Katuk

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Rau ngót.JPG

Katuk téh tutuwuhan perdu, daunna bisa disayur, tumuwuh di dataran nu péndék sarta di pagunungan (tempat anu caian sarta iuh), jangkungna ngahontal 2-3 m, tumuwuh lempeng ka luhur régang dipinuhan daun anu tumuwuh selang-seling dina watangna.[1] Katuk nyaéta salah sahiji, sayuran daun anu pangpopulérna ti India ka Malaysia. Ieu merlukeun perhatian sarta budidaya di Australia, alatan mangrupa salah sahiji anu pang produktifna. Dina panalungtikan di Malaysia, ngahasilkeun katuk pér hektarna, ngaleuwihan kabéh sayuran séjénna.[1] Utamana populér minangka potherb gourmet di Indonésia, katuk dipelak di kalolobaan Asia Tenggara.[2] Kandungan dina daunna nyaéta 7% protéin sarta pohara gedé dina beta-karoten, vitamin C, kalsium, at beusi sarta magnésium.[2]

Pikeun Ubar[édit | sunting sumber]

Héjo kolot warna daunna ngandung klorofil anu mangrupa méré mangpaat pikeun sirkulasi, flora peujit, sarta pikeun defekasi nu teratur.[1] Saban pepelakan jeung kandungan gizi anu luhur, kawas daunna nu amis, anu mantuan pikeun détoksifikasi awak, nyaéta bisa oge dipake diét.[1] Sarta ngandung kalium, mineral anu ngabogaan loba mangpaat pikeun kaséhatan.

Kuliner[édit | sunting sumber]

Di Asia Wétan, katuk biasana jadi pepelakan nu aya di buruan imah-imah, bisa dijieun kadaharan kalayan anu pohara gedé gunana bisa jadi bahan olahan sandwich di sababaraha wewengkon nu ditambahan jeung bahan kadaharan nu séjénna.[1] Jalma-jalma anu néangan protein tapi nu sumberna lain tina daging sarta ngabogaan kandungan nu beunghar vitamin, mineral, sarta serat baris manggihan yén ayana dina katuk, nu kandungan gizina ogé luhur sarta ngeunah didahar.[1] Balukarna tina ngonsumsi katuk sacara teratur karasa ku awak jelema baris leuwih hampang karasana kana awak tibatan ngonsumi daging.[1]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g (en) [1]
  2. a b (id) [2]
Nulis.jpg