Kujang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kujang, pakarang warisan karuhun Sunda

Kujang nyaéta hiji pakarang nu mandiri nu asalna ti wewengkon Sunda. Kujang munggaran dijieun kira-kira abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, waja sarta bahan pamor, panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm sarta beuratna kira-kira 300 gram. Kujang mangrupa pakakas anu ngagambarkeun seukeutna anu miboga lambang kakuatan dina kahirupan sarta wawanén pikeun ngadegkeun bebeneran. Dina jaman bihari pakakas ieu saukur dipaké ku golongan tinangtu nyaéta raja-raja, prabu anom, golongan pangiwa, panengen, golongan agamawan, putri sarta golongan wanoja nu jadi pinilihan, sarta para sepuh.

Struktur Kujang[édit | sunting sumber]

Kujang anu sampurna mah miboga kalengkepan anu ilaharna ngawengku sababaraha bagian di antarana :

  • papatuk atawa congo, nya éta bagian congona méncos, biasana sok dipaké pikeun nyokél.
  • eluk atawa siih, nya éta eluk-eluk dina waruga kujang anu gunana pikeun mencabik-cabik awak lawan.
  • waruga nya éta awak atawa sabudeureun kujang.
  • kujang panon nya éta liang leutik anu aya dina waruga anu jumlahna rupa-rupa, ti 5 nepi ka 9 liang. Aya ogé kujang anu euweuh panonan disebut kujang buta.
  • tonggong, nya éta sisina seukeut anu perenahna aya dina tonggong kujang.
  • tadah, nya éta eluk leutik anu perenahna di belah beuteung kujang.
  • paksi, nya éta buntut kujang anu bentukna léncop.
  • combong, nya éta liang anu perenahna aya dina gagang kujang.
  • ganja atawa landaian nya éta sudut nu léncop anu mangaruhan ka belah sisi kujang.
  • kowak atawa sarung kujang anu dijieunna tina kai samida anu miboga ambeu anu has tur bisa nambahan perkara goibna.
  • pamor bentukna guguratan (sulangkar) atawa tutul anu aya gambaran dina luhur waruga kujang. Sulangkar atawa tutul dina waruga kujang, miboga ajén artistik pikeun neundeun racun.


Arjuna Wayang.jpg