Kromosom

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Diagram kromosom eukariota dina hambalan métafaseu: (1) kromatid - salah sahiji ti dua bagian kromosom anu idéntik sanggeus faseu S, (2) séntromér - titik tepungna dua kromatid jeung tempat napelna mikrotubul, (3) leungeun pondok, (4) leungeun panjang.

Kromosom nyaéta wangun beundeulan DNA jeung protéin nu aya di inti sél. Hiji kromosom téh hiji molekul DNA nu ngandung gén, unsur pangatur, jeung sékuéns nukléotida. DNA dina ieu kromosom téh dibeungkeut jeung dibeundeul ku protéin pikeun ngatur fungsina.

Kromosom téh rupa-rupa kumaha organismeuna. Molekul DNA-na bisa sirkulér, bisa ogé linéar, sarta diwangun ku puluhan kilobasa nepi ka ratusan mégabasa pasangan nukléotida. Hususon sél eukariota (nu ngandung inti), kromosomna badag linéar, sedengkeun sél prokariota (nu teu boga inti) mah sirkulér leutik, najan aya ogé hiji-dua nu teu luyu jeung ieu aturan. Dina sél eukariota, aya ogé sél-sél anu ngandung dua tipeu DNA sakaligus, nyaéta sél anu ngandung mitokondria atawa kloroplas (nu boga DNA sorangan).

Dina eukariota, kromosom inti dibeundeul ku protéin jadi bentuk padet nu disebut kromatin, sahingga molekul DNA anu sakitu panjangna téh meujeuh di jero inti sél. Wangun kromosom jeung kromatin rupa-rupa gumantung mangsa daur sél. Kromosom bisa aya dina kaayaan digandakeun atawa henteu—kromosom nu teu digandakeun wangunna linéar tunggal, sedengkeun nu digandakeun (disalin nalika faseu S) ngandung dua salinan nu nyambung dina séntromér. Wangun kromosom anu keur digandakeun mangsa mitosis jeung méiosis ngahasilkeun wangun klasik opat leungeun (gambar katuhu).

Kecap kromosom dicokot tina basa Yunani χρῶμα (chroma, kelir) jeung σῶμα (soma, awak) dumasar kana kelirna nu teges lamun geus diwarnaan.

Kromosom eukariot[édit | sunting sumber]

Eukariota (sél nu boga inti kawas tutuwuhan, kapang, sato) mibanda sababaraha kromosom linéar nu dikandung dina intina. Unggal kromosom boga hiji séntromér nu boga hiji atawa dua leungeun. Lian ti éta, eukariot ogé lolobana boga génom mitokondria anu sirkulér jeung kromosom sitoplasmik leutik anu liniér. Dina inti, DNA digulung dina histon (protéin struktural) jadi bentuk komposit anu disebut kromatin.

Kromatin[édit | sunting sumber]

Wangun utama gulungan DNA; DNA, nukléosom, serat "beads-on-a-string" 10 nm, serat 30 nm, jeung kromosom métafaseu.

Kromatin téh kompléks DNA jeung protéin anu aya dina inti eukariota nu ngabungkus kromosom. Aya rupa-rupa wangun kromatin, gumantung kana hambalan daur sélna.

Kromatin interfaseu[édit | sunting sumber]

Dina interfaseu (mangsa sél teu keur meulah manéh), urang bisa ngabédakeun dua tipeu kromatin:

  • Eukromatin: ngandung DNA nu aktif (nyandi protéin).
  • Hétérokromatin: ngandung DNA nu lolobana teu aktif, gedé kamungkinanana boga fungsi struktural dina hambalan kromosomal. Salajengna, hétérokromatin dibédakeun jadi dua tipeu:
    • Hétérokromatin konstitutif nu teu kungsi diéksprésikeun. Perenahna aya di sabudeureun séntromér sarta biasana ngandung sekuéns ulangan.
    • Hétérokromatin fakultatif nu kadangkala diéksprésikeun.

Kromosom teu bisa dibédakeun dina ieu hambalan, sabab dina inti nyampur jeung protéin.

Kromosom manusa[édit | sunting sumber]

Sél manusa bosa 23 pasang kromosom inti linéar, sahingga sasélna aya 46, ditambah DNA mitokondria anu jumlahna ratusan. Sékuénsing génom manusa geus mébérkeun rupa-rupa émbaran nu bisa ditalungtik ti unggal kromosom. Di handap ieu dibéréndélkeun statistik masing-masing kromosom dumasar kana laporan Sanger Institute dina gudang data Vertebrate Genome Annotation (VEGA)[1]. Jumlah gén dikira-kira dumasar prédiksi gén, kitu ogé panjang kromosomna.

Kromosom Gén Total basa Basa geus disékuéns[2]
1 3,148 247.200.000 224.999.719
2 902 242.750.000 237.712.649
3 1.436 199.450.000 194.704.827
4 453 191.260.000 187.297.063
5 609 180.840.000 177.702.766
6 1.585 170.900.000 167.273.992
7 1.824 158.820.000 154.952.424
8 781 146.270.000 142.612.826
9 1.229 140.440.000 120.312.298
10 1.312 135.370.000 131.624.737
11 405 134.450.000 131.130.853
12 1.330 132.290.000 130.303.534
13 623 114.130.000 95.559.980
14 886 106.360.000 88.290.585
15 676 100.340.000 81.341.915
16 898 88.820.000 78.884.754
17 1.367 78.650.000 77.800.220
18 365 76.120.000 74.656.155
19 1.553 63.810.000 55.785.651
20 816 62.440.000 59.505.254
21 446 46.940.000 34.171.998
22 595 49.530.000 34.893.953
X (kromosom séks) 1.093 154.910.000 151.058.754
Y (kromosom séks) 125 57.740.000 22.429.293

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Chromosome. Wikipédia basa Inggris. Disalin 04 Juli 2008.
  1. http://vega.sanger.ac.uk/Homo_sapiens/index.html Sakabéh data dina ieu tabél disalin ti ieu gudang data, 7 Juli 7 2007.
  2. Perséntaseu nu geus disékuéns dumasar kana babagian eukromatin, sabab Human Genome Project ngarah bagian eukromatinna wungkul. Bagian telomér, séntromér, jeung hétérokromatin henteu dipaliré ku sababaraha alesan. Buka http://www.ncbi.nlm.nih.gov/genome/seq/ pikeun émbaran leuwih lengkep ngeunaan Human Genome Project.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg