Kopi anjing
| Kopi anjing | |
|---|---|
| Kopi anjing | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Order: | Sapindales |
| Family: | Fabaceae (Leguminosae) |
| Genus: | Cynometra |
| Species: | C. cauliflora |
| Ngaran binomial | |
| Cynometra cauliflora |
|
Kopi anjing atawa namnam (Lat. Cynometra cauliflora) nyaéta tutuwuhan pituin Asia Tenggara, utamana Indonésia nu kaasup kulawarga kakacangan. Tangkal kopi anjing mah leutik (3-15 m), tapi dahanna ngarangkadak, kembangna leutik (diaméter 1,2 cm).
Daptar eusi |
Daun [édit]
Daun kopi anjing boga dua anak daun, nu mun teu ditelek-telek mah kawas dua daun. lambaran daunna téh teu simétris, ukuranana 5-15 cm (panjang) jeung 2,5-7,5 cm (lébar), kelirna héjo bagedod.
Buah [édit]
Buah kopi anjing bentukna kawas ginjal, panjang 5-10 cm, lébar 5 cm. Cangkang buahna teu beulah, tapi aya urat beubeulahanana. Kulitna kasar jeung rada kerejut, kelirna héjo pias semu coklat. Daging buahna baseuh kelir konéng, aya bauan, rasana haseum, sikina gedé.
Baranahan [édit]
Tutuwuhan ieu sumebar tina sikina, najan bisa ogé dicangkok.
Sebutan séjén [édit]
Di sababaraha wewengkon, kopi anjing disebut ogé heunceut anjing atawa pukih. Dina basa séjén, ieu tangkal katelah namnam (Jawa, Madura), kuwanjo (Bali), anjing-anjing (Malayu), puci anggi (Bima), puti anjeng (Makassar), arepa (Bugis), aloma (Seram), lamuta (Ambon), kfamute (Buru), namet (Halmahera Kidul), jeung namo-namo (Ternaté).
Sumber rujukan [édit]
- Namnam. Disalin 29 Agustus 2007.
- Sentra Informasi Iptek. Kopi Anjing (Namnam). Disalin 29 Agustus 2007.