan Saurastra Karajaan Héhéya
Karajaan Nisada Karajaan Gurjara Karajaan Karusa Karajaan Cedi Karajaan Dasarna
Karajaan Kunti Karajaan Awanti Karajaan Malawa

Karajaan Matsya[édit | sunting sumber]

Karajaan Matsya

Karajaan di wewengkon kulon[édit | sunting sumber]

Karajaan Trigarta Karajaan Salwa Karajaan Madra Karajaan Sindu Karajaan Sauwira
Karajaan Siwi Karajaan Kékéya Karajaan Gandara Karajaan Youdéya Karajaan Pahlawa

Karajaan di wewengkon kulon kalér[édit | sunting sumber]

Karajaan Bahlika Karajaan Parama Kamboja Karajaan Utara Madra Karajaan Utara Kuru
Karajaan Yawana Karajaan Kasa Karajaan Saka

Karajaan di wewengkon kalér[édit | sunting sumber]

Karajaan Kasmira Karajaan Kamboja Karajaan Darada Karajaan Parada Karajaan Parasika
Karajaan Tusara Karajaan Huna Karajaan Hara Huna Karajaan Risika Karajaan Cina
Karajaan Parama Cina

Karajaan di wewengkon wétan[édit | sunting sumber]

Karajaan Magada Karajaan Kikata Karajaan Anga Karajaan Pragjyotisa Karajaan Sonita
Karajaan Lauhitya Karajaan Pundra Karajaan Suhma Karajaan Wanga Karajaan Odra
Karajaan Utkala

Karajaan di jajaran Windya Kidul[édit | sunting sumber]

Karajaan Widarba Karajaan Anupa Karajaan Surparaka Karajaan Nasikya
Karajaan Konkana Karajaan Asmaka Karajaan Danda Karajaan Kalinga

Karajaan di tungtung kidul[édit | sunting sumber]

Karajaan Telinga Karajaan Andra Karajaan Kiskenda Karajaan Gomanta Karajaan Karnata
Karajaan Dravida Karajaan Kanci Karajaan Cola Karajaan Pandya Karajaan Mahisa
Karajaan Tulu Karajaan Musika Karajaan Satyaputra Karajaan Kérala Karajaan Sinhala
Karajaan Aléngka

Karajaan di landeuh walungan Saraswati[édit | sunting sumber]

Karajaan Saraswata Karajaan Abira Karajaan Sudra Karajaan Nisada

Karajaan di wewengkon Himalaya[édit | sunting sumber]

Karajaan di wewengkon pagunungan Himalaya dina daptar di handapeun ieu mangrupakeun karajaan anu mencil sarta hésé didugdag ku jelema anu ngadumuk di karajaan beulah landeuh walungan-walungan suci. Nurutkeun sastra Hindu, padumuk di dinya arang gaul jeung dunya luar. Sagala rupa suku bangsa anu éksotik sarta mahluk légéndaris dumuk di dinya.

Karajaan Kimpurusa Karajaan Pisaca Karajaan Naga Karajaan Kinnara Karajaan Yaksa
Karajaan Gandarwa Karajaan Kirata Karajaan Himalaya Karajaan Parwata Karajaan Népa

Karajaan séjén[édit | sunting sumber]

Karajaan Jafna

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Rig Veda (tarjamahan dina basa Inggris ku R.Grifith sadia di Sacred-texts.com)
  • Studi Oceanografi di basisir basisir Gujarat ku Indian Archeological Survey, The Discovery of the sub-merged city, Dwaraka [1]
  • Indian Space Research Organization (ISRO), IRS-SATELLITE Imagery of the ancient cities, Ahichatra, Kapilavasthu, Sravasti, and Kausambi [2]

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa