Kelenci

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kelenci
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Superphylum: Chordata
Phylum: Vertebrata
Class: Mammalia
Order: Lagomorpha
Family: Leporidae
sebagian
Genera

Kelenci nya éta sato mamalia anu awakna leutik, tur bisa hirup di loba tempat di sakuliah dunya. [1] Kelenci biasana hirup dina rungkun, sampalan, rawa atawa leuweung. [2] Ciri has sato ieu nya éta mamalia anu ceulina panjang, buntutna pondok, sarta boga huntu séri anu gedé tur rada panjang. Sawatara rupa kelenci anu aya di dunya nya éta Kelenci Éropah atawa European rabbit (Oryctolagus cuniculus), Kelenci Cottontail (genus Sylvilagus; 13 species), Kelenci Amami (Pentalagus furnessi, aya di Wewengkon Amami Ōshima Jepang).[1]

Sajarah[édit | sunting sumber]

Aya bukti anu némbongkeun yén kelenci Fenisia diékspor ka Spanyol dina taun 1100 SM. [3] Dina abad ka 12, conies, atawa kelinci jaman ayeuna, dibawa ka Inggris ku Normandia. Kecap kelenci atawa kelinci dina basa Indonesia, asalna nya éta sesebutan pikeun anak kelenci.[3] Di Afrika sawatara abad katukang geus dimimitian ngamangpaatkeun kelenci pikeun dijadikeun ingon-ingon. [4] Saterusna mekar ka wewengkon Mediterania kira-kira 1.000 taun katukang. [4] Tina hasil peternakan di Mediterania éta kelenci saterusna mimiti sumebar ka Éropah, tuluy dibawa ku bangsa Éropah ka sawatara wewengkon di dunya, kaasup ka Benua Amérika, Ustrali sarta Asia.[4]
Di Indonésia hususna di Pulo Jawa, kelenci dibawa ku urang Walanda minangka ingon-ingon kira-kira taun 1835. [4] Saterusna dina taun 1980-an Pamarentah ngayakeun program budidaya kelenci pikeun dikonsumsi, sangkan bisa ngaronjatkeun giji masarakat.[4]

Klasifikasi[édit | sunting sumber]

Kelenci kira-kira asalna tina 25 spesies anu béda, tujuh genera anu béda, dina kulawarga Leporidae. [3] Kelenci téh mamalia herbivora leutik anu lumpatna gancang, otot suku tukangna gedé, ceulina panjang, sarta huntu séri anu badag. [3] Suku tukangna anu kuat fungsina pikeun lumpat, luncat, sarta pikeun ngali liang. [3] Bulu kelenci rupa-rupa, aya anu bodas, hideung, kulawu, atawa coklat, tapi lolobana mah anu buluna warna bodas. Ukuran panjang kelenci ogé rupa-rupa, aya nu 30 nepi ka 60 cm. [3] Di leuweung, kelinci ngan bisa hirup nepi ka umur sataun sedengkeun kelenci anu dipiara di imah bisa hirup nepi ka umur 8-12 taun. [3] Ras kelinci miboga ukuran, warna jeung panjang bulu, sarta mangpaat anu béda-béda. [4] Aya 72 rupa kelenci anu sumebar di sakuliah dunya, tapi aya sawatara ras anu dikembangkeun sacara komersial di nagara-nagara Éropah, Amerika, jeung Indonesia, nya éta:

1. Angora[4]

Angora mimiti kapanggih sarta di bawa ku pelaut Inggris, saterusna di bawa ka Perancis dina taun 1723. Taun [[1777]Angora sumebar di Jerman. Taun 1920 sumebar ka nagara-nagara Éropa beulah Wétan, Jepang, Kanada, sarta Amérika Sarikat. Nepi ka kiwari Perancis jadi puseur budidaya kelinci angora panggedéna anu ngahasilkeun benang wol. Angora nu geus gedé beuratna nepi ka 2.7 kg, boh jalu boh bikang. Buluna gancang manjangan, kira-kira 2.5 cm unggal bulanna.
2. Lyon[4]

Lyon teh sabangsa Anggora Inggris ngan ceulina pondok sarta beungeutna pinuh ku bulu-bulu siga singa.

3. American Chincilla [4]

Kelenci jenis ieu aya tilu rupa, nya éta standar (beurat kelenci nu geus gedé 2.5-3 kg), besar (beurat kelenci nu geus gede 4.5-5 kg), giant (beurat kelenci nu geus gedé 6-7 kg. Kelenci ieu dimanfaatkeun pikeun produksi bulu jeung daging. Kelinci raksasa alias Giant Chinchilla mangrupa hasil kawinan tina Standard Chinchilla jeung Flemish Giant.

4. Dutch[4]
Ras dutch (Belanda) kakoncara di sakuliah dunya minangka ingon-ingon. Beurat kelenci nu geus gedé boh bikang boh jalu aya kana 1.5-2,5 kg. Bikangna sakali anakan bisa nepi ka 7-8 kelenci. Warna buluna has.

5. English Spot[4]
Kelenci jenis ieu buluna warna bodas aya totol-totolan warna hideung. Ti tonggong nepi ka ceuli aya bulu anu ngabentuk garis warnana hideung. Beuteungna totol-totol hideung siga [hulu susu]]. Panonna dikurilingan ku bulu hideung siga anu make kacamata, kitu oge irungna dikuliling ku bulu hideung ngabentuk siga kukupu.

6. Himalayan[4]
Cenah ieu kelenci teh asalna ti Cina sabab di Cina loba kapanggih kelenci jenis ieu. Bulu sukuna warna hideung, mimiti katempo nalika umurna 3-4 minggu, mimitina koneas beuki dieu bakal beuki hideung. Saupama dikawinkeun jeung New Zealand White, anak-anakna bakal siga kelenci Himalayan tapi nalika dikawinkeun jeung nu séjén turunanana moal aya nu siga Himalayan.

Mangpaat[édit | sunting sumber]

Salian ti dijadikeun ingon-ingon, kelenci ogé miboga mangpaat pikeun kahirupan di masarakat, nya éta:
1. Mangpaat dagingna, pikeun ubar mengi, pikeun sumber protéin hewani anu ngandung saeutik kolesterol, jeung bisa ngarangsang dijieunna antibodi.[5]
2. Mangpaat buluna, pikeun bahan jékét, mantel, karémbong, lokét jeung bonéka.[5]
3. Mangpaat taina, pikeun dijadieun gemuk jeung bahan baku nyieun biogas.[5]
4. Mangpaat cikiihna, pikeun gemuk kembang angkrék jeung dijadikeun péstisida. [5] [6]
5. Mangpaat suku jeung buntutna, pikeun dijadikeun souvenir.[5]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b Kelinci (id) (Diakses ping 08 Oktober 2011)
  2. habitat kelinci(Diaksés ping 09 Oktober 2011)
  3. a b c d e f g Rabbit Pictures & Fact(Diakses ping 09 Oktober 2011)
  4. a b c d e f g h i j k l Kelinci Lucu(Diakses ping 09 Oktober 2011)
  5. a b c d e Manfaat Kelinci (id) (Diakses ping 10 Oktober 2011)
  6. Manfaat Kelinci (id) (Diakses ping 10 Oktober 2011)