Kunci
| Temu kunci | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Liliopsida |
| Order: | Zingiberales |
| Family: | Zingiberaceae |
| Genus: | Boesenbergia |
| Species: | B. rotunda |
| Ngaran binomial | |
| Boesenbergia rotunda (L.) Mansf. |
|
Kunci atawa nu dipikawanoh minangka temu kunci nya éta ngaran tutuwuhan anu kaasup kana bungbu dapur tur bisa dimangpaatkeun pikeun dijadikeun ubar.[1] Watang aslina aya dina jero taneuh anu disebut beuti, warnana konéng semu coklat, seungit, kandelna 5-30 x 0,5-2 cm, watang anu di luhur beungeut taneuh nya éta watang tipu (palapah daun).[2] Umumna miboga 2 nepi ka 7 lambar, daun handap mangrupa palapah daun warnana beureum, palapah daun mindeng sarua panjangna jeung tangkai daun; daunna ajeg, wangun lansét rubak atawa rada seukeut, tungtung daunna seukeut, beungeut daunna lemes tapi bagian handap rada aya buluan, daunna aya keliran warna héjo ngora, rubakna 5-11 cm. Kunci biasana tumuwuh di wewengkon tropis di dataran handap, biasana kembangan dina bulan Januari nepi ka Pebruari sarta bulan April nepi ka bulan Juni.[2] Alus tumuwuh dina taneuh nu beueus ogé subur kalayan tukeurna hawa sarta tata cai anu alus.[2] Dina taneuh anu kurang boh tata caina atawa mindeng kakeueum ku cai prosés tumuwuhna baris kaganggu sarta beutina gancang buruk.[2] Salian ti mangpaat pikeun bungbu dapur, kunci ogé bisa dimangpaatkeun pikeun dijadikeun ubar, diantarana nya éta ubar batuk, ubar hésé hitut, nambahan napsu dahar, sariawan, nambahan ASI,[2] pikeun ubar kanker,[1] sarta mangrupa resép kageulisan wanoja Sunda.[3]
Referensi [édit]
- ↑ a b Temu Kunci Obat Kanker (id) (Diakses ping 31 Oktober 2011)
- ↑ a b c d e Temu Kunci (id) (Diakses ping 31 Oktober 2011)
- ↑ Tanaman Temu Kunci Rahasia Kecantikan Perempuan Sunda (id) (Diakses ping 31 Oktober 2011)