Karna

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Karna
Dina perang Baratayuda, alatan supata anu nurug dirina, karéta Karna ngagebros sahingga manéhna balangah sarta katelasan pati ku Arjuna
Dina perang Baratayuda, alatan supata anu nurug dirina, karéta Karna ngagebros sahingga manéhna balangah sarta katelasan pati ku Arjuna
Éjahan Sansakerta: Karṇ(nn)a
Ngaran séjén: Karnan; Radea;

Aradea

Asal: Karajaan Kuru
Pakarang: Panah Konta

Karna (Sansakerta: कर्ण; Karṇa) nu boga ngaran landihan Radéa nyaéta salah sahiji inohong dina wiracarita Mahabarata anu kawentar. Manéhna sabenerna mah masih baraya saindung tilu Pandawa, nyaéta Yudistira, Bima sarta Arjuna (Dua Pandawa séjén nyaéta Nakula jeung Sadéwa mah lain baraya langsung Karna, tapi baraya misanana).

Harti ngaran[édit | édit sumber]

Dina basa Sansakerta, ngaran Karna sacara harfiah hartina ceuli. Dina harti anu tersirat, kecap "Karna" ogé boga harti "parigel" atawa "pinter". Karna ogé nyandang ngaran "Radea" waktu keur leutik. Ngaran éta dibikeun ku kolot pulungna, nyaéta Adirata jeung Rada. Ngaran "Radea" sacara harfiah hartina "anak Rada".

Loba nu nganggap cenah kecap "Karna" dipilih sabab manéhna dilahirkan ngaliwatan ceuli, tapi anggapan kasebut henteu salawasna bener sabab sawatara vérsi nyaritakeun yén Karna lahir normal, sarta kaparawanan indungna (Kunti) balik deui sanggeus ngalahirkeun manéhna. Sanggeus Kunti ngalahirkeun orok, éta jabangbayi téh henteu dibéré ngaran sarta dipalidkeun ka walungan Aswa. éta orok kapanggih sarta dipulung ku Adirata sabagé hadiah pikeun Rada. Saprak ti harita, orok anu dipulung ku Adirata dibéré ngaran Radéa.

Kalahiran[édit | édit sumber]

Karna téh mangrupa anak Kunti ti Déwa Surya. Dina Mahabarata dicaritakeun yén dina mangsa ngorana Kunti dibéré hiji kasaktian ku Resi Durwasa sanggup ngagero para Déwa sarta ménta kasinugrahan ti Déwa. Sanggeus nampa kasaktén kasebut, Kunti mecakan ngagero Déwa Surya. Déwa Surya ogé datang ka hareupeun Kunti sarta nanyakeun naon kahayangna. Dewi Kunti nyarita yén manéhna ngan mecakan kasaktén sarta ménta supayah Sang Déwa balik deui ka tempat anjeunna. Tapi Déwa Surya nampik pikeun indit ka kahyangan sabab jampé anu dibikeun ku Resi Durwasa ogé boga fungsi pikeun ménta anak ti déwa anu geus digeroan. Kunti anu henteu nyaho hal kasebut jadi kagét. Manéhna henteu hayang meunang jodo dina umur nu ngora. Ahirna Déwa Surya jangji yén jaga sanggeus Kunti ngalahirkeun anakna, kaparawananana baris balik deui.

Satuluyna Déwa Surya méré kasinugrahan mangrupa anak dina kandungan Kunti, sanggeus éta Sang Déwa balik ka asalna. Sawatara lila ti harita, lahir budak lalaki. Tanda-tanda yén jaga manéhna baris jadi satria hébat geus kasampak dina wangun warugana. Ti saprak lahir, Karna geus nampa kasinugrahan mangrupa sapasang pakéan perang, pepek jeung hiji kongkorong anu éndah ngagantung dina beuheungna. Alatan henteu hayang ibur, sanggeus Kunti ngalaan sakabéh pakéan perang anu dipaké ku orokna, Kunti ngasupkeun orok kasebut kana karinjang sarta malidkeun éta orok ka walungan Aswa. éta orok dipulung ku saurang kusir (kasta Suta) ti karaton Astinapura nu ngaranna Adirata. Saprak ti harita Karna jadi anak Adirata jeung Rada. Alatan diasuh di kulawarga anu boga kasta Suta, Karna ogé mindeng narima laku pilih kasih.

Kapribadian[édit | édit sumber]

Karna mibanda kamahéran dina élmu manah anu ampir saimbang jeung Arjuna. manéhna mahér perang, tapi bakatna katalikung dina status sosial anu handap. Hal éta ngajadikeun Karna hayang boga status pikeun jati dirina. Sanajan Karna diasuh ku kulawarga anu boga kasta handap, manéhna mibanda dangong salaku satria, sanajan arang anu ngaku hal ieu. Karna dalit jeung Duryodana, anu geus ngangkat manéhna jadi raja di Karajaan Anga, anu naékkeun statusna. Lantaran laku alus nu dipigawé ku Duryodana ka dirina, Karna jangji yén manéhna baris aya di pihak Duryodana.

Karna ngarasa Arjuna jadi saingan sarta hayang pisan nelasan Arjuna dina waktu Baratayuda. Saméméh Baratayuda, Kunti datang ka hareupeun Karna sarta nyarita yén manéhna téh indungna nu saéstu. Kunti ngajurung Karna sangkan ngabiluk ka Pandawa. Karna nyarita yén manéhna ngan ngaku Rada minangka indungna sarta tetep ngabiluk ka Kurawa. Karna ogé ngomong, yén manéhna ngan daék maéhan Arjuna, moal maéhan Pandawa anu séjén.

Guguru ka Parasurama[édit | édit sumber]

Alatan hayang jadi saurang satria, Karna guguru ka Parasurama. Parasurama nyaéta saurang Brahmana-Satriya anu geus boga loba pangalaman dina élmu peperangan, sarta geus kolot pisan, ti jaman Treta Yuga (jaman Ramayana) nepi ka jaman Dwapara Yuga (jaman Mahabarata). Parasurama pernah boga pangalaman anu goréng jeung kasta satria, sarta saprak ti harita manéhna sungkan pikeun ngajar para satria. Karna anu sabenerna saurang satria, nyamur jadi saurang brahmana sangkan meunang atikan ti Parasurama.

Dina hiji poé, waktu Parasurama hayang reureuh, Karna ngaladénanana ku cara ngantep sang guru saré dina pingpingna. Sabot Parasurama keur saré, nya datang hiji lancah ngégél suku Karna. Karna henteu hayang ngagareuwahkeun guruna, mangkana manéhna ngantepkeun lancah kasebut ngégél sukuna. Getih seger ngucur tina suku Karna, tapi manéhna henteu oyag kalinduan. Waktu Parasurama nyaring, manéhna kagét alatan nempo suku Karna réa ngaluarkeun getih. Manéhna saterusna nanya ka Karna naha manéhna henteu ngusir lancah kasebut sarta ngantep éta binatang ngégél sukuna. Karna némbalan, yén manéhna henteu hayang nyaringkeun gurun. Parasurama nyarita, "Kakuatan kawas éta ngan dipiboga ku kaum satria, lain saurang brahmana. Manéh geus bohong ka kuring kalawan nyamur salaku anak brahmana. Kuring ngutuk manéh ambéh jaga sagala élmu anu dibikeun ka manéh moal kapaké waktu keur pohara diperlukeun".

Sanggeus nampa supata kasebut, Karna hanjelu sarta ninggalkeun asrama guruna kalayan haté nu peurih. Sanggeus leumpang tanpa tujuan, Karna diuk di sisi basisir bari ngalamun mikiran jati dirina. Manéhna diuk di dinya pikeun sawatara lila, saterusna nangtung tuluy indit. Sabot manéhna balik ka tempat kasebut, manéhna nempo sahiji sato anu ngaliwat gancang pisan. Alatan manéhna ngarasa yén sato kasebut nyaéta kidang, manéhna nyabut panah sarta mentangkeun gondewa ka arah éta sato. Sabot manéhna ngadeukeutan nu dipanahna, manéhna kagét gening anu dipanahna téh lain kidang, tapi sapi boga saurang brahmana. Karna ménta hampura ka si nu boga sapi sabab manéhna geus lalawora, tapi brahmana éta henteu méré, malah mah sabalikna pohara ambekna. Brahmana kasebut nyarita, "Lamun manéh perang ngalawan satru manéh anu hébat, kikiping karéta manéh baris tikusruk kana taneuh sarta alatan manéh geus maéhan sapi kuring anu keur balangah, manéh ogé baris dipaéhan ku satru manéh mangsa balangah".

Sanggeus ngadéngé supata anu ditujukan ka manéhna, Karna leuleus. Tuluy manéhna balik manggihan Rada, indung kukut nu pohara dipikacintana. Di dinya manéhna nyaritakeun sagala kasedih anu tumiba ka dirina. Tungtungna Karna buleud tékad baris indit ngadu nasib di Astinapura, ibukota karajaan para turunan Kuru.

Diistrénan jadi Raja Anga[édit | édit sumber]

Di Astinapura diayakeun sayémbara jeung adu kakuatan pikeun némbongkeun yén para pangéran geus hasil meunangkeun atikan. Karna anu percaya diri datang kana panggung tempat adu tnding sarta nangtang Arjuna sabot Arjuna keur némbongkeun kapinteranana dina élmu manah. Para hadirin anu aya dina panggung héran nempo Karna anu wani nangtang Arjuna, satria bangsa Kuru. Waktu nempo Karna, Kunti jadi leuleus.

Arjuna nampa tangtangan Karna pikeun némbongkeun saha anu pangalusna. Sabot ieu dua satria sayaga, Krepa naék ka luhur panggung sarta nanyakeun jati diri Karna. Manéhna ogé nyarita yén Karna kaci tanding jeung Arjuna lamun manéhana sadarajat. Sanggeus ngadéngé kecap-kecap Krepa, Karna cicing sarta tungkul, éra, sabab manéhna ngan anak kusir. Duryodana anu simpati, nangtung sarta ngomong, "Guru, kawani lain milik para satria waé. Tapi lamun Arjuna ieu dijadikeun patokan yén saurang satria kudu tarung jeung satria, mangka kahayang anjeun baris katedunan. Kami baris ngistrénan padatang anyar ieu salaku Raja Karajaan Anga, sabab karajaan éta tacan ngabogaan raja".

Tungtungna dina waktu éta ogé, Karna diistrénan jadi Raja Angga. Para brahmana ngabacakeun weda sarta Duryodana méré makuta, pedang, sarta cai penobatan ka Karna. Karna terharu kalawan kemurahan haté Duryodana. Balesan anu dipiharep ku Duryodana ngan saukur jadi sobat nu lana. Saprak kabeungkeutna sosobatan antara Karna jeung Duryodana, Yudistira ngarasa hariwang sabab kakuatan misanana anu jahat (Kurawa) jadi beuki kuat alatan dibantuan ku Karna, satria anu saimbang jeung Arjuna.

Tampikan Drupadi[édit | édit sumber]

Mangsa Karna geus cukup dewasa, manéhna miluan hiji sayémbara di Karajaan Pancala. Sayembara kasebut nyayémbarakeun puteri Drupadi. Para Pandawa milu dina ieu sayembara, tapi maranéhanana nyamur kalayan pakéan kaum brahmana. Hiji lalaukan tina kai dipasang dina hiji cakra nu muter dina luhur pakalangan, di handapna aya balong anu mantulkan bayangan lauk kasebut. Para hadirin anu miluan sayémbara kudu manah mata éta lalaukan anu muter ngan ku cara nempo pantulanana di handapeun balong.

Réa satria anu gagal ngalakonanana, nepi ka Karna tampil ka hareup. Manéhna museurkeun pikir kana bayangan lalaukan kasebut sarta ngarahkan panahna ka luhur, tapi tetempoanana ka handap, nuju kana bayangan lalaukan anu mantul tina cai balong. Saterusna Karna nyabut sarta mentangkeun panahna nembus panon lalaukan kasebut. Luyu jeung aturan, Karna hasil meunang sayémbara kasebut sarta boga hak ngadahup jeung Drupadi. Tapi Drupadi nampik ieu hasil sayémbara alatan manéhna henteu daék ngadahup jeung Karna anu saurang anak kusir. Ngadéngé hal éta, Karna jadi nyeri haté sanajan nampa kaputusan kasebut.

Sawatara vérsi nyaritakeun yén Karna henteu sanggup pikeun meruhkeun tangtangan kasebut, ngan Arjuna anu sangggup ngalakonanana.

Peran Karna dina Baratayuda[édit | édit sumber]

Kresna nyaho yén Karna téh Pandawa nu cikal, ngan béda bapa. Sedengkeun kabéh ogé nyaho yén Karna hiji-hijina mahluk nu boga Panah Konta. Kresna kungsi hayang ngajadikeun Karna ngabiluk Pandawa dina Baratayuda nu bakal datang sarta manéhna ngarancanakeun hiji pasamoan rusiah antara Karna jeung indungna (Kunti). Karna ogé ngahelas sanggeus manéhna nempo indungna ceurik, tapi manéhna ménta indungna sangkan tetep teger alatan manéhna ngalakonan kawajiban béla nagara. Manéhna ogé méré nyaho indungna yén sajaba ngorbankeun diri demi nagara, manéhna ogé baris nyalametkeun para Pandawa lima ku cara moal ngagunakeun panah Konta pikeun maéhan Arjuna sarta waktu manéhna jurit jeung Arjuna manéhna mastikeun yén Arjuna moal bakal nyaho yén Karna téh lanceukna sorangan antukna moal asa-asa nelasan patina.

Dina perang Baratayuda, manéhna maéhan Gatotkaca sarta ampir maéhan Arjuna. Tapi Arjuna unggul dina jurit sarta Karna gugur. Kakara sanggeus Karna gugur, para Pandawa nyaho asal usul Karna sarta maranéhanana pohara sedih kingkin ku hal ieu.

Karna dina pawayangan Sunda jeung Jawa[édit | édit sumber]

thumb|240px|right|Adipati Karna dina vérsi pewayangan Jawa

Karna dina pawayangan Jawa boga sawatara hal nu béda jeung carita aslina ti kitab Mahabarata anu asalna ti India. Sawatara hal kasebut ngawengku ngaran inohong, patempatan, sarta kajadian. Tapi inti caritana sarua.

Kalahiran[édit | édit sumber]

Kunti kungsi mecakan hiji ajian dina mangsa keur leutik pikeun ngagero Déwa. Kabeneran anu digeroanana nyaéta Déwa Surya anu ngabalukarkeun Kunti jadi ngandeg.


Puteranya baris kaluar ti ceuli pikeun ngajaga keperawanan Kunti, mangka dingarananana Karna. Ngaran-ngaran Karna séjénna nyambung jeung statusna minangka putera Déwa Panonpoé, nyaéta Arkasuta, Suryatmaja sarta séjén sajabana.

Ku indungna, Karna dihanyutkan di walungan nepi ka manéhna kapanggih ku Adirata (saurang kusir Hastinapura) sarta diangkat anak, Ku Adirata, Karna saterusna dibéré ngaran Aradéa. Ngaran éta dipaké Karna nepi ka dewasa, nepi ka manéhna nyaho identitas diri anu saéstuna.

Sanajan Karna masih baraya seibu kalawan Yudistira, Werkodara (Bima), sarta Arjuna, tapi para Karna tetep berperang pikeun Kurawa dina Bharatayuddha.

Kamahéran[édit | édit sumber]

Karna pohara mahér ngagunakeun pakarang panah. Kesaktianana saimbang jeung Arjuna. Manéhna miboga panah nu bisa diandelkeun nu ngaranna Kontawijayadanu. Hiji mangsa, sabot lumangsung adu tanding antara Kurawa jeung Pandawa nu murid-murid Drona, Karna hasil nandingan kesaktén Arjuna. Tapi alatan Karna lain raja atawa anak raja mangka manéhna diusir ti pakalangan. Alatan nyaho kesakténna, mangka Duryodana, pupuhu para Kurawa ngangkat Karna jadi Raja Anga. Saprak ti harita Karna sumpah satia ka Duryodana.

Pakarang nu diandelkeunna nyaéta panah Konta paméré Batara Narada mangsa éta batara nyangka Karna téh Arjuna lantaran ampir sarupa. Panah kasebut nyaéta pakarang anu pang ampuhna, malah ngaleuwihan kaampuh Cakra milik Prabu Kresna sarta panah Pasupati boga Arjuna, tapi ngan beunang sakali paké. Sarangka panah kasebut direbut ku Arjuna ti Karna keur mangsa ngora sanggeus Narada sadar yén manéhna kaliru sarta méré nyaho Arjuna yén pakarang éta direbut ku Karna. Sarung Konta kasebut satuluyna dipaké pikeun megatkeun ari-ari orok Tutuka landihan Gatotkaca.

Kesaktian[édit | édit sumber]

Karna dilahirkan maké kurabu-kurabu sarta baju kebal paméré bapana (Batara Surya). Kunti, indungna, mikawanoh dirina waktu adu tanding murid-murid Dorna alatan nempo kurabu-kurabu kasebut. Salila maké ieu dua barang, Karna moal ajal ku pakarang naon ogé. Hal ieu dipikanyaho ku Batara Indra anu pohara mikanyaah Arjuna. Ku alatan éta manéhna ménta barang kasebut kalayan nyamur jadi baramaén. Batara Surya miheulaan manéhna pinkeun nepungan Karna leuwih tiheula sarta ngingetkeun Karna nu bakal kadatangan Batara Indra. Tapi Karna nganggap perlaya dina perang tanding leuwih dipihormat batan panjang umur. Batara Surya satuluyna ngusulkeun Karna pikeun ménta pakarang ampuh minangka gaganti dua barang kasebut. Hal ieu disanggupan ku Karna. Sabot baramaén éta datang, Karna langsung mikawanohna sarta méré hormat sarta baramaén kasebut robah jadi Batara Indra. Minangka gagantina, Batara Indra mikeun pakarang Konta ka Karna.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa