Lentong

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Salasahiji pola lentong basa Sunda

Lentong Nyaéta pakakas kalimah atawa alat sintaksis nu mangrupa pola robahna nada jeung tekenan nu binarung jeung randegan waktu ngucapkeun kalimah katut babagianana; pola méré tekenan binarung jeung turun atawa naékna nada nu dipungkas ku randegan.[1] Lentong kaasup unsur prosodi atawa supraségméntal, tegesna unsur anu aya di luareun basa tulis, ayana dina lisan.[2]

Nu kaasup kana lentong nyaéta dangka, tekenan, randegan, wirahma, jeung nada.[1] Ari nu dimaksud dangka nyaéta jangka waktu atawa kuantitas; panjang pondokna sora diucapkeun; lila sakeudeungna sora diucapkeun.[1] Dangka ilaharna aya dina kecap ku cara ngedalkeun salasahiji engangna leuwih panjang.[1] Anu dimaksud tekenan nya éta aksén, tanda diakritis.[1] Anu dimaksud randegan nyaéta eureunna sora waktu nyarita luyu jeung kakuatan engapan, bisa panjang (pungkas), bisa sakeudeung (sedeng).[1] anu dimaksud nada nyaéta foném supraségméntal anu mangrupa geteran sora.[1]

Ahli Basa Sunda urang Walanda, Sierk Coolsma nétélakeun yén urang Sunda nyaritana téh laun tur rintih, lentongna anéh, sada ngalagu jeung loba embatanana.[3] Saterusna inyana nerangkeun kieu: Umumna, engang kadua ti ahir anu sok dibedaskeun atawa diteken téh, iwal upama engang kadua ti ahir téa disilabikeun (inti engangna) vokal [e], e pepet.[3] dina kecap nu pandéna kitu mah tekenan téh dina engang ahir.[3] Lentong nanya béda jeung lentong ngajawab, kitu deui jeung lentong nitah.[3] Malah lentong budak teu sarua jeung lentong kolot.[3] Atuh lentong nyi mojang teu sarua deuih jeung lentong ki bujang.[3] Lentong Sunda anu kadéngé béda pisan jeung lentong lulugu nyaéta lentong urang Kanékés (Baduy).[3] Jadi lain kekecapanana baé anu béda jeung basa Sunda Priangan téh.[3]


Nulis.jpg



Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g Sudaryat, Yayat. 2005. Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda. Bandung: Karya Iptek.
  2. Sudaryat, Yayat. 1985. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
  3. a b c d e f g h Wibisana, Wahyu. 2011. Ngamumulé Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. ISBN 978-979-8001-95-6