Kumis ucing
| Orthosiphon aristatus | |
|---|---|
| Orthosiphon aristatus | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| (unranked): | Angiosperms |
| Division: | Spermatophyta |
| Subdivision: | Angiospermae |
| (unranked): | Eudicots |
| Class: | Dicotyledonae |
| (unranked): | Asterids |
| Order: | Lamiales |
| Family: | Lamiaceae |
| Genus: | Orthosiphon |
| Species: | O. aristatus |
| Ngaran binomial | |
| Orthosiphon aristatus (Blume) Miq. |
|
Kumis ucing nya éta ngaran tutuwuhan anu kembangna siga kumis ucing. Ieu tutuwuhan téh tumuwuh ajeg, watangna pasagi, dina buku-bukuna aya akaran tapi teu siga akar nu dijero taneuh, tangkal kumis ucing téh jangkungna biasana nepi ka 2m.[1] Wangun daunna lonjong, tungtungna léncop, ukuranana ti 1 nepi ka 10 cm.[1] Makuta kembangna warna bungur ngora atawa bodas panjangna 13 – 27mm, di bagian luhur ditutupan ku bulu nu parondok warnana bungur atawa bodas.[1] Benang sari ukuranana leuwih panjang batan tabung kembang sarta ngaleuwihan biwir kembang bagian luhur.[1]
Kumis ucing rasana rada pait, asin, kesed, tur rada tiis.[2] Kumis ucing ngandung zat samak, minyak asiri, ortholiphonglikosida, minyak lemak, saponin, sapofonin, uyah kalium, jeung myoinositol.[2] Daun kumis ucing biasa dimangpaatkeun pikeun ubar rupa-rupa kasakit.[1] Di Indonésia daun anu garing dipaké minangka ubar pikeun ngalancarkeun kahampangan (diuretik) sedengkeun di India pikeun ubar reumatik.[1] Kumis ucing digunakeun ku masarakat minangka ubar tradisional pikeun batuk, nyeri cangkéng, asup angin sarta hésé ngising (sembelit).[1] Salian ti éta kumis ucing ogé biasana dimangpaatkeun pikeun ubar radang ginjal, wawatu, diabétés, albuminuria, sarta kasakit syphilis.[1] [2]
Referensi [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |