Kolek
Kolek nya éta salah sahiji kadaharan has Indonésia. [1] Kolek ogé kakoncara minangka kadaharan pikeun tajil dina bulan puasa. [2] Kolek dijieun tina gula beureum/gula kawung jeung cipati, tur ditambahan daun pandan ngarah seungit.[3] Biasana bukurna téh cau, hui, jeung cangkaléng,[3] bisa ogé nangka, sampeu, atawa waluh. [2] Unggal jalma pasti bisa nyieun kolek, sabab nyieunna gampang pisan. [3]
Bahan-bahan kolek cau nya éta:[3]
- 300 gr cau kepok[3]
- 150 gr gula beureum/kawung[3]
- 2 lbr daun pandan[3]
- 150 ml cipati kentel[3]
- 1/2 sdt uyah[3]
- 500 ml cai[3]
Cara nyieunna:[3]
Pesék cau tuluy keureutan nyérong atawa gumantung karesep. [3] Siksrik gula ngarah gancang leyur.[3] Taheurkeun cai, gula, daun pandan jeung uyah, tuluy asupkeun cau jeung cipati, taheurkeun nepi ka ngagolak bari dikocek-kocek.[3] Bisa disadiakeun haneut-haneut atawa ditiiskeun heula tur ditambahaan és batu.[3]
Unggal porsi kolek cau atawa kira-kira 280 gram kolek cau ngandung 266,3 kalori.[4] Energi anu anu dihasilkeunana baris nyumponan kira-kira 13% tina pangabutuh kalori poéan dumasar diit 2.000 [[[kalori]].[4] Salian ti ngandung kalori, unggal porsi kolek cau ogé ngandung 62,6 gram karbohidrat.[4] Tina jumlah éta, unggal porsi kolek cau ngandung 4 gram serat atawa nyumponan kira-kira 16% serat poéan urang.[4] Salian ti ngandung kalori, karbohidrat, jeung serat kolek cau ogé ngandung vitamin, mineral jeung fitosterol anu alus pikeun awak urang.[4]