Kupat

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
kulit kupat

Kupat nyaéta kaolahan has Asia Tenggara maritim dijieunna tina bahan dasar béas nu dibungkus ku anyaman janur. Kupat sok mindeng kapanggih dina poé lebaran nalika umat Islam ngarayakeun réngséna bula Ramadhan.

Kaolahan has anu maké kupat téh diantarana kupat tahu, loték (Sunda), Grabag (Magelang), kupat glabet (Tegal), coto Makassar, jeung gado-gado (Betawi). Kupat ogé sok dipaké pikeun batur ngadahar saté, sanajan leuwih umumna mah ku lontong. Iwal di Indonésia, kupat ogé kapanggih di Malaysia, Brunéi, jeun Singapura. Di Filipina ogé aya “bugnoy” anu méh sarupa jeung kupat tapi maké pola anyaman anu béda[1].

Wangun kupat umumna pasagi atawa jajaran génjang tapi réa ogé wangun kupat séjénna kalawan maké pola anyaman nu rupa-rupa. Bahan nu dipaké pikeun nyieun kupat perlu dipilih janur anu boga kualitas nu hadé nyaéta anu panjang, teu pati ngora jeung teu kolot teuing.

Kagunaan lian[édit | sunting sumber]

Di sababaraha wewengkon di pulo Jawa, kupat téh mindeng digantungkeun di luhur (lawang) panto imah pikeun sarupa jimat. Masarakat di éta wewengkon téh masih kénéh nyepeng tradisi pikeun teu nyieun kupat di poé-poé nu biasa, nu antukna kupat ngan saukur dijieun nalika waktu lebaran nepika saminggu sabadana. Di sababaraha wewengkon séjénna di pulo Jawa aya ogé anu gan saukur nyieun kupat téh di poé ka tuju sabada lebaran hungkul atawa sok disebut “poé kupat”. Di pulo Bali kupat (Bali:kipat) mindeng dijieun sasajén dina upacara adat.

Ngaran lokal[édit | sunting sumber]

kupat sayur Batawi

Tingali Oge[édit | sunting sumber]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. Almario, Virgilio, et al. 2010. UP Diksiyonaryong Filipino, 2nd ed. Anvil: Pasig.


Nulis.jpg