Lépra

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bapa Damien, misionaris Katolik Roma nu nulungan nu kaserang lépra di Hawai, nu ogé tiwas ku kasakit ieu.

Lépra, kusta, atawa kasakit Hansen (Ing. leprosy), nyaéta kasakit inféksi nu dibalukarkeun ku inféksi Mycobacterium leprae, hiji mycobacterium aérobik tahan asam. Ngaran lépra dicokot tina kapanggihna Mycobacterium leprae ku Gerhard Armauer Hansen.

Baheula, kusta teu bisa diubaran jeung loba nu salah harti, sahingga nu katarajang kusta dipisahkeun ti masarakatna. Kiwari, kusta geus bisa diubaran ku terapi antibiotik multiubar. Tarékah utama kiwari nyaéta sangkan bisa tepi ka populasi-populasi nu can nampa layanan multiubar tadi, ngaronjatkeun detéksi kasakit, jeung nyadiakeun layanan nu hadé jeung ubar nu murah.

Lian ti manusa, nu bisa katarajang kasakit kusta nyaéta peusing (armadillo).

Sajarah[édit | sunting sumber]

Kasakit kusta geus aya ti mimiti sajarah kacatet. Di Mesir geus aya laporan ngeunaan kusta taun 1350 MM, sahingga kaasupkeun kana Rékor Dunya Guinness salaku kasakit nu pangheubeulna nu dipikanyaho.

Dina Bibel mindeng kasebut ngeunaan "lépra", nu bisa baé teu patali jeung kasakit Hansen. Kecap ieu sigana dipaké nujul ka rupa-rupa kasakit kulit nu béda étiologi jeung kaparnana. Dina hukum Israél buhun, kaayaan lépra ditangtukeun ku pandita, nu salajengna migunakeun karantina sangkan teu népa/nyebat.

Kondisi klinis[édit | sunting sumber]

Kasakit ieu dibalukarkeun ku mycobacterium nu baranahan lambat pisan nu utamana narajang kulit, saraf, jeung mémbran mukosa. Organisme ieu can kungsi dipelak dina média bakteriologik atawa budidaya sél, tapi kungsi ditumuwuhkeun dina dampal suku beurit jeung peusing. Aya patalina jeung M. tuberculosis, mycobacterium nu ngabalukarkeun tuberkulosis. Susahna budidaya organisme ieu sigana sabab organisme ieu mangrupakeun parasit intrasélular nu teu boga gén nu dipikabutuh pikeun hirup mandiri. Ieu ogé sigana nu nyababkeun lambat réplikasina.

Cara tépa kasakit kusta can pati écés. Panalungtik lolobana nyangka yén M. leprae népa ti jalma ka jalma ngaliwatan keclak engapan. Nu puguh mah laju tépana lambat pisan. Lian ti éta, sigana mayoritas populasi sacara alami geus weduk. Ogé, papalimpang jeung kapercayaan umum, kasakit kusta teu ngabalukarkeun buruk daging; tapi, alatan karuksakan saraf, parnana kasakit ngabalukarkeun paéh rasa, sahingga ayana inféksi teu karasa nepi ka ruksak permanén.

Kasakit inféksi kronis ieu biasana narajang kulit jeung saraf periferal, tapi ngabalukarkeun rupa-rupa manifestasi klinis. Pasén digolongkeun mibanda kasakit kusta paucibacillary atawa multibacillary. Kusta paucibacillary leuwih hampang, dicirikeun ku hiji atawa leuwih makul kulit hipopigmén, sedengkeun kusta multibacillary patali jeung lési kulit simétrik, nodul, plak, kulit ngandelan, jeung ayana mukosa irung nu balukarna mangpet irung jeung épistaksis (getihan irung).

Kajadian[édit | sunting sumber]

Taun 1999, kajadian kusta sadunya kira 640.000 kasus; taun 2000, 738.284 kasus. Taun 1999, 108 kasus di Amérika Sarikat. Taun 2000, WHO ngabéréndélkeun 91 nagara éndemik kusta, di mana India, Myanmar, jeung Népal boga 70% kasus. Taun 2002, 763.917 kasus anyar sakuliah dunya, 90%-na aya di Brazil, Madagaskar, Mozambik, Tanzania, jeung Népal.

Di sakuliah dunya, 1-2 yuta jalma lumpuh alatan kusta, sedengkeun jalma-jalma nu geus nampa terapi antibiotik nepi ka réngsé dianggap geus cageur tina inféksi aktif.

Prévalénsi kusta di AS rélatif stabil jeung saeutik, di sakuliah dunya gé kitu, najan di sababaraha nagara némbongkeun prévalénsi nu tetep loba, kayaning di Brazil, Asia Kidul (India, Népal), sawaréh Afrika (Tanzania, Madagaskar, Mozambik), jeung Pasifik kulon.

Golongan résiko[édit | sunting sumber]

Nu campur gaul jeung pasén nu boga kasakit multibasil aktif jeung teu diubaran jeung jalma-jalma nu hirup di wewengkon épidemi, boga résiko keuna ku kasakit kusta. Hasil panalungtikan mutahir némbongkeun ayana variasi genetik dina karentananana. Wewengkon DNA nu patali jeung rentanna kana kasakit kusta ogé kabukti patali jeung kasakit Parkinson, sahingga ngamalir kana sangkaan yén gangguan ieu aya kaitanana dina hambalan biokimiawina.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Icon Health Publications. 2004. Leprosy: A Medical Dictionary, Bibliography, and Annotated Research Guide to Internet References. San Diego: Icon Health Publications. ISBN 0-597-84006-7.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun.