Limus

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Limus
Pentil buah dina cupatna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
M. foetida
Ngaran binomial
Mangifera foetida

Limus nyaéta hiji tutuwuhan anu masih baraya kénéh jeung tangkal buah. Ngaran ilmiahna Mangifera foetida Lour, sakapeung limus sok disebut manggah/buah alatan wujudna anu sarimbag pisan, sababaraha daérah nyebut limus téh Ambacang (musik), Embacang, silakan Limus, ogé nunyebut langsing.[1] basa hambawang asam Banjar, macang atawa machang (Melayu), maa chang, ma ma chae atawa mut (Thailand), la mot (Myanmar) jeung réa-réa deui.[1] [1]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Dahan tangkal Limus

Jangkung tangkalna nepika 30-35 méter kalawan ajeg, kulit tangkalna ngagarurat sarta kulitna malelekat, kelirna coklat jeung sakapeung rada kulawu. Lamun seug diturih baris kaluar geutah anu kelirna bodas jeung lila kalilaan robah jadi beureum tuluy ngahideungan. Ieu geutah umpama keuna kana kulit bisa ngabalukarkeun kulit tutung tur arateul. Daunna hęjo kolot rada heuras, panjang 1,5–8 cm, wujudna lonyod rubakna 9-15 × 15–40 cm méncos ka tungtungnakeun. Kembangna kaambung seungit, ngaranggeuy leutik, jocong seperti Aseupan panjang kurang leuwih 10–40 cm kelir beureum kolot. Buahna lonyod kawas endog, sakapeung aya ogé anu gedéna 7-12 × 9–16 cm, kulit buahna kandel kelir héjo nepika semu konéng, totol-totol jeung katempo leuwih coklat dimana buah geus asak, daging buah kunéng oranyeu tur katempo loba lamadna, rasana haseum amis tur bauna seungit. Limus bisa dipelak tina pelok buahna, usum kembangan dina bulan Méi-Juni buah asak dina bulan Séptémber-Novémber.[1]

Mangpaat Tangkak Limus[édit | édit sumber]

Limus ngahaja dipelak pikeun diarah buahna, rasana gahar tur seungit bisa di gahgal dimana geus asak, ogé bisa jadi campuran rujak, acar buah, sakapeung dijieun bahan nyieun jus ogé manisan sarta campuran sirop,jeung sajabana. Di Kalimantan, Limus ogé dimangpaatkeun pikeun panghaseum dina campuran bahan saos. Kai tangkalna kurang alus umpama dipake dina wangunan paling dipaké pikeun tunjel atawa tatapakan dinamangsa keurnyieun pondasi, daunna bisa dimangpaatkeun pikeun ubar galingging sarta ngubaran jamu kulit.

Asal muasal[édit | édit sumber]

Limus masih katempo hidup di alam liar atawa di leuweung, seperti Semenanjung Malaya, Sumatera jeung Kalimantan. tuluy Ieu tangkal nyebar ka daérah-daérah sabudeureuna seperti Indochina kalér Burma, nepi ka Pilipina. di polo Jawa sorangan, ieu tangkal geus dipelak tibaheula kénéh.[1]

Kandungan gizi[édit | édit sumber]

Dina 100 gram, Limus anu geus asak 98 gram kalori, protein 1,4%, ngan saeutik lemak, 0,2%. Caian 72,5%. Ieu kacida alusna pikeun ngurangan beurat awak.[2]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Hari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. p. 1. ISBN 9786028693226. 
  2. Natawidjaja 1985, pp. 60-61.

Baca Ogé[édit | édit sumber]

  • Verheij, E.W.M. dan R.E. Coronel (eds.). 1997. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang dapat dimakan. PROSéa – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.
  • Sastrapradja, Setijati; Panggabean, Gillmour; Mogea, Johanis Palar; Sukardjo, Sukristijono; Sunarto, Aloysius Tri (1980). Proyek Penelitian Potensi Sumber Daya Ekonomi:Buah-Buahan 8. Jakarta: LIPI bekerja sama dengan Balai Pustaka. OCLC 66228010. 
  • Natawidjaja, P. Suparman (1985). Mengenal Buah-Buahan yang Bergizi. Jakarta: Pustaka Dian.