Kedok

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Topéng Cirebon

Kedok atawa topéng nyaéta tutup beungeut, biasana dijieun tina kai anu diukir. Ngarupakeun beungeut hiji tokoh boh tokoh wayang atawa nu séjénna nu dipaké ku juru tari atawa pamaén dina waktu pintonan Ibing Topéng. Panari atawa pamaén maké kedok ku cara ngégél kulit anu dipaku dina kai ditukangeun baham éta kedok. Kai éta nu dipaké pikeun nyieun kedok ngahaja dipilih anu hampang tur seratna lemes. biasana nu dipaké téh kai jaran atawa kai waru. Dina dadasarna kedok biasana dihias ku ornamén-ornamén.[1] Upamana dina topéng Cirebon, ornamén nu mindeng katémbong téh nyaéta motip kembang layang dina taar dina kedok tokoh panji atawa Samba, motip beulah kupat minangka hiasan taar atawa buuk dina topéng nu watekna gagah. Ornamén téh sajaba ti dékorasi, ogé méré tekenan éksprési watekna.[1] Sanggeusna diukit, tuluy dicét luyu jeung watek tokoh anu pakait. Warna anu digunakeun ogé ngalambangkeun watek jeung pasipatanana deui, upamana warna bodas ngalambangkeun kasucia, kapolosan, digunakeun pikeun ngecét topéng Panji. [1]Pulas beureum ngalambangkeun napsu angkara, amarah, kasarakahan, dipaké pikeun ngecét kedok Klana, jsté.[1]

Warna-warna pikeun kedok-kedok utama geus dibakukeun sacara tradisional.[1] Aya opat rupa watek kedok dina topéng Cirebon, nyaéta (1) Liyepan atawa Leyepan nu watekna lemes, daréhdéh, saperti Panji jeung Pamindo; (2) Lanyapan atau ladak nu watekna lemes tapi gumbira, gerakanna lincah, saperti Samba atawa Rumyang; (3) Ponggawa, watekna gagah saperti Patih jeung Tumenggung; (4) Danawa, sipatna kasar, sarakah, angkara, saperti Klana atau Ruwana (Rahwana).[1] Upama ditilik tina wangun panonna kabagi kana opat rupa: (1) Liyepan, wangun matana sipit kawas nu tunduh, méh nutup, kawas siki paré; (2) Lanyapan, wangun matana kabuka tapi ngan saeutik kawas siki bonténg; (3) Kedelin, wangun panon kabuka kawas kacang kadelé, buleud; jeung(4) Pentelengan, wangun panon buleud badag, bolotot. Pikeun kedok-kedok wayang nu digunakeun dina pagelaran wayang topéng, wangunna niru wangun wayang.[1] Hususon kedok bodor jeung Semar, wangunna ngan sapotong, nepi ka pamaénna bisa cacarita (dina topéng séjénna mah henteu sabab kudu ngégél tali pameungkeut kedok). Pangrajin topéng nu kawentar di antarana Royani jeung Sadriya.[1]

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h Ajip Rosidi, dkk., 2000, Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (termasuk Budaya Betawi dan Cirebon kaca 501. Jakarta: Pustaka Jaya.


Nulis.jpg