Kritik sastra

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Diamond-caution.png Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.

Esey sastra nya eta karangan winangun prosa anu eusina mere medar atawa ngaguar masalah sastra,pangarang, atawa bagbagan tiori sastra


Sajarah Kamekaran Kritik Sastra[édit | sunting sumber]

Esey sastra asupna kana kasusastran Sunda téh ngaliwatan urang Walanda ampir babarengan jeung wangun sastra moderen liana, saperti sajak, carita pondok, jeung novel.Wangun éséy mimiti gelarna dina sastra Sunda kira-kira dina mangsa taun 1930-an. Diantarana karangan R.Memed Sastrahadiprawira ngeunaan Basa Sareng Kasusastran Sunda. Eta karangan teh kungsi dimuat dina majalah Pusaka Sunda Taun VII No 7 jeung 8. Samemeh dimuat dina eta majalah mah eta esey teh mangrupa bahan ceramah nu diayakeun ku pakumpulan Sekar Rukun.Lian ti R.Memed Sastrahadiprawira, pangarang mangsa samemeh perang anu sok nulis esey teh diantarana H.Hasan Mustapa, Husein Djajadiningrat, R.Satjadibrata, R.I.Adiwidjaja, D.K.Ardiwinata, Patah Nataprawira, M.A Salmun,jrrd. Masalah anu dipedarna lain bae masalah sastra, tapi sagala rupa masalah upamana masalah basa, masalah kasenian/kabudayan, masalah agama, masalah atikan, masalah tatanen, masalah palsafah,masalah adat istiadat, prak-prakan cara nyieun film, prak-prakan cara ngarang, jsb. (Yetty Kusmiyati Hadish, 1988). Esey-esey anu ditulis ku para pangarang mangsa samemeh perang teh pangpangna dimuat dina majalah jeung surat kabar basa Sunda saperti Sastra Winangun, majalah Pusaka Sunda (1923), majalah Papaes Nonoman (1915), majalah Pajajaran (1918), majalah Volksalmanak Sunda (1919), majalah Parahiangan, jeung surat kabar Sipatahunan (1923).Beda jeung wangun sastra saperti carpon, sajak, novel, atawa drama, wangun esey mah henteu pati mekar. Kakara dina mangsa sabada perang dunya kadua wangun esey mimiti mekar nuturkeun kamekaran jaman. Dina sastra Sunda mangsa sabada perang nu munggaran naratas nulis wangun esey teh nya eta Ajip Rosidi, kira-kira mangsa taun 1950-an. Esey-esey sastra anu ditulis ku Ajip Rosidi mangsa harita pangpangna mah mangrupa kritik kana kaayaan kahirupan sastra anu masih keneh katalikung ku kabiasaan nyastra mangsa samemeh perang, utamana mah masih ngagegedekeun wangun guguritan, dangding, jeung wawacan. Esey-eseyna rea dimuat dina majalah jeung surat kabar saperti majalah Sunda, majalah Kiwari, majalah Pembimbing Pembaca, majalah Mangle, surat kabar Siliwangi, surat kabar Sipatahunan, surat kabar Pikiran Rakyat, Kalawarta LBSS, jsb.Ajip Rosidi dina sawatara eseyna kungsi ngeritik ka sawatara pangarang Sunda samemeh perang anu sikepna kolot anu sok leuwih ngagul-ngagul jeung ngagung-ngagung wangun dangding jeung wawacan. Sabalikna ka pangarang-pangarang moderat cara Moh.Ambri, DK.Ardiwinata, Joehana, H.Hasan Mustapa, R.Memed Sastrahadiprawira,jsb anu geus ngahasilkeun karya sastra moderen, anu samemehna mah kurang diajenan, Ajip Rosidi kacida ngajenanana. Karya-karya pangarang nu kaasup golongan nu kadua,lian ti dibere sawangan jeung bobot pangayon kalawan objektif tur proporsional teh oge diwanohkeun ka masrakat tur dituduhkeun ajen inajenna. Buku-buku karya pangarang nu geus diterbitkeun dina jaman samemeh perang jeung sabada perang nu kungsi disawang atawa ditulis kritik sastrana nya eta buku novel Baruang ka nu Ngarora karya D.K.Ardiwinata, Dogdog Pangrewong, kumpulan carita pondok munggaran karya G.S, Neangan, kumpulan carita pondok karya Caraka, Papacangan, kumpulan carita pondok karya Rusman Sutiasumarga, Jurig, kumpulan carita pondok karya Tini Kartini, jeung Lalaki di Tegal Pati, kumpulan sajak Sunda nu munggaran,karya Sajudi, jeung rea-rea deui karangan sejenna boh nu gelar ti pangarang entragan samemeh perang, boh ti pangarang entragan sabada perang. Esey-esey jeung kritik sastra karya Ajip Rosidi, anu samemehna bacacar dina sawatara majalah jeung surat kabar saperti majalah Sunda, majalah Kiwari, majalah Mangle, jeung surat kabar Sipatahunan, satuluyna mah dikumpulkeun jadi buku nya eta Beber Layar (1964), Dur Panjak (1966), Ngalanglang Kasusastran Sunda (1983), Dengkleung Dengdek (1986), Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana (1988),Pancakaki (1996), Eundeuk-eundeukan (1998), jeung Ayang-ayang Gung (2005). Lian ti anu ditulis dina basa Sunda, aya deui buku anu husus ditulis dina basa Indonesia nya eta Kesusastraan Sunda Dewasa Ini (1966) jeung Manusia Sunda (1984) anu eusina mangrupa pedaran perkara sastra Sunda, utamana karya sastra sabada perang jeung pedaran husus nu ngaguar tokoh-tokoh sastra jeung non sastra Sunda, minangka representasi manusa Sunda.Sabada ditaratas ku Ajip Rosidi, wangun esey jeung kritik sastra dina kasusastran Sunda teh jadi mekar bareng jeung wangun sastra moderen sejenna. Buktina rea pangarang nu nuturkeun tapak lacak Ajip Rosidi narulis esey jeung kritik sastra, pangpangna dina majalah Kiwari,majalah Sunda,majalah Mangle jeung surat kabar Sipatahunan, anu daria nyadiakeun lahan rubrik-rubrik keur tulisan wangun esey jeung kritik sastra. Upamana, dina majalah Sunda, anu kabeneran diredaksian ku Ajip Rosidi, disadiakeun rubrik Bobot Pangayon. Ieu rubrik husus pikeun madungdengkeun jeung nyawang karya-karya sastra moderen, boh anu geus diterbitkeun mangrupa buku, boh karya nu dimuat dina eta majalah. Dina majalah Mangle, utamana sabada diredaksian ku Yus Rusyana, Wahyu Wibisana, Dudu Prawiraatmadja, jeung Saini K.M. sarta ka dituna diteruskeun ku Muh.Rustandi Kartakusuma, disadiakeun rubrik husus “Sawangan” jeung “Urang Leuleui Leuyangkeun”. Rubrik “Sawangan”mah diajangkeun pikeun kritik sastra kana buku-buku sastra nu geus diterbitkeun, ari rubrik “Urang Leuleui Leuyangkeun” mah husus keur carita-carita pondok anu kungsi dimuat dina Mangle. Nu mere sawanganana oge teu kudu pangarang wae, tapi ti nu maca oge bisa nembrakkeun kritik jeung sawanganana. Hanjakal dina ieu rubrik, henteu kalawan daria dihususkeun tulisan kritik sastra anu nyosok jero, tapi ukur sawangan sausap saulas; bisa jadi ukur komentar saperluna, minangka kesan-kesan kana carpon nu geus dibaca. Samemehna dina awal taun 60-an aya rubrik “Bale Rancage” mangrupa rubrik umum keur esey-atawa karangan-karangan anu patula-patali jeung basa, sastra, seni jeung kabudayaan Sunda.


Pangarang Esey jeung Karyana[édit | sunting sumber]

Dina majalah jeung surat kabar nu terbit dina taun 50-an nepi ka 60-an, pangarang nu sok nulis esey jeung kritik sastra teh diantarana Utuy T Sontani nulis esey “Don Quisot jeung Hamlet” (1952), “Kakayaan Batin Ki Sunda” (1957), “Nyawang Kasusastraan Sunda Moderen” (1958). Popo Iskandar nulis esey “Realisme Dina Sastra Sunda Kiwari” (1966), “Moh.Ambri, Bapa Realisme Dina Sastra Sunda” (1966), “Neangan Pangajen Anyar Dina Sastra Sunda Kiwari” (1967), “Sempalan Coqueterie” (1967), Pasea, Kumpulan Carpon Tini Kartini” (1966), “Babu Kajajade, Roman Karangan Syarif Amin” (1966), Di Luhureun Jukut Reumis, Kumpulan Carpon Yus Rusyana” (1966), “Randa Bengsrat, Roman Karya Yus Rusamsi” (1966), Ombak Laut Kidul, Kumpulan Sajak Rachmat M Sas Karana” (1966), “Kesusastraan Sunda Dewasa Ini, Buku Karangan Ajip Rosidi” (1967),jrrd. Saini K.M. nulis esey “Catetan Munggaran Dina Maluruh Ugeran-ugeran Dasar Metode Kritik Sastra” (1966), “Pangarang Nu Sawawa” (1967), “Bacaan Cabul” (1967),jsb. Yus Rusyana salah saurang dosen sastra Sunda di FKSS IKIP Bandung nulis esey-esey pondok pedaran bagbagan sastra Sunda dina rubrik “Bale Rancage”, diantarana : “Carita Pantun”, “Wawacan”, “Carita Pondok”, “Roman” (1963), “Sastra Teh Micangcam Kahirupan”, “Sawatara Roman Dina Sastra Sunda” (1963), “Baruk, Naon Ari Sastra ?” (1967), “Agan Permas,Roman Karangan Joehana” (1967),jrrd.Ajatrohaedi nulis esey “Paguneman Dina Sastra Sajarah” (1966). Ari Muh.Rustandi Kartakusumah nulis esey “Cinta Asih Dina Implengan Nenden “ (1966).jsb.Saangkatan jeung Yus Rusyana ti madhab FKSS IKIP Bandung nya eta Dudu Prawiraatmadja jeung Duduh Durahman oge rea narulis esey jeung kritik sastra. Dudu Prawiraatmadja nulis esey “Carita Barudak Dina Kasusastraan Sunda” (1968). Duduh Durahman , beunang disebutkeun pangproduktifna jeung pangkonsistenna nulis esey jeung kritik sastra, utamana sawangan carita pondok anu rea dimuat dina majalah Mangle.Sawangan-sawangan carpon teu saat-saat ditulis nepi ka taun 80-an. Esey jeung kritik beunang Duduh Durahman anu kapanggih diantarana : “Beja ti Pangberokan”, “Tibelat”, “Pokrol Bambu”, “Rek Ngiring Mikanyaah”, “ Milih Piminantueun”, “Payung Butut”, “Karmawicitra, Dongeng Ambri Nu Teu Hasil”,”Iskandarwassid Pangarang Bulu Taneuh”, “Pangarang jeung Maranehna Nu Boga Dunya Sorangan”, “Kuwu jeung Masigit Dina Panineungan Ahmad Bakri”,jrrd. Nuturkeun produktifitas Ajip Rosidi, esey jeung kritik sastra karya Duduh Durahman ge nu asalna pabalatak dina majalah jeung surat kabar tea, satuluyna mah dikumpulkeun jadi buku nya eta [Catetan Prosa Sunda]] (1984) jeung Sastra Sunda Sausap Saulas (1991).Kamekaran saterusna, esey jeung kritik sastra beuki rea nu narulis, lain bae para pangarang ti entragan taun 50-an jeung 60-an tapi ti entragan sapandeurieunana tug nepi ka entragan kiwari ge tetep narulis. Entragan taun 70-an nepi ka 80-an saangkatan jeung Usep Romli HM nu sok nulis esey najan teu pati produktif diantarana nya eta : Juniarso Ridwan, Eddy D Iskandar, Beni Setia, Karno Kartadibrata, Taufik Faturohman, Tatang Sumarsono, Abdullah Mustappa,Hendarsyah Permana, Aan Merdeka Permana, Yoseph Iskandar,jrrd. Karya-karyana bisa kapanggih dina majalah Mangle jeung SKM Galura.Usep Romli HM nulis esey “Cidepit Herang Caina, karangan Aam Amilia” (1968), “Lain Pesta Tujuh Belas Agustus” (1971), “ Patepung Tengah Peuting karya Winarya” (1973), “Humor Unsur Dominan Dina Karya-karya Ahmad Bakri” (1976), “Puisi-puisi Panyajak Sunda Mutahir” (1976), “Suasana Kahirupan Sastra Sunda Jero Sawindu, 1969-1977” (1979),jrrd. Juniarso Ridwan nulis esey “Carpon Budaya Tea” (1976), “Emily Dickinsons Panyajak Abad 19”, (1978), “Kudangna Apresiasi Sastra di Kalangan Barudak Ngora” (1978), “Apresiasi Sajak Rumaja” (1978).Kiwari, wangun esey jeung kritik sastra teh geus dalit jeung para pangarang, nepi ka hiji pangarang lian ti produktif narulis karya fiksi mangrupa carpon jeung puisi atawa carita nyambung teh oge sok aya nu narulis esey deuih. Komo da majalah jeung surat kabar basa Sunda bener-bener mere tempat pikeun nu sok narulis esey atawa kritik sastra.Majalah Mangle, majalah Cupumanik, jeung SKM Galura, mere tempat anu cukup pikeun ngawadahan esey jeung kritik sastra. Di Mangle sok diwadahan dina rubrik “Kolom”, “Bahasan”, atawa rubrik husus suplemen kabudayaan “Dangiang”. Di Cupumanik kungsi aya rubrik husus “Panyungsi Sastra” tuluy dititipkeun dina rubrik “Lalayang Girimukti” atawa dina “Sempalan Cupumanik” . Dina SKM Galura, waktu diasuh ku Abdullah Mustappa jeung Usep Romli HM taun 90-an disadiakeun rubrik husus ”Golempang”, kaayeunakeun sabada diredaksian ku Eddy D Iskandar jeung Rosyid E Abby, disadiakeun rubrik “Esey” najan henteu sacara husus pikeun esey jeung kritik sastra Sunda, tapi sifatna umum,masalah naon bae, upamana sosial, politik, atikan, kawijakan pamarentah, masalah kabudayaan, masalah kasenian, jsb.Ti entragan taun 90-an nepi ka taun 2000-an muncul para pangarang esey atawa kritik sastra, boh nu dimuat dina Majalah Mangle, boh nu dimuat dina majalah Cupumanik atawa koran Galura. Mun nilik umurna mah, kawilang ngarora keneh, malah aya nu masih status mahasiswa keneh. Saha bae pangarang nu sok nulis esey atawa kritik sastra Sunda kiwari teh ? Diantarana aya nu muncul ti komunitas sastra jeung budaya Sunda di lingkungan paguron luhur cara di UNPAD, nya eta ti komunitas “Rawayan” jeung komunitas “Dangiang” saperti Teddy AN Muhtadin,Dian Hendrayana, Darpan, Cecep Burdansyah, Hawe Setiawan,jsb. Kitu deui di komunitas “Institut Nalar” Jatinangor” sok rajeun aya nu nulis esey atawa kritik sastra upamana Hikmat Gumelar. Ti lingkungan kampus jeung guru oge kalan-kalan aya nu sok ngahajakeun nulis esey atawa kritik sastra upamana Agus Suherman, Chye Retty Isnendes, Deni Hadiansyah, jeung Hadi AKS. Ti antara pangarang-pangarang entragan ngora nu ditataan bieu sigana mah perlu mere perhatian husus ka Hawe Setiawan jeung Teddi AN Muhtadin, dua pangarang esey anu salian ti produktif nulis teh oge tilikan-tilikanana daria tur ‘berbobot’ deuih. Hawe Setiawan, pangarang esey anu legok tapak genteng kadek dina urusan tulas-tulis, najan kaahlianana mah dina widang jurnalistik, lain ti jurusan Sastra Sunda, tapi kaparigelan nulis jeung gaya nembrakkeunana dipuji ku Abah Duduh Durahman. Ari Teddi AN Muhtadin mah geus puguh deui da manukna dina urusan ieu mah,lian ti akademisi; jadi dosen sastra Sunda di UNPAD teh kapan mingpin jeung ngasuh para pangarang ngora dina kmomunitas “Rawayan” anu mekelan jeung ngalatih kana kurung-karang jeung pangpangna mah mekelan wawasan seni budaya ka para anggotana ngaliwatan diskusi jeung sawala budaya. Lian ti nu dua bieu, aya deui mahasiswa nu kalawan rajin sacara otodidak ngulik sorangan diajar esey jeung kritik nepi ka maherna nya eta Atep Kurnia. Tulisanana dimuat dina majalah Cupumanik, Mangle, Seni Budaya, jeung koran Pikiran Rakyat dina basa Indonesia. Malah salahsahiji eseyna nu dimuat dina majalah Seni Budaya anu judulna “Nasib Roman Sunda Ngepop” kapilih jadi pinunjul 1 Hadiah Sastra LBSS taun 2006.

Buku-buku Esey nu Diterbitkeun[édit | sunting sumber]

Lamun dibandingkeun jeung buku-buku kara sastra kreatif saperti carita pondok, novel, atawa sajak, buku-buku esey mah kawilang saeutik pisan. Buku nu diterbitkeun teh ay nu mangrupa kumpulan esey wungkul, aya oge nu mangrupa kumpulan esey jeung kritik sastra. Buku-buku kumpulan esey jeung kritik sastra nu geus diterbitkeun nepi ka kiwari diantarana nya eta: Dur Panjak karya Ajip Rosidi (1966), Beber Layar karya Ajip Rosidi (1966),Catetan Prosa Sunda karya duduh Durahaman (1984) Sastra Sunda Sausap Saulas karya Duduh Durahman (1993), Wirahma Sajak karya Abdullah Mustappa (1983)



Rujukan[édit | sunting sumber]