Kota Cirebon

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Pikeun artikel kabupatén nu ngaranna sarua, tempo Kabupatén Cirebon.
Kota Cirebon
Lambang Kota Cirebon.jpg

Lambang Kota Cirebon
Locator kota cirebon.png

Peta lokasi Kota Cirebon
Motto Cirebon Berintan
Propinsi Jawa Barat
Ibukota {{{ibukota}}}
Lega Wilayah 37,54 km²
Kordinat -
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
277.000 (2003)
7.376 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
5
22
Dasar hukum -
Tanggal -
Walikota Subardi S.Pd
Kode area telepon 0231
DAU Rp. -

Situs web resmi: http://www.cirebon.go.id

Kota Cirebon nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kota ieu aya di basisir Laut Jawa, di jalur pantura. Baheulana Cirebon mangrupakeun ibu kota Kabupatén Cirebon, tapi ayeuna geus dipindahkeun ka Sumber. Cirebon jadi pusat régional di wilayah basisir wétan Jawa Barat.

Kota Cirebon kawengku ku 5 kacamatan, nu dibagi deui kana sajumlah kalurahan.

Cirebon disebut ogé 'Kota Hurang'. Minangka daérah panggihna budaya Jawa jeung Sunda ti sababaraha abad kapungkur, masarakat Cirebon biasa ngagunakeun dua basa, basa Sunda jeung Jawa.

Kota ieu legana 37,36 km² kalayan pangeusina anu jumlahna kurang leuwih 300.000 jiwa.

Kota Cirebon mangrupakeun puseur industri roko bogana British-American Tobacco (BAT), salasahiji produsén roko bodas nu kasohor di dunya.

Di kota Cirebon aya tilu kasultanan, nyaéta Kasepuhan, Kanoman, jeung Kacerbonan, nu nepi ka kiwari masih kénéh aya.

Di daérah Gunung Sembung, Gunung Jati, kira-kira 15 kilométer saméméh kota Cirebon ti beulah kulon, aya makam Sunan Gunung Jati, salasahiji ti antara Wali Songo, nyaéta salapan urang nu nyebarkeun agama Islam di Jawa.

Sajarah Kota Cirebon[édit | sunting sumber]

Numutkeun Purwaka Caruban Nagari, dina abad XIV di basisir Laut Jawa aya hiji désa pamayang leutik nu ngaranna Muara Jati. Dina waktu harita geus loba kapal asing datang pikeun dagang jeung pangeusi satempat. Pangurus palabuan nyaéta Ki Gedeng Alang-Alang nu ditunjuk ku pangawasa Karajaan Galuh (Padjadjaran). Di palabuan ieu aktivitas Islam beuki berkembang. Ki Gedeng Alang-Alang mindahkeun tempat pamukiman ka tempat pamukiman baru di Lemahwungkuk, 5 km arah kidul ngadeukeutan suku pasir nuju ka karajaan Galuh. Minangka kapala pamukiman anyarna diangkat Ki Gedeng Alang-Alang kalayan gelar Kuwu Cerbon.

Dina perkembangan satuluyna, Pangéran Walangsungsang, putra Prabu Siliwangi ditunjuk minangka Adipati Cirebon kalayan gelar Cakrabumi. Pangéran ieu anu ngadegkeun Karajaan Cirebon, dikawitan ku henteu ngirimna upeti ka Raja Galuh. Ku Raja Galuh dijawab ku jalan ngirimkeun tentara ka Cirebon pikeun nalukkeun Adipati Cirebon, tapi singhoreng Adipati Cirebon kuat teuing pikeun Raja Galuh nu ahirna Cirebon meunang perang.

Ku ayana kajadian éta, karajaan anyar diadegkeun di Cirebon kalayan Rajana gumelar Cakrabuana. Ngadegna karajaan Cirebon nandaan dimimitiannana Karajaan Islam Cirebon kalayan palabuan Muara Jati nu aktifitasna sumebar nepi ka wewengkon Asia Tenggara.

Riwayat Pamaréntahan[édit | sunting sumber]

1.Mangsa Taun 1270-1910. Dina abad ka-13 Kota Cirebon ditandaan ku kahirupan nu tradisional kénéh sarta dina taun 1479 berkembang jadi puseur panyebaran jeung karajaan Islam utamana di wilayah Jawa Barat. Saterusna sanggeus penjajah Walanda asup, diwangun jaringan jalan raya darat jeung karéta api sahingga mangaruhan perkembangan industri jeung perdagangan.

2. Mangsa Taun 1910-1937 Dina mangsa ieu Kota Cirebon disahkeun jadi Gemeente Cheirebon kalayan lega 1.100 Héktar sarta pangeusina 20.000 jiwa (Stlb. 1906 No. 122 jeung Stlb. 1926 No. 370).

3. Mangsa Taun 1937-1967 Taun 1942 Kota Cirebon dilegan jadi 2.450 héktar sarta taun 1957 status pamaréntahannana jadi Kota Praja kalayan lega 3.300 héktar, sanggeus ditetepkeun jadi Kotamadya taun 1965 legana jadi 3.600 héktar.

4. Mangsa Taun 1967-Kiwari Wilayah Kota Cirebon nepi ka ayeuna legana 3.735,82 héktar nu kabagi kana 5 kacamatan sarta 22 kalurahan.

Lingkungan Sosial, Ekonomi jeung Budaya[édit | sunting sumber]

Pangeusi kota Cirebon ngawengku rupa-rupa étnis, teu nan saukur ti Indonésia tapi ogé ti luar Indonésia, utamana Cina jeung Arab.

Dumasar kana hasil sénsus penduduk taun 2006, pangeusi kota Cirebon taun 2006 téh kacatet aya 285.363 urang. Kalawan komposisi jumlah pangeusi lalaki leuwih saeutik tibatan awéwé. Lalaki 138.879 urang jeung awéwé 146.484 urng kalawna sex ratio 98,79 %, atawa bisa disebutkeun yén tina unggal 100 urang awéwé aya 98 urang lalaki.[1]

Tingkat kepadatan pangeusi Kota Cirebon numutkeun hasil sénsus penduduk taun 2006 ngahontal 7.719 urang per Km². Wewengkon anu paling padet téh aya di Kacamatan Pakalipan anu ngahontal 20.337 urang per Km² jeung Kacamatan Kejaksaan kira-kira 11.429 urang per Km². Kacamatan anu jumlah pangeusina pangsaeutikna nya éta di Kacamatan Harjamukti anu jumlahna kira-kira 4.845 urang per Km².[1]

Dina widang pangatikan, kota Cirebon ngalaman kamajuan rata-rata pangeusina boga pangatikan Taman Kanak-kanak anu jumlah muridna 3.345 urang kalawna jumlah sakolana 58, SD jumlah muridna 37.488 urang kalawan jumlah sakolana 155 siki, SLTP jumlah muridna 16.940 urang kalawan jumlah sakolana 42 siki, SLTA jumlah muridna 11.334 urang kalawna jumlah sakola 26 siki, jeung SLTA tingkat kejuruan aya 8.040 urang kalawan jumlah sakola 17 siki. Pikeun tingkat paguron luhur réa anu nyokot pangatikan di luar Cirebon kayaning kota Bandung, Jakarta jeung lian-lianna. Di sagédéngeun éta aya ogé anu nyokot pangatikan Madrasah nu lobana 2.489 urang (BPS:2006/2007).[1]

Ti mimiti abad ka-14, Cirebon dipikawanoh minangka wewengkon perdagangan. Nepi ka kiwari ogé Cirebon masih pantes ditelah kota perdagangan anu matak ngajangjikeun. Teu héran saupama sawaréh pngeusi Cirebon ngagantungkeun hirupna tina dagang. Tapi upama ningali tina kondisi alamna teu saeutik anu dirojong tina widang pertanian, perikanan jeung industri. Lolobana masarakat pangeusi kota Cirebon téh digawé dina widang perikanan jeung industri. Iwal ti ani geus disebutkeun di luhur, aya ogé warga anu jadi tukang bangunan, pertambangan, jeung pagawé negri sipil (Suseda 2006, BPS).[1]

Masarakat kota Cirebon lolobana ngagem agama Islam, tapi aya ogé anu ngagem Kristen, Budha jeung Konghucu.[1]

Basa anu dipaké dina paguneman sapopoé nya éta basa Sunda, jeung basa Cirebon (Jawa-Cirebon) minangka sarana komunikasi antar masarakat boh ti tingkat désa nepi ka tingkat pakotaan, maranéhna tetep masih maké éta basa minangka basa indung.Masarakat kota Cirebon lolobana ngagem agama Islam, tapi aya ogé anu ngagem Kristen, Budha jeung Konghucu.[1]

Sumber[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f Disbudpar Jawa Barat. 2007. Kearifan Masyarakat Jawa Barat dalam Pelestarian Lingkungan Hidup (Wilayah Cirebon). Disbudpar:Bandung

Tumbu Luar[édit | sunting sumber]


 t·s·é 

Kota Cirebon, Jawa Barat

Lambang Kota Cirebon.jpg

Kacamatan: Harjamukti | Kejaksan | Kesambi | Lemahwungkuk | Pekalipan