Kresna

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kresna
Lukisan Kresna karya Dominique Amendola
Lukisan Kresna karya Dominique Amendola
Déwanagari: कृष्ण
Éjahan Sansakerta: krsna
Ngaran séjén: Narayana; Madawa;

Wasudéwa; Gopala;

Golongan: Wangsa Yadawa,
Pakarang: Chakram
Papasangan: Rada, Rukmini,

Satyabama, Jambawati,
jeung 16.104 pamajikan séjénna

Kresna atawa Krisna (Aksara Dewanagari: कृष्ण; diucapkeun krsna nurutkeun IAST; dilafalkan 'kresna dina basa Sansakerta) nyaéta salah sahiji inohong dina mahabarata kaasup dina baratayuda, perang rongkah antara kulawarga turunan Barata.

Nurutkeun wiracarita Mahabarata, Kresna asalna ti Karajaan Suraséna, tapi saterusna manéhna ngadegkeun karajaan sorangan anu dibéré ngaran Karajaan Dwaraka. Kresna dipikawanoh salaku raja anu wijaksana, sakti, sarta wibawa.

Asal usul ngaran "Kresna"[édit | sunting sumber]

Kresna jeung Yasoda, indung kukutna. Lukisan karya Raja Ravi Varma.

Dina basa Sansakerta, kecap Kresna hartina "hideung" atawa "poék", sarta kecap ieu umum dipaké pikeun ngagambarkeun jalma nu boga kulit warna hideung. Dina buku Brahma Samita diwincik yén Kresna ngabogaan warna kulit hideung semu biru langit. Brahma Samhita 5.30.

Kahirupan Kresna[édit | sunting sumber]

Ringkesan kahirupan Kresna di handap ieu dicokot tina buku Mahabarata, Hariwangsa, Bagawatapurana, sarta Wisnupurana. Patempatan di mana Kresna dicaritakan nyaéta di India Kalér, anu kiwari jadi wewengkon nagara bagian Uttar Pradesh, Bihar, Haryana, Delhi, sarta Gujarat.

Kalahiran[édit | sunting sumber]

Kapercayaan tradisional anu dumasar kana data-data dina karya sastra jeung itungan astronomi nyebutkeun yén Kresna lahir dina tanggal 19 Juli taun 3228 saacan Masehi.

Kresna lahir ti kulawarga bangsawan di Madura, sarta mangrupa anak kadalapan nu lahir ti puteri Déwaki jeung salakina, Basudéwa. Madura nyaéta ibukota ti bangsa anu ngabogaan hubungan deukeut jeung bangsa-bangsa Weresni, Andaka, sarta Boja. Maranéhanana biasana dipikawanoh sabagé bangsa Yadawa alatan karuhunna téh nyaéta Yadu, Bangsa Yadawa ogé sakapeung dipikawanoh sabagé bangsa Suraséna. Basudéwa jeung Déwaki kaasup kana bangsa kasebut.

Raja Kamsa, lanceuk Déwaki, narima tahta sanggeus ngajebloskeun bapana sorangan, nyaéta Raja Ugraséna, ka pangbérokan. Alatan sieun ku torahan (ramalan) anu nyebutkeun yén manéhna baris palastra ku leungeun salah sahiji anak Déwaki, mangka Kamsa ngajebloskeun pasangan kasebut ka pangbérokan. Kamsa ogé boga rancana baris maéhan kabéh turunan Déwaki anu karék lahir.

Sanggeus genep anakna ditelasan ku Kamsa, Déwaki ngalahirkeun Baladéwa jeung Kresna. Alatan hirupna kaancam bahaya mangka Baladéwa (nu boga landihan Balarama) disumputkeun dipiara ku Rohini, pamajikan Basudéwa nu kahiji) sedengkeun Kresna disumputkeun kaluar karaton sarta dirawat ku kolot kukutna nu ngaranna Yasoda jeung Nanda di Gokula, Mahavana. Kresna boga adi awéwé sabapa nyaéta Subadra nu lahir tina beutueng Rohini.

Lukisan anu ngagambarkeun Kresna keur ngangkat Gunung Gowardana. Salah sahiji koleksi ti Institusi Smithsonian.

Mangsa budak jeung rumaja[édit | sunting sumber]

Nanda (indung kukut Kresna) mangrupa pamingpin dina komunitas para pangangon sapi di Vrindavana. Kresna hirup dina ieu komunitas. Kresna sok ulin babarengan jeung para gopi (pangangon awéwé) di ieu désa, kaasup jeung Rada. Kamsa, anu nyaho yén Kresna geus kabur, tuluy ngirimkeun raksasa (kawas Agasura) pikeun ngabinasakeun Kresna. Sang raksasa éléh ku leungeun Kresna jeung Baladéwa.

Kresna Sang Pangéran[édit | sunting sumber]

Kresna ngora balik ka Madura, sarta ngagulingkan kakawasaan jeung sakaligus maéhan uwana Kamsa. Kresna ngabalikkeun tahta Raja para Yadawa ka, Ugraséna. Kresna sorangan jadi pangéran di karajaan kasebut. Nya dina mangsa ieu pisan manéhna sosobatan jeung Arjuna katut para pangéran Pandawa séjénna ti Karajaan Kuru, anu mangrupa baraya misanana. Karajaan Madura jeung Karajaan Kuru dipisahkeun ku walungan Yamuna.

Saterusna, Kresna mindahkeun padumukan para Yadawa ka dayeuh Dwaraka (kiwari disebut Gujarat). Kresna ngadahup ka Rukmini, puterina Bismaka ti Karajaan Widarba.

Nurutkeun sawatara karya sastra, Kresna ngabogaan 16.108 urang istri, dalapan urang di antarana mangrupa pamajikan nu dipikawanoh, kaasup di antarana Rada, Rukmini, Satyabama, jeung Jambawati. Saméméhna, 16.000 pamajikan Kresna téh urut tawanan Narakasura anu dibébaskeun ku Kresna sanggeus maéhan Narakasura. Nurutkeun talari harita, sakumna wanoja tawanan henteu meunang kawin lamun masih dina kakawasaan Narakasura. Tapi Kresna ngabagéakeun maranéhanana salaku puteri bangsawan di karajaanana.

Kulawarga[édit | sunting sumber]

Prabu Basudéwa, bapana Kresna, ngarupakeun lanceuk Kunti, istrina Pandu anu ngarupakeun indung para Pandawa. Ku sabab kitu, Kresna ngarupakeun dulur misan para Pandawa. Dulur misan Kresna anu séjénna nyaéta Sisupala, anakna Srutadéwa nu boga landihan Srutasrawas, adina Basudéwa. Sisupala ngarupakeun musuh kabuyutanna Kresna anu saterusna ditelasan ku manéhna dina waktu upacara agung nu diayakeun ku Yudistira.

Baratayuda sarta Bagawad Gita[édit | sunting sumber]

Kresna mangrupa dulur misan ti kadua beulah pihak nu perang dina baratayuda, Pandawa jeung Kurawa. Kresna nawarkeun bantuan ka maranéhanana pikeun milih pasukanana atawa dirina. Para Kurawa milih pasukanana sedengkeun para Pandawa milih dirina. Dina mangsa perang kasebut Kresna jadi kusir karéta Arjuna. Saméméh perang dimimitian, Kresna méré piwejang ka Arjuna sangkan ulah hamham dina nyanghareupan baratayuda. Piwejang kasebut disebut Bagawadgita


Kahirupan sanggeus réngséna baratayuda[édit | sunting sumber]

Sanggeus baratayuda di Kurusétra, Kresna ngadumuk di Dwaraka salila 36 taun. Saterusna dina hiji parayaan, lumansung perang di antara para satria bangsa Yadawa, maranéhanana silih musnahkeun. Sanggeus Baladéwa maot, Kresna eureun jadi raja, saterusna indit ka leuweung sarta diuk di handapeun hiji tangkal pikeun ngalakonan tatapa (yoga). Harita aya saurang pamoro sato nu kaliru, nempo bagian suku Kresna jiga kidang, anu saterusna mentangkeun panah kana suku Kresna nu ngabalukarkeun Kresna babar karahayuan. Nurutkeun buku Mahabarata, ajalna Kresna disababkeun ku supata Gandari. Kaambek Gandari sanggeus nyaksian kabéh anakna perlaya ngabalukarkeunana manéhna ngedalkeun supata alatan Kresna henteu sanggup ngeureunkeun peperangan. Sanggeus ngadéngé supata kasebut, Kresna mésem sarta nampa éta kabéh, sarta ngécéskeun yén kawajibanana téh nyaéta jurit di pihak anu bener, lain nyingkahan peperangan.

Dumasar buku Bagawatapurana jeung Bagawad Gita, ditapsirkeun yén Kresna mangkat kira-kira dina taun 3100 saacan Masehi.A collection of essays Ieu dumasar kana déskripsi yén Kresna ninggalkeun Dwaraka 36 taun sanggeus lumangsungna peperangan di kulawarga Mahabarata. Buku Matsyapurana nyebutkeun yén waktu perang lumangsung umur Kresna téh 89 taun.

Kresna dina pewayangan Sunda jeung Jawa[édit | sunting sumber]

Dina pewayangan Sunda jeung Jawa, Prabu Kresna ngarupakeun Raja Dwarawati, karajaan para turunan bangsa Yadawa. Kresna nyaéta anak Basudéwa, Raja Madura. Manéhna (nu boga ngaran ”Narayana” keur budak) dilahirkan sabagé anak kadua diantara tilu sadulur. Lanceukna dipikawanoh sabagé Baladéwa (boga landihan Kakrasana) sarta adina dipikawanoh sabagé Subadra, anu taya lian nyaéta istrina Arjuna. Kresna ngabogaan tilu urang istri jeung tilu urang anak. Para istrina téh nyaéta Déwi Jembawati, Déwi Rukmini, jeung Déwi Satyabama. Anak-anakna nyaéta Radén Boma Narakasura, Radén Samba, jeung Siti Sundari.

Dina perang Baratayuda, Kresna jadi kusir Arjuna. Manéhna ogé mangrupa salah sahiji panasehat utama Pandawa. Saméméh perang Arjuna ngalawan Karna, Kresna méré piwejang nu panjang lébar ka Arjuna supaya ulah mangmang dina nyanghareupan baratayuda. Piwejang Kresna téh dipikawanoh sabagé Bagawadgita.

Kresna dipikawanoh salaku manusa nu pohara sakti. Manéhna ngabogaan pangabisa pikeun norah (ngaramal), ngarobah bentuk warugana jadi raksasa, sarta ngabogaan kembang Wijaya Kusuma anu bisa ngahirupkeun deui jelema anu ajal. Pusaka-pusaka saktina, diantarana Pakarang Cakra, Kembang Wijayakusuma, terompet hurang (Sangkala) Pancajahnya, Kaca Paesan, Aji Pamling sarta Aji Kawarastawan. Pakarang anu dingaranan Cakra dicaritakeun bisa dipaké pikeun ngancurkeun dunya.

Sanggeus maotna Baladéwa (Resi Balarama), sarta musnahna sakabéh Wangsa Weresni jeung Yadawa, Prabu Kresna tatapa (yoga) di leuweung. Manéhna maot dina kaayaan tatapa ku perantaraan panah saurang pamoro (nu ngaranna Jara) anu ngeunaan sukuna.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Cutatan suku[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]


Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa