Kunrei-shiki

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kunrei-shiki (訓令式? sistim susunan-kabinet) nyaéta sistim romanisasi, contona sistim keur transkripsi Basa Jepang kana alpabet Romawi. Ngaran nu diumumkeun Kunreisiki maké Kunrei-shiki sorangan.

Kunrei-shiki kadangkala disebut sistim Monbushō dina Basa Inggris, sabab diajarkeun di kurikulum sakola dasar dumasar kasaluyuan ti Monbushō (Kementerian Pendidikan Jepang). Kunrei-shiki ngarujuk kana ISO 3602, nu geus disatujuan ku ISO.

Kunrei-shiki dumasar kana susunan pangheubeulna nyaéta sistim Nihon-shiki (Nipponsiki), dimodifikasi keur Basa Jepang standar. Contona, kecap かなづかい, diromanisasi jadi kanadukai dina Nihon-shiki, diucapkeun kanazukai dina Basa Jepang modérn tur dieja dina Kunrei-shiki.

Status hukum[édit | édit sumber]

Sistim ieu asalna diembarkeun salaku Japanese Cabinet Order No.3 dina 21 September, 1937. Tapi sanggeus digulingkeun ku SCAP salila Pagawean di Jepang, pamaréntah Jepang nyabut jeung ngaganti ku Japanese Cabinet Order No.1 dina 29 December, 1954. Parentah ieu keur maké kunrei-shiki dina "tulisan Jepang nu ilahar," nu nyarankeun yén romanisasi Hepburn sederhana kudu dipaké dina hubungan internasional sarta perlu keur nuturkeun nu geus aya saméméhna. (Japanese text)

Kunrei-shiki geus dibakukeun, sarua jeung Nihon-shiki, dina ISO 3602:1989. Dokumentasi--Romanisasi Basa Jepang (skrip kana) ku ISO. Ieu ogé direkomendasikeun ku American National Standards Institute (ANSI) sanggeus ngasupkeun kana standar, ANSI Z39.11-1972 American National Standard System keur Romanisasi Basa Jepang (Modifikasi Hepburn), dina taun 1994.

Pamakean[édit | édit sumber]

Salain ti keur kaperluan resmi, Kunrei-shiki teu ilahar ditarima di jero atawa luar Jepang. Pamaréntah ilaharna maké Hepburn keur romanisasi ngaran Jepang jeung watesan di konteks Basa Inggris, saperti sababaraha basa husus dina paspor jeung rambu jalan. Loba nagara, kaasup nagara di Anglosphere, neruskeun maké Hepburn.

Example:
tat-u
Conjugation Kunrei Hepburn
Mizen 1 tat-a- tat-a-
Mizen 2 tat-o- tat-o-
Ren'yô tat-i- tach-i-
Syûsi tat-u. tats-u.
Rentai tat-e- tat-e-
Meirei tat-e. tat-e.

Sabab Kunrei-shiki dumasar kana fonologi Basa Jepang, pamake Basa Inggris kadang kala hésé narima, utamana keur sababaraha kombinasi kana anyar saperti ティーム(チーム) team. Dina Hepburn, ieu dibédakeun ku béda sora jeung digambarkeun mu jeung chīmu, nu nembongkeun cara ngeja Basa Inggris nu leuwih jelas. Keur pamake Basa Jepang, sora ティ "t'i" jeung チ "ti" boga fonem nu sarua; duanana digambarkeun dina Kunrei-shiki t'îmu jeung tîmu. Apostrophe nandakeun "teu stabil, tapi dianggap sarua sora". Logika siga kieu matak ngabingungkeun nu teu ngarti sacara jentre kana phonology basa Jepang. Saterusna, Kunrei-shiki nujul kana matak bingung mun dipake keur ngaran tempat, upama Shinjuku (dina Hepburn) jadi Sinzyuku; dumasar kana alesan ieu, Kunrei-shiki teu pernah dipake sacara resmi keur ngaran jalan atawa stasion kareta.

Kiwari, pamaké utama Kunrei-shiki nyaéta urang Jepang (hususna di Jepang) sarta ahli basa anu diajar urang Jepang. Kauntungan utama Kunrei-shiki nyaéta yén leuwih alus bisa ngécéskeun tatabahasa Jepang, sawaktu Hepburn nyieun sawatara konjugasi nu katempona henteu teratur (tempo tabel beulah katuhu). Masalah Hepburn anu pang serius di konteks ieu téh yén dina ngarobah kecap gawé, anu henteu ngagambarkeun tina morfologiakar basa.

Kunrei-shiki spellings of kana[édit | édit sumber]

あ ア a い イ i う ウ u え エ e お オ o (ya) (yu) (yo)
か カ ka き キ ki く ク ku け ケ ke こ コ ko きゃ キャ kya きゅ キュ kyu きょ キョ kyo
さ サ sa し シ si す ス su せ セ se そ ソ so しゃ シャ sya しゅ シュ syu しょ ショ syo
た タ ta ち チ ti つ ツ tu て テ te と ト to ちゃ チャ tya ちゅ チュ tyu ちょ チョ tyo
な ナ na に ニ ni ぬ ヌ nu ね ネ ne の ノ no にゃ ニャ nya にゅ ニュ nyu にょ ニョ nyo
は ハ ha ひ ヒ hi ふ フ hu へ ヘ he ほ ホ ho ひゃ ヒャ hya ひゅ ヒュ hyu ひょ ヒョ hyo
ま マ ma み ミ mi む ム mu め メ me も モ mo みゃ ミャ mya みゅ ミュ myu みょ ミョ myo
や ヤ ya ゆ ユ yu よ ヨ yo
ら ラ ra り リ ri る ル ru れ レ re ろ ロ ro りゃ リャ rya りゅ リュ ryu りょ リョ ryo
わ ワ wa ゐ ヰ wi ゑ ヱ we を ヲ wo
ん ン n
が ガ ga ぎ ギ gi ぐ グ gu げ ゲ ge ご ゴ go ぎゃ ギャ gya ぎゅ ギュ gyu ぎょ ギョ gyo
ざ ザ za じ ジ zi ず ズ zu ぜ ゼ ze ぞ ゾ zo じゃ ジャ zya じゅ ジュ zyu じょ ジョ zyo
だ ダ da ぢ ヂ (zi) づ ヅ (zu) で デ de ど ド do ぢゃ ヂャ (zya) ぢゅ ヂュ (zyu) ぢょ ヂョ (zyo)
ば バ ba び ビ bi ぶ ブ bu べ ベ be ぼ ボ bo びゃ ビャ bya びゅ ビュ byu びょ ビョ byo
ぱ パ pa ぴ ピ pi ぷ プ pu ぺ ペ pe ぽ ポ po ぴゃ ピャ pya ぴゅ ピュ pyu ぴょ ピョ pyo

Catetan:

  • Karakter warna beureum geus teu dipake dina basana sorangan.
  • Nalika he (へ) dipake salaku partikel ditulisna jadi e lain he (saperti dina Nipponsiki).
  • Nalika ha (は) dipake salaku partikel ditulisna wa lain ha.
  • Nalika wo (を) dipake salaku partikel ditulisna o lain wo.
  • Hurup hirup nu ditembongekun ku circumflex, contona keur o panjang ditulis ô.
  • Suku kata n (ん) ditulis n saméméh konsonan tapi salaku n' saméméh hurup hirup jeung y.
  • Konsonan rengkep ditandaan ku dua konsonan dituturkeun ku sokuon, っ.
  • Hurup mimiti dina kalimah, sarta keur sakabéh kecap barang ngagunakeun hurup gedé.
  • ISO 3602 mibanda wangunan nu heuras, tempo Nihon-shiki.

Tempo oge[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Citakan:Japanese romanization