Katuncar
| Ketumbar | |
|---|---|
| Ketumbar | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Magnoliopsida |
| Order: | Apiales |
| Family: | Apiaceae |
| Genus: | Coriandrum |
| Species: | C. sativum |
| Ngaran binomial | |
| Coriandrum sativum L. |
|
Katuncar nya éta ngaran tutuwuhan anu biasa hirup dina rungkun.[1] Watangna kaian tur miboga akar tunggang.[1] Daunna daun majemuk, warnana héjo semu bodas.[1] Kembangna siga payung, makutana diwangun tina 5 daun makuta, warnana bodas atawa beureum ngora.[1] Buahna pasagi atawa buleud, warnana héjo saupama geus kolot jadi warna konéng semu coklat.[1] Sikina buleud warnana coklat, ukuranana laleutik siga siki pedes, tapi kulitna teu teuas.[1] [2] Siki katuncar ngandung saponin, flavonoida jeung tanin.[1]
Katuncar asalna ti daratan tropis nya éta Mediteranian jeung Asia tuluy sumebar ka Éropah.[2] Siki katuncar nu seungit bisa nambahan rasa asakan tapi teu seukeut teuing dina létah.[2] Katuncar biasana dipaké pikeun sambara goréngan, contona goréng hayam, empal, gepuk daging sapi, tahu, témpé, lauk sarta sajabana.[2] Ieu samara téh kacida kakoncarana dina asakan Asia séjénna kawas Thailand jeung Vietnam, sarta India.[2] Katuncar geus kakoncara ti rébuan taun sameméh masehi di Mesir.[2] Di Éropa, katuncar dipikawanoh ti jaman Romawi sarta Yunani.[2] Dina asakan Éropah modern, biasana katuncar dipaké pikeun sambara steak atawa beuleum daging.[2] Sajaba minangka sambara, katuncar ogé dimangpaatkeun minangka ramuan tradisional.[2] Kandungan dina siki katuncar bisa ngubaran gangguan cerna, panas dalam, asup angin, sariawan, radang lambung, seueul sarta haid nu henteu teratur.[2] Katuncar ogé bisa nambahan napsu dahar, ngalancarkeun ASI, nyingkahan darah tinggi, ogé nungkulan masalah disfungsi seksual lalaki.[2]