Léngkéng
Buah léngkéng mangrupa buah antioksidan. [1] Zat giji anu aya di jero buah léngkéng nya éta protéin, karbohidrat, serat kasar, vitamin C jeung mineral saperti kalsium, fosfor jeung zat besi. [1]
Sajaba ti éta, buah léngkéng ogé ngandung sanyawa polifenol, nya éta corilagin, gallic acid jeung ellagic acid. [1] sakabéh sanyawa éta ngandung antioksidan, miboga mangpaat sangkan nyegah radikal bebas, ku kituna bisa ngurangan oksidasi di jero awak. [1]
Daptar eusi |
Mangpaat Léngkéng [édit]
Manfaat buah léngkéng leuwih loba dikandung tina sikina dibandingkeun jeung daging buahna. [1] sikina bisa dipaké pikeun ngabodasan kulit, ku lantaran ngandung zat anu bisa nyegah aktivitas gawé enzim tyrosinase. [1] Enzim ieu miboga fungsi pikeun ngarobah melamin, atawa nu sok biasa disebut pigmén kulit. [1]
Jenis Léngkéng [édit]
Sabenerna aya opat jenis léngkéng anu cocog dipelak di dataran rendah nya éta léngkéng Pingpong, léngkéng Diamond River, léngkéng Kristalin jeung léngkéng Itoh. [2] Léngkéng Diamond river mangrupa léngkéng anu asalna ti Cina sedengkeun léngkéng Kristalin jeung léngkéng Itoh ti Thailand. [2]
Léngkéng Pingpong [édit]
Dina awalna, nalika taun 1996 siki léngkéng Pingpong mimiti dipelak di Prambanan. [2] Bibit ieu meunang ti tangkal indukna anu dipelak di Semarang anu asalna ti Vietnam. [2] Kiwari Pak Isto geus ngajual rébuan bibit léngkéng ka sababaraha tempat. [2] Harga bibit léngkéng pingpong macem-macem gumantung kana ukuranana, contona ukuran 15 cm nepi ka 20 cm hargana 20 rébu. [2]
Cara Ngarawat Léngkéng Pingpong [édit]
Pikeun ngarojong hasil anu maksimal dina budi daya léngkéng Pingpong ieu aya sawatara léngkah perawatan anu kudu dipigawé, diantarana: [2]
1. Nyiapkeun liang saméméh léngkéng pingpong dipelak. [2] Pikeun bibit anu gedé ukuran liangna nya éta 0.75m x 0.75m x 0.75m sedengkeun pikeun bibit leutik ukuran 0.5mx0.5mx0.5m. [2]
2. Jarak idéal antar pepelakan di kebon antara 5 nepi ka 6 méter. [2]
3. Média pepelakan nya éta Pupuk Kandang jeung taneuh 1:2 tuluy ingkeun dina liang salila tujuh poé saméméh bibit di pelak. [2]
4. Lamun jangkungna geus nepi ka 1.5 méter kudu rajin dipotong.[2], ku lantaran pikeun nambahan ranting ku kituna léngkéng pingpong bisa tambah loba. [2]
5. Kudu méré pupuk tilu kali dina sataun. [2]
6. Lamun dipelak dina pot, babandinganana kudu 2:1:1 (taneuh: pupuk kandang: sekam). [2]
7. Sangkan tangkalna alus, kudu disiram sacara teratur. [2]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |