Kota Bogor

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Pikeun kabupatén nu ngaranna sarua, tingali Kabupatén Bogor.

Bogor (resmina: Kota Bogor, baheula: Buitenzorg) nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Kulon di Indonésia. Kota ieu dilingkung ku kabupatén anu ngaranna sarua, Kabupatén Bogor. Kota Bogor lokasina kira-kira 60 kilométer kiduleun ibu kota Indonésia, Jakarta. Bogor kawanoh salaku kota anu penting dina kagiatan ékonomi, élmu pangaweruh, budaya, jeung pariwisata.

Dina jaman patengahan, Bogor mangrupa ibu kota Karajaan Sunda kalawan ngaran Pakuan. Dina jaman panjajahan Walanda, Bogor kawanoh salaku Buitenzorg nu mangrupa padumukan pelesiran Gubernur Jéndral Hindia Walanda. Bogor mangrupa puseur administratif Hindia Walanda nalika dikawasaan ku Britania Raya dina awal abad ka-19.

Legana 118,5 km²[1], jeung jumlah pangeusina 950.334 jiwa (2010)[2]. Bogor kasohor ku landihan minangka kota hujan, sabab curah hujan di Bogor mémang kacida gedéna. Kota Bogor kawengku ku 6 kacamatan, nu dibagi deui jadi 31 kalurahan jeung 37 désa.

Poé jadi Kabupatén Bogor jeung Kota Bogor dirayakeun unggal 3 Juni, sabab kaping 3 Juni 1482 mangrupakeun poé pangistrénan Prabu Siliwangi minangka Raja Karajaan Sunda Pajajaran.

Étimologi[édit | sunting sumber]

Dina taun 1746, dumasar piwarang Gubernur Jéndral Gustaaf Willem van Imhoff, Istana Bogor, hiji pamukiman Walanda, jeung 9 pamukiman pribumi digabung kana hiji wewengkon administratif nu ngaranna Buitenzorg (basa Walanda pikeun "di luareun kapadulian" maksudna "tanpa hawatos").[3][4] Kira-kira dina waktos nu sarua, aya cutatan ngaran Bogor salaku ngaran wewengkon ieu anu disebutkeun dina laporan pamaréntahan ti 7 April 1752.[5] Saterasna, ngaran éta dipaké salaku ngaran lian ti Buitenzorg.[3] Kecap "bogor" dipercaya asalna ti kecap basa Jawa bogor anu hartina kawung (Arenga pinnata). [5] Dina basa Sunda, kecap bogor hartina tangkal kawung nu enggeus teu leungeunan jeung carulukan deui.[6] Kamungkinan lian asalna ngaran "Bogor" nyaéta kasalahan pangéjahan "Buitenzorg" ku masarakat lokal.[5]

Sajarah[édit | sunting sumber]

Peta wewengkon Karajaan Sunda nu ibu kotana aya di Pakuan Pajajaran

Jaman pra-kolonial[édit | sunting sumber]

Peta Walanda anu némbongkeun lokasi Pakuan Pajajaran jeung Bogor (Buitenzorg).

Cutatan anu pangawalna ngeunaan kaayaan Bogor aya ti abad ka-5 Maséhi dina jaman Karajaan Tarumanagara, anu mangrupa salah sahiji nagara awal di wewengkon Indonésia modéren.[7][8][9] Sanggeus sababaraha kali éléh ku tatanggana Karajaan Sriwijaya, Tarumanagara robah jadi Karajaan Sunda, sarta teras dina taun 669, ibu kota Sunda diwangun di antara Walungan Ciliwung jeung Cisadane. Ngaran ibu kotana nyaéta Pakuan Pajajaran, anu dina basa Sunda Kuna hartina téh "tempat di antara dua [walungan] sajajar", anu ahirna jadi awal ti Bogor ayeuna.[10][11]

Prasasti nu umurna 1600 taun ti jaman Karajaan Tarumanagara.

Dina sababaraha abad salajengna, Pakuan Pajajaran jadi salah sahiji ti kota anu panggedéna di Indonésai jaman patengahan, kalawan jumlah pangeusi nepi ka 48.000 jiwa.[11] Ngaran "Pajajaran" teras dipaké pikeun ngaran karajaan, sarta ibu kotana maké ngaran "Pakuan".[11][12][13][14][15] Carita ti jaman éta dicutat dina basa Sangsakerta nu dipaké dina kagiatan kanagaraan jeung kaagamaan, ditulis migunakeun aksara Palawa, dina batu prasasti.[8][16] Prasasti anu dipanggih di Bogor jeung sakurilingna boga wangun jeung gaya panulisan anu béda jeung prasasti ti Indonésia lianna.[8]

Dina abad ka-9 nepi ka abad-15, ibu kota Pajajaran dipindahkeun ti Pakuan ka kota-kota lian di Pajajaran, tapi ahirna dibalikkeun deui ka Pakuan ku Prabu Siliwangi (Sri Baduga Maharaja) dina 3 Juni 1482 – dinten pangistrénan anjeuna. Saprak 1973, kaping éta digunakeun salaku poé jadi resmi Kota jeung Kabupatén Bogor.[17][18][19]

Dina taun 1579, Pakuan méh ancur sarta dikawasaan ku pasukan Kasultanan Banten,[20][21] nutup carita ayana Nagara Sunda. Pakuan teras dikosongkeun jeung heunteu dieusian pikeun sababaraha dékade salajengna.[11][17]

Jaman kolonial[édit | sunting sumber]

VOC[édit | sunting sumber]

Dina saparo kadua abad ka-17, wewengkon Pakuan jeung raloba wewengkon di Jawa Kulon, anu resmina aya dina Kasultanan Banten, saeutik-saeutik dipindahkeun ka kakawasaan Sarikat Dagang Hindia Wétan Walanda (Basa Walanda: 'Vereenigde Oostindische Compagnie', VOC). Pamindahan kakawasaan ieu sacara resmi ditandaan ku hiji pasataujuan dina 17 April 1684 antawis Putra Makuta Kasultanan Banten jeung VOC.[22]

Pamukiman kolonial anu kahiji di Pakuan nyaéta kémahna Létnan Tanuwijaya, urang Sunda anu pagawé VOC anu dikintun taun 1687 pikeun ngawangun wewengkon Pakuan.[13][22][23] Kémah éta diruksak ku ngabeledugna Gunung Salak dina 4–5 Januari 1699. Tapi, leuweung anu kadurukna nyababkeun raloba wewengkon kabuka anu bisa dipaké pikeun rancangan diwangunna sawah jeung kebon kopi.[13] Sababaraha pamukiman tatanén teras diwangun di Pakuan, anu panggedéna ngaranna Kampung Baru.[8] Dina taun 1701, pamukiman-pamukiman éta digabung jadi hiji wewengkon administratif. Tanuwijaya dipilih salaku kuwuna, ku kituna anjeunna dianggep salaku panaratas Kabupatén Bogor kiwari.[22][23]

Istana Bogor dina taun 1907 nalika masih mangrupa padumukan Gubernur Jéndral Hindia Walanda.

Wewengkon administratif éta saterasna dimekarkeun dina hiji misi ti Walanda taun 1703 nu dipingpin ku Abraham van Riebeeck (Inspéktur Jéndral VOC, putrana Jan van Riebeeck nu ngawangun Cape Town; jagana anjeunna janten Gubernur Hindia Walanda).[13][22] Ékspedisi van Riebeeck nalungtik kana paninggalan sajarah ti Pakuan, manggih sarta ngidéntifikasi loba artefak arkéologi, saperti prasasti. Diwangun ogé sababaraha wangunan pikeun pagawé VOC.[23] Wewengkon ieu jadi perhatosan Walanda ku posisi géografisna sarta kaayaan iklimna, anu leuwih raoseun ti Batavia nu keur éta mangrupa puseur administratif Hindia Walanda.[23]

Dina taun 1746, dumasar piwarang Gubernur Jéndral Gustaaf Willem van Imhoff, Istana Bogor, hiji pamukiman Walanda, jeung 9 pamukiman pribumi digabung kana hiji wewengkon administratif nu ngaranna Buitenzorg (basa Walanda pikeun "di luareun kapadulian" maksudna "tanpa hawatos"). [3][4] Buitenzorg tumuwuh gancangna dina ahir abad ka-18 nepi ka awal abad ka-19.[23] Tumuwuhna Bogor sabagian ogé disababkeun ku pangawasaa saheulaan Hindia Walanda ku Britania Raya dina taun 1811–1815. Britania ngeusian Jawa jeung Kapuloan Sunda lianna sangkan ngaheulaan pangawasan ku Perancis nu jagana ngawasaan Walanda. Pupuhu administrasi nu Britania, Stamford Raffles, mindahkeun pusuer administrasi ti Batavia ka Buitenzorg sarta ngalaksanakeun téhnik pamaréntahan nu leuwih éfisién.[23][24]

Kakawasan Karajaan Walanda[édit | sunting sumber]

Pamandangan Gunung Salak ditempo ti Kebon Raya Buitenzorg taun 1920-an.

Sanggeus Buitenzorg dibalikkeun deui ka Walanda, Karajaan Walanda enggeus nyekel kadali Hindia Walanda ti VOC. Istana Buitenzorg dipulihkeun deui salaku padumukan pelesiran Gubernur Jéndral. Hiji kebon raya diwangun di deukeutna istana dina taun 1817, nu mangrupa kebon raya anu panggedéna sadunya dina abad ka-19.[23][3][25][26]

Dina 10 Oktober 1834, Buitenzorg diruksak ku ngabituna Gunung Salak anu disababkeun ku hiji lini.[23][27] Ku lantaran tingkat aktivitas séismologi wewengkon Buitenzorg, istana jeung wangunan administrasi nu diwangun dina taun 1840–1850 diwangun leuwih pondok tapi leuwih kiat tibatan anu diwangun saméméh ngabituna Gunung Salak..[23] Kawijakan Gubernur taun 1845 nerangkeun pamukiman urang Éropa, Cina, jeung Arab di Buitenzorg nu kapisah.[23]

Dina taun 1904, Buitenzorg sacara resmi jadi puseur administratif Hindia Walanda. Tapi, kagiatan pamaréntahan utamina tetep aya di Batavia, nu miboga kalobaanana kantor administrasi jeung kantor utama gubernur.[8][3] Status ieu dihupus ku parobahan dina taun 1924, anu ngabagi Hindia Walanda ka sababaraha propinsi, di mana Buitenzorg minangka puseurna Propinsi Jawa Kulon.[8]

1942–1950[édit | sunting sumber]

Pesawat Walanda ngapung di luhureun Buitenzorg dina awal Perang Dunya II.
R. A. A. Muharram Wiranatakusuma, présidén Nagara Pasundan jeung sekertaris anjeunna di Bogor, 1948

Nalika Perang Dunya II, Hindia Walanda dikawasaan ku Jepang, mimiti 6 Maret 1942 nepi ka Agustus 1945.[28] Salaku bagian ti usaha Jepang pikeun pamikiran nasionalisme (anti-Walanda) dina masarakat kota, Buitenzorg diganti ngaranna ka nu basa Indonésiana, Bogor.[26]

Dina 17 Agustus 1945, proklamasi kamerdikaan Indonésia dilaksanakeun, mawa Bogor jeung wewengkon Hindia Walanda lianna kaluar ti kakawasaan Jepang jeung Walanda. Dina Pébruari 1948, Bogor diasupkeun ka Nagara Jawa Kulon, anu diganti ngaranna dina April 1948 ka Nagara Pasundan. Nagara Pasundan dijieun ku Walanda dina usahana ngarobah urut jajahanna di Hindia Walanda ka féderasi depénden.[29][30] Dina Désémber 1949, Pasundan ngagabung ka Républik Indonésia Sarikat (RIS) nu dijieun ti Konferénsi Méja Bundeur 23 Agustus – 2 Nopémber 1949.[30][31] Dina Pébruari 1950, akibat ti éléhna Pasundan dina konflik militér jeung Républik Indonésia, Bogor jadi bagian ti Indonésia, anu disahkeun dina Agustus 1950,[30][31] sarta ngaranna sacara resmi disebut Bogor.[17][32]

Salaku bagian ti Indonésia[édit | sunting sumber]

Salaku bagian ti Indonésia merdika, Bogor miboga lakon penting dina pamekaran budaya, élmu, jeung ékonomi nagara jeung Jawa Kulon – utamina dirojong ku infrastruktur ti jaman panjajahan. Hal ieu dirojong ku dirobahna istana gubernur jéndral ka salah sahiji istana kaprésidénan Indonésia.[13][33]/> Dina taun 1990-an nepi ka 2000-an, Kota Bogor sababaraha kali dipaké salaku tempat dilaksanakeunana acara internasional, saperti patepungan mentri-mentri ti hiji organisasi Asia-Pasifik[34] sarta patepungan APEC dina 15 Nopémber 1994.[35]

Géografi[édit | sunting sumber]

{{{box_caption}}}
{{{box_caption}}}
Walungan Ciliwung (kénca) jeung Walungan Cisadané (katuhu) nu ngaliwatan Bogor.

Kota Bogor aya di beulah kulon Pulo Jawa, kira-kira 53 km kiduleun ibu kota Indonésia, Jakarta, jeung 85 km kalér-kuloneun ibu kota Propinsi Jawa Kulon, Bandung.[36] Bogor aya di basin struktural di deukeut Gunung Salak, nu puncakna kira-kira 12 km ka kidul, sarta Gunung Gede kalawan puncakna 22–25 km kidul-wétaneun kota.[37] Tingkat kaluhuran rata-rata nyaéta 265 méter, pangluhurna 330 m, panghandapna 190 méter, luhureun beungeut laut.[36] Lega wewengkon kalawan kamiringan taneuhna nyaéta: 17,64 km² aya dina kamiringan 0–2°, 80,9 km² 2°-15°, 11 km² 15°-25°, 7,65 km² 25° 40°, sarta 1,20 km² leuwih ti 40°.[38] Bagian kalér rélatif rata samentawis di beulah kidul mangrupa papasiran.[39]

Kaayaan taneuh di Kota Bogor umumna mangrupa batuan sédimén vulkanik.[39] Kalawan sababaraha gunung seuneu aktif di deukeutna, wewengkon Kota Bogor miboga kamungkinan luhur ditarajang ku lini.[37] Lega rohang kabuka héjo nyaéta 205.000 m², 87.000 m²-na nyaéta Kebon Raya Bogor, 19.400 m² kasebar di 35 taman, 17.200 m² di 24 balukar jeung leuweung leutik, sarta 81.400 m² mangrupa tegalan.[40]

Sababaraha walungan ngaliwatan Kota Bogor. Anu panggedéna nyaéta Walungan Ciliwung jeung Cisadane. Walungan anu leuwih leutik di antarana Cipakancilan, Cidepit, Ciparigi, jeung Cibalok, diwatesan ku beton di sababaraha tempat.[37] Aya ogé sababaraha talaga upamana Talaga Burung jeung Talaga Gedé, kalawan lega sababaraha héktar. Walungan jeung talaga ngawengku 2,89% ti luas kota.[41]

Kota Bogor wawatesan jeung Kacamatan Kemang sarta Kacamatan Dramaga di kulon, Kacamatan Cijeruk sarta Kacamatan Caringin di kidul, Kacamatan Sukaraja sarta Kacamatan Ciawi di wétan, jeung Kacamatan Sukaraja, Kacamatan Bojong Gedé, sarta Kecamatan Kemang di kalér, sadayana mangrupa bagian ti Kabupatén Bogor.

Iklim[édit | sunting sumber]

Hujan di hiji jalan di Bogor. Poto ieu dicandak nalika halodo.

Iklim di Kota Bogor mangrupa iklim katulistiwa. Iklimna ogé rélatif leuwih baseuh ti wewengkon lian di Jawa Kulon. Tingkat beueus rélatif aya dina 72-96% kalawan curah hujan rarata taunan nyaéta 496,54 mm. Jumlah curah hujan per taun aya anu leuwih ti 4500 mm/taun di sababaraha tempat saperti sabagian wewengkon di Sindangbarang jeung Loji, Bogor Barat.[42] Raloba hujan lumangsung di bulan Désémber nepi ka Pébruari. Ku kaayaan cuaca ieu, Bogor sok dilandi "Kota Hujan".[43] Rarata suhu maksimum nyaéta 31,7°C samentawis rarata suhu minimum nyaéta 22,9°C.[42]

Data iklim pikeun Kota Bogor
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Rarata pangluhurna °C (°F) 30.9
(87.6)
30.3
(86.5)
31.8
(89.2)
32.6
(90.7)
32.4
(90.3)
30.3
(86.5)
31.7
(89.1)
32.5
(90.5)
32.5
(90.5)
33.1
(91.6)
32
(90)
30.7
(87.3)
31,73
(89,12)
Rarata panghandapna °C (°F) 22.5
(72.5)
22.9
(73.2)
23
(73)
23.2
(73.8)
23.1
(73.6)
22.9
(73.2)
22.2
(72)
21.4
(70.5)
22.3
(72.1)
22.4
(72.3)
26.1
(79)
23.1
(73.6)
22,93
(73,27)
Curah hujan mm (inches) 433.3
(17.059)
806.4
(31.748)
754.9
(29.72)
758.2
(29.85)
365
(14.37)
363.1
(14.295)
280.9
(11.059)
529
(20.83)
521.3
(20.524)
560.6
(22.071)
309
(12.17)
276.8
(10.898)
5.958,5
(234,587)
Kalembaban 86.5 90 85.5 86 87.5 90 84.5 76 82 79 87.5 84.5 84,92
Rarata poé présipitasi (≥ mm) 28 14 28 11 18 14 14 26 28 23 22 22 248
Sumber: Kota Bogor dalam Angka 2010[1], 2011[42]. Data dicandak di Kebon Raya Bogor

Démografi[édit | sunting sumber]

Dumasar sénsus pangeusi Indonésia taun 2010, Kota Bogor dieusian ku 950.334 jiwa.[44] Rarata kapadetan populasi nyaéta 54.799 jiwa per km²; anu pangluhurna aya di Semplak dina 24.666 jiwa per km² samentawis anu panghandapna aya di Kertamaya dina 1.589 jiwa per km².[45]

Taun 1956 1961 1971 1981 2000 2010
Pangeusi 124.000 [46] 154.000 [21] 195.142[47] 246.946[48] 750.819[49] 950.334 [44]
Budak sakola nalika Upacara Kamerdikaan Indonésia taun 2013 di Lapangan Sempur, Kota Bogor.

Dumasar angka taun 2011, jumlah kalahiran nyaéta 102 per 10.000 urang, samentawis jumlah maot nyaéta 41 per 10.000 urang. Tina data nu sarua, 13.869 urang datang sarta 18.588 urang pindah kaluar kota.[45] 51,013% pangeusi mangrupa lalaki sarta 48,987% awéwéw.[44] 28,13% pangeusi yuswana di handapeun 15 taun, 68,65% yuswana 15–65 taun, samentawis 3,22% di luhureun 65 taun.[45] Perkiraan taun 2005 pikeun angka harepan hirup nyaéta 71,8 taun, anu mangrupa angka pangluhurna sa-Jawa Kulon.[50]

Kalobaanana pangeusi (87%) nyaéta urang Sunda. Séké-sélér lianna di antarana urang Jawa, Cina, Arab, jeung étnis campuran.[51][52] Umumna masarakat tiasa nyarios dina basa Indonésia – basa resmi nagara. Basa Sunda ogé dipaké dina kahirupan sapopoé, diajarkeun di sakola-sakola, sarta tiasa ogé dipaké dina acara-acara saperti dina biantara walikota nalika Poé Jadi Kota Bogor taun 2010 .[52] Dialék basa Sunda anu dipaké ku urang Bogor sacara umum béda jeung basa Sunda klasik.[53][54]

Agama[édit | sunting sumber]

Kalobaanana pangeusi (92,78%) ngagem Islam.[45] Sababaraha garéja ogé aya di Kota Bogor,[55][56][57] kitu ogé komunitas Budda, Kong Hu Cu, jeung Hindu.

Pangeusi Kota Bogor Dumasar Agama (Sénsus 2010)[45]
Agama Pangagem Perséntase (%)
Islam 881.721 92,78%
Kristen 36.506 3,84%
Katolik 18.721 1,97%
Budda 7.506 0,79%
Hindu 1.250 0,13%
Kong Hu Cu 596 0,06%
Lianna 75 0,01%
Heunteu kajawab 1.978 0,21%
Heunteu ditarosan 1.981 0,21%

Pamaréntahan[édit | sunting sumber]

Lambang Kota Bogor

Kota Bogor dilingkung ku Kabupatén Bogor nanging mangrupa unit pamaréntahan anu kapisah mangrupa kota.[17][58] Kota Bogor miboga 6 kacamatan kalawan 68 kalurahan.[59]

Kacamatan di Bogor.[60][59]
Ngaran Lega (km²)[61] Populasi[45] Jumlah kalurahan
Bogor Selatan 30,81 184.336 16
Bogor Timur 10,15 96.617 6
Bogor Utara 17,72 173.732 8
Bogor Tengah 8,13 102.145 11
Bogor Barat 32,85 214.826 16
Tanah Sareal 18,84 195.742 11

Kota Bogor dipingpin ku saurang walikota anu dipilih unggal 5 taun, sareng wakilna. Baheulana, walikota dipilih ku pamaréntah propinsi.[58] Bima Arya janten Walikota Bogor kapilih dina pamilihan walikota panganyarna dina 14 Séptémber 2013.[62] Anjeunna ngawitan kalungguhan kaping 7 April 2014.[63] Kakawasaan législatif aya dina Déwan Perwakilan Rahayat Daérah (DPRD) anu miboga 45 korsi pikeun anggota déwan anu dipilih unggal 5 taun. 9 partéy pulitik dina 5 fraksi aya dina komposisi DPRD hasil pamilihan umum taun 2009.[64][65]

Lambang Kota Bogor mangrupa taméng bantara kalawan dasar anu seukeut jeung rasio panjang-rubak 5:4. Beulah jerona dibagi kana 4 bagian lambang. Di kénca luhur aya Manuk Dadali warna konéng emas anu mangrupa lambang nagara, di katuhu luhur aya Istana Bogor warna pérak, di kénca handap aya Gunung Salak kalawan 4 puncakna, sarta di katuhu handap aya kujang nu mangrupa perlambang Kota Bogor salaku pusaka ti Karajaan Pajajaran. Sadaya bagian lambang éta aya di handapeun tulisan "KOTA BOGOR".[66]

Tempat-tempat Wisata[édit | sunting sumber]

Kota kembar[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu Luar[édit | sunting sumber]

  • Majalah Bunga Rampai Jawa Barat, Edisi 1991
  1. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama bappeda9
  2. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama bps
  3. a b c d e "Buitenzorg". Encyclopædia Britannica Online. 25 Oktober 1911. 
  4. a b "Sejarah wilayah Bogor". Diakses pada 17 Juni 2014. 
  5. a b c "Pembukaan. 1. Asal dan Arti Nama Bogor" (dalam bahasa Basa Indonésia). Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  6. Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa SUnda, Bandung: Kiblat. ISBN 979-3631-91-0.
  7. Yoseph Iskandar (1997). Sejarah Jawa Barat: Yuganing Rajakawasa (in Basa Indonésia), Geger Sunten.
  8. a b c d e f "History of Bogor City". Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  9. Pandji R. Hadinoto. "Jakarta : Lima Belas Abad Menghadang Banjir" (dalam bahasa Basa Indonésia). Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  10. "Pakuan ibukota Kerajaan Sunda" (dalam bahasa Basa Indonésia). Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  11. a b c d "Bogor Tunas Pajajaran" (dalam bahasa Basa Indonésia). Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  12. "Sundanese people" (dalam bahasa Russian). Etnolog.ru. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  13. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama cikalbogor2
  14. "Юго-Восточной Азии цивилизация (Civilization of South-East Asia)" (dalam bahasa Russian). Kolier Encyclopedia. Diakses pada 18 Juni 2014. 
  15. Vladmir Bulat. "Political map of Eurasia, 700 AD". Diakses pada 18 Juni 2014. 
  16. "Bogor" (dalam bahasa Russian). Great Soviet Encyclopedia. Diakses pada 17 Juni 2014. 
  17. a b c d "Sejarah pemerintahan di kota Bogor" (dalam bahasa Basa Indonésia). Pemerintah Kota Bogor. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  18. "Sejarah kota Bogor" (dalam bahasa Basa Indonésia). Diakses pada 21 Juni 2014. 
  19. Kota Bogor - Pamaréntah Propinsi Jawa Kulon. Diaksés 6 Agustus 2013.
  20. (1958) Всемирная история (World History) (in Russian), Мысль.
  21. a b (1969—1978) Great Soviet Encyclopedia.
  22. a b c d "Peraturan Daerah Kota Depok nomor 01 tahun 1999" (dalam bahasa Basa Indonésia) (PDF). Walikota Depok. 25 Oktober 1999. Diakses pada 21 Juni 2014. 
  23. a b c d e f g h i j "Cerita perjalanan" (dalam bahasa Basa Indonésia). Diakses pada 21 Juni 2014. 
  24. "RAFFLES, Thomas Stamford. The History of Java". Diakses pada 16 Juni 2014. 
  25. Sharon E. Kingsland (2005) The evolution of American ecology, 1890–2000 ISBN 0-8018-8171-4, p. 30
  26. a b V. M. Kotlyakov, ed (2006). "Богор" (dalam bahasa Russian). Yekaterinburg: Dictionary of modern geographical names. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  27. "Bogor Palace to hold open house for city anniversary celebration". Jakarta Post. Éror: titimangsa teu valid. Diakses pada 21 Juni 2014. 
  28. Edwin Solahuddin (28 Pébruari 2009). "Japanese Invaded Java". VIVA news. Diakses pada 16 Juni 2014. 
  29. "Basa Indonésia States 1946–1950". Ben Cahoon. Diakses pada 16 Juni 2014. 
  30. a b c (1979) Vsemirnaya Istoriya, 356–359, Mysl'.
  31. a b К. Pimanov. "Indonesia" (dalam bahasa Basa Rusia). Encycloopedia Krugosvet. Diakses pada 16 Juni 2014. 
  32. "Undang-Undang no. 16 tahun 1950 tentang pembentukan daerah-daerah kota besar dalam lingkungan propinsi Djawa Timur, Djawa Tengah, Djawa Barat dan dalam daerah istimewa Jogjakarta (Undang-Undang no. 16 taun 1950 ngeunaan dijieunna daérah-daérah kota gedé dina lingkungan propinsi Jawa Wétan, Jawa Tengah, Jawa Kulon, jeung dina daérah istiméwa Jogjakarta)" (dalam bahasa Basa Indonésia). Diakses pada 16 Juni 2014. 
  33. "Istana Bogor" (dalam bahasa Basa Indonésia). Diakses pada 16 Juni 2014. 
  34. Ayu Sarasvati (29 Oktober 2007). "Report on Climate Change Ministerial in Bogor to Prepare for Bali". TWN. Diakses pada 16 Juni 2014. 
  35. "APEC Economic Leaders' Declaration of Common Resolve". Diakses pada 16 Juni 2014. 
  36. a b "Letak geografis kota Bogor" (dalam bahasa Basa Indonésia). Pemerintah Kota Bogor. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  37. a b c "Potensi Kota" (dalam bahasa Basa Indonésia). Pemerintah Kota Bogor. Éror: titimangsa teu valid. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  38. "Topografi" (dalam bahasa Basa Indonésia). Pemerintah Kota Bogor. Éror: titimangsa teu valid. Diakses pada 25 Juni 2014. 
  39. a b "Geologi" (dalam bahasa Basa Indonésia). Pemerintah Kota Bogor. Éror: titimangsa teu valid. Diakses pada 25 Juni 2014. 
  40. "Taman Kota" (dalam bahasa Basa Indonésia). Pemerintah Kota Bogor. Éror: titimangsa teu valid. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  41. "Penggunaan Lahan" (dalam bahasa Basa Indonésia). Pemerintah Kota Bogor. Éror: titimangsa teu valid. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  42. a b c kota bogor dalam angka 2011-03.pdf - Badan Perencanaan Pembangunan Kota Bogor. Diaksés 30 Juli 2013.
  43. "Direktori & Informasi Lingkungan Bogor" (dalam bahasa Basa Indonésia). Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  44. a b c "Sensus Penduduk 2010 - Penduduk Menurut Wilayah, Daerah Perkotaan/Perdesaan, dan Jenis Kelamin |</nowiki Provinsi Jawa Barat |publisher= Badan Pusat Statistik |accessdate=10 Agustus 2013 |language= Basa Indonésia }}</span> </li> <li id="cite_note-Sensus3-45"><span class="mw-cite-backlink">↑ [[#cite_ref-Sensus3_45-0|<sup>a</sup>]] [[#cite_ref-Sensus3_45-1|<sup>b</sup>]] [[#cite_ref-Sensus3_45-2|<sup>c</sup>]] [[#cite_ref-Sensus3_45-3|<sup>d</sup>]] [[#cite_ref-Sensus3_45-4|<sup>e</sup>]] [[#cite_ref-Sensus3_45-5|<sup>f</sup>]]</span> <span class="reference-text">[http://bappeda.kotabogor.go.id/phocadownload/BDA-2011/kota%20bogor%20dalam%20angka%202011-05.pdf kota bogor dalam angka 2011-05.pdf] - Badan Perencanaan Pembangunan Daerah Kota Bogor. Diaksés 30 Juli 2013.</span> </li> <li id="cite_note-Malaya_Soviet_entsiklopediya-46"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-Malaya_Soviet_entsiklopediya_46-0|↑]]</span> <span class="reference-text">{{cite book|title = [[Small Soviet Encyclopedia]] |place = Moscow|year = 1958 |volume = 1 |page = 1084}}</span> </li> <li id="cite_note-Sensus_1971-47"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-Sensus_1971_47-0|↑]]</span> <span class="reference-text">Biro Pusat Statistik. 1974. ''Sensus Penduduk 1971 Penduduk Jawa Barat Seri: E No. 10''. Jakarta: Biro Pusat Statistik.</span> </li> <li id="cite_note-Sensus_1980-48"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-Sensus_1980_48-0|↑]]</span> <span class="reference-text">Biro Pusat Statistik. ''Penduduk Jawa Barat Seri: S nomor 12''. Jakarta: Biro Pusat Statistik (BPS).</span> </li> <li id="cite_note-Sensus_2000-49"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-Sensus_2000_49-0|↑]]</span> <span class="reference-text">Badan Pusat Statistik. ''Penduduk Jawa Barat Hasil Sensus Penduduk Tahun 2000 Seri: L2.2.11''. Jakarta: Badan Pusat Statistik. ISBN: 979-598-969-3.</span> </li> <li id="cite_note-AHH-50"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-AHH_50-0|↑]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://www.depkes.go.id/downloads/profil/cirebon%202006.pdf |title= Profil Kesehatan 2006 |accessdate=4 Juli 2010 |language= Basa Indonésia}}</span> </li> <li id="cite_note-CPNS-51"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-CPNS_51-0|↑]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://lowongan.t35.com/info_cpns_bogor.htm |title= Info CPNS Bogor 2010 |accessdate=11 Agustus 2010}}</span> </li> <li id="cite_note-HUT528-52"><span class="mw-cite-backlink">↑ [[#cite_ref-HUT528_52-0|<sup>a</sup>]] [[#cite_ref-HUT528_52-1|<sup>b</sup>]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://metro.vivanews.com/news/read/155222-hut_bogor_528__3_000_orang_padati_balaikota |title= Warga Padati Balaikota Rayakan HUT Bogor |author= Eko Priliawito|publisher= Metro |date= 3 Juni 2010 |accessdate=8 Juni 2010 |language= Basa Indonésia}}</span> </li> <li id="cite_note-dialect-53"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-dialect_53-0|↑]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://pusatbahasa.depdiknas.go.id/lamanv4/indeks_penelitian?q=detail_penelitian/444 |title= Struktur Bahasa Sunda Dialek Bogor |author= Alam Sutawijaya|publisher= Pusat bahasa (Kamentrian Pangatikan jeung Kabudayaan Indonésia) |accessdate=8 Juni 2010 |language= Basa Indonésia}}</span> </li> <li id="cite_note-dialect2-54"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-dialect2_54-0|↑]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://forum.detik.com/showthread.php?t=10560&page=288 |title= Bahasa Sunda Bogor lebih keras |publisher= Forum Detik |accessdate=8 Juni 2010 |language= Basa Indonésia}}</span> </li> <li id="cite_note-kristen-55"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-kristen_55-0|↑]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://keuskupanbogor.org/ |title= Portal Keuskupan Bogor |publisher= Keuskupan Bogor |accessdate=28 Méi 2010 |language= Basa Indonésia}}</span> </li> <li id="cite_note-kristen2-56"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-kristen2_56-0|↑]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://www.gkp-bogor.or.id/ |title= Gereja Kristen Pasundan Bogor |publisher= GKP Bogor |accessdate=28 Méi 2010 |language= Basa Indonésia}}</span> </li> <li id="cite_note-kristen3-57"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-kristen3_57-0|↑]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://www.gpib.org/jemaat/sola-gratia-bogor |title= Direktori jemaat |publisher= Gereja Protestan di Indonesia bagian Barat |accessdate=28 Méi 2010 |language= Basa Indonésia}}</span> </li> <li id="cite_note-UU32-2004-58"><span class="mw-cite-backlink">↑ [[#cite_ref-UU32-2004_58-0|<sup>a</sup>]] [[#cite_ref-UU32-2004_58-1|<sup>b</sup>]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://www.docstoc.com/docs/22396962/UU-Nomor-32-Tahun-2004 |title= Undang-Undang Republik Indonesia Nomor 32 Tahun 2004 Tentang Pemerinahan Daerah (Indonesian Law No.32 2004 on Local Administration)|accessdate=21 Pébruari 2010 |language= Basa Indonésia}}</span> </li> <li id="cite_note-o767-59"><span class="mw-cite-backlink">↑ [[#cite_ref-o767_59-0|<sup>a</sup>]] [[#cite_ref-o767_59-1|<sup>b</sup>]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://www.kotabogor.go.id/index.php?option=com_content&task=view&id=3310&Itemid=767 |title= Struktur organisasi pemerintahan daerah kota Bogor |publisher= Pemerintah Kota Bogor |date= 26 Pébruari 2007 |accessdate=21 Méi 2010 |language= Basa Indonésia |description= Ramatloka Resmi Kota Bogor}}</span> </li> <li id="cite_note-Sensus-60"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-Sensus_60-0|↑]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url= http://www.kotabogor.go.id/index.php?option=com_content&task=view&id=6193 |title= Hasil Olah Cepat Sensus Penduduk 2010, Warga Kota Bogor 949 Ribu Jiwa |publisher= Pemerintah Kota Bogor |date= 16 Agustus 2010|accessdate=7 Sétémber 2010 |language= Basa Indonésia |description= Ramatloka Resmi Kota Bogor}}</span> </li> <li id="cite_note-Luas-61"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-Luas_61-0|↑]]</span> <span class="reference-text">[http://bappeda.kotabogor.go.id/phocadownload/BDA-2011/kota%20bogor%20dalam%20angka%202011-02.pdf kota bogor dalam angka 2011-02.pdf] Badan Perencanaan Pembangunan Pembangunan Daerah Kota Bogor. Diaksés 30 Juli 2013.</span> </li> <li id="cite_note-62"><span class="mw-cite-backlink">[[#cite_ref-62|↑]]</span> <span class="reference-text">{{cite web|url=http://www.tempo.co/read/news/2013/09/20/083515259/KPU-Tetapkan-Bima-Arya-sebagai-Wali-Kota-Bogor |title=KPU Tetapkan Bima Arya sebagai Wali Kota Bogor <nowiki>| -metro- | Tempo.co". Éror: titimangsa teu valid. 
  45. "Pagi ini, Bima Arya Dilantik sebagai Wali Kota Bogor - Wartakota". 7 April 2014. 
  46. "Profil Dewan Perwakilan Rakyat Daerah Kota Bogor 2009" (dalam bahasa Basa Indonésia). Pemerintah Kota Bogor. 25 Oktober 2009. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  47. "Fraksi" (dalam bahasa Basa Indonésia). Pemerintah Kota Bogor. 25 Oktober 2009. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  48. "Lambang Kota Bogor" (dalam bahasa Basa Indonésia). Pemerintah Kota Bogor. 25 Oktober 2009. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  49. BOGOR - SHENZEN - Pamaréntah Kota Bogor, diaksés 8 April 2013 (UTC)
  50. St.Louis-Bogor Sister Cities Organization, diaksés 8 April 2013 (UTC)
  51. a b c Penerimaan Kunjungan Kerja Komisi II Dan Komisi IV - Pamaréntah Kota Bogor, diaksés 8 April 2013 (UTC)