Kimia analitik

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Kimia analitis ngulik analisis sampel/conto bahan pikeun mikanyaho wangunan jeung struktur kimiawina.

Tipe[édit | sunting sumber]

Kimia analitis bisa dibagi jadi dua tipe utama:

  1. Analisis kualitatif pikeun nangtukeun aya/henteuna unsur atawa sanyawa kimia nu ditéang.
  2. Analisis kuantitatif pikeun nangtukeun kadar unsur atawa sanyawa kimia nu ditéang.

Kimia analitis lolobana kuantitatif, nu bisa dibagi deui kana widang ulikan nu béda. Bahanna bisa dianalisis pikeun nangtukeun kadar unsur atawa kadar unsur dina spésiés kimia tinangtu. Nu panungtung ngarupakeun interés husus na sistem biologis; molekul-molekul mahluk hirup ngandung karbon, hidrogén, oksigén, nitrogén, jeung sajabana dina struktur-struktur nu kompléks/pajeulit.

Téhnik[édit | sunting sumber]

Aya rupa-rupa téhnik nu bisa dipaké pikeun misahkeun, ngadeteksi, jeung ngukur sanyawaan kimiawi.

  • Pamisahan zat kimia pikeun ngukur beurat atawa volum produk ahir. Ieu ngarupakeun prosés nu geus heubeul nu kudu pisan taliti.
  • Analisis zat migunakeun alat spéktroskopi. Ngukur serapan sinar ku hiji larutan atawa gas, nu saterusna bisa diitung eusi sababaraha spésiés, nu kadang teu merlukeun pamisahan. Métode nu leuwih anyar kayaning spéktroskopi serapan atom (atomic absorbance spectroscopy, AAS), résonansi magnetik inti (nuclear magnetic resonance, NMR), jeung analisis aktivasi neutron (neutron activation analysis, NAA).
  • Loba téhnik nu ngagabungkeun dua atawa leuwih métode analitis. Contona kayaning ICP-MS (Inductively-Coupled Plasma - Mass Spectrometry), dimana dina tahap kahiji sampel divolatilisasi, sedengkeun pangukuran kadarna ditangtukeun dina tahap kadua. Tahap kahiji bisa ogé ngalibetkeun téhnik pamisahan kayaning kromatografi, sedengkeun nu kadua parabot pikeun ngukur atawa deteksi.
  • Téhnik-téhnik nu ngawengku volatilisasi nu tujuanana pikeun ngahasilkeun atom-atom bébas unsur-unsur nu nyusun sampelna, nu salajengna bisa diukur dina kadar dumasar darajat serapan atawa émisina dina frékuénsi spéktrum nu husus. Rugina métode ieu, sampelna béak diancurkeun, kaasup naon baé nu aya dikandungna. Nu kaasup téhnik ieu di antarana spéktroskopi serapan atom (Ing. atomic absorption spectroscopy) jeung ICP-MS/ICP-AES. Téhnik-téhnik ieu bisa tetep dipaké pikeun ngulik spésiasi, nyaéta saméméh volatilisasi.

Métode[édit | sunting sumber]

Métode analitis gumantung kana katalitian, kabersihan, préparasi sampel, akurasi, sarta présisi.

Biasana praktisi nu neundeun parabot gelasna dina asam sangkan nyegah kontaminasi, sampelna diuji sababaraha kali, sedengkeun parabotna dikumbah ku pangleyur murni nu husus.

Métode standar pikeun analisis kadar ngaewngku dijieunna kurva kalibrasi.

Mun kadar unsur atawa sanyawa na sampelna luhur teuing ti rentang detéksi téhnikna, sampelna bisa diéncérkeun kitu baé maké pangleyur murni. Mun kadarna handapeun rentang ukuran alat, métode adisi bisa dipaké. Na métode ieu, kana sampel ditambahkeun sanyawa/unsur nu diulik nu kadarna geus dipikanyaho, lajeng béda antara kadar nu ditambahkeun jeung kadar nu kaukur ngarupakeun jumlah sabenerna dina sampel.

Rujukan[édit | sunting sumber]


Kimia

Kimia analitis | Kimia organik | Kimia anorganik | Kimia fisik | Kimia polimér | Biokimia | Élmu bahan | Kimia lingkungan | Farmasi | Térmokimia | Éléktrokimia | Kimia inti | Kimia komputasi
Tabel periodik | Daptar sanyawa