Litium

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Litium nyaéta unsur kimia nu lambangna Li sarta boga nomer atom 3, logam alkali lemes nu kelirna bodas pérak. Dina kaayaan baku, ieu unsur téh minangka logam panghampangna sarta unsur padet anu dénsitasna handap pisan. Sakumaha galibna logam alkali, litium téh réaktif pisan, gancang tai hiangan dina udara lembab. Ku kituna, litium diteundeunna sok dibulen ku minyak.

Ceuk téori, litium (utamana 7Li) téh salasahiji nu kabentuk dina kajadian Big Bang, najan dina éta kajadian, litium nu kabentuk gancang udar deui. Pudar sarta prosés-prosés kabentukna litium dianggap penting dina ulikan astronomi. Litium téh unsur ka-33 panglobana di Marcapada[1], ngan kusabab réaktif pisan, di alam ieu unsur ukur aya dina bentuk sanyawaan. Litium aya dina sababaraha mineral pegmatit, tapi ogé biasa diala tina taneuh liat; dina skala komérsil, logam litium diala tina éléktrolisis campuran litium klorida jeung kalium klorida.

Litium aya di sagara jeung sababaraha organismeu dina jumlah renik. Litium teu boga pancen biologis dina awak manusa, pangaruh ion litium (Li+) kana saraf dimangpaatkeun pikeun ngastabilkeun mood. Litium jeung sanyawaanana dipaké pikeun rupa-rupa pangabutuh, di antarana gelas jeung keramik tahan panas, alloy liat-hampang pikeun wahana wiyati, jeung batré litium. Litium ogé penting dina dunya fisika inti: fisi inti atom litium mangrupakeun réaksi inti munggaran jieunan manusa, sedengkeun litium deuterida dipake suluh dina fusi pakarang térmonuklir.

Sajarah jeung étimologi[édit | sunting sumber]

Petalit (silikat litium aluminum) munggaran didadarkeun taun 1800 ku élmuwan Brazil José Bonifácio de Andrade e Silva, nu manggihan éta mineral di hiji tempat nambang beusi di pulo Utö, Swédia. Unsur litiumna sorangan kakara kapanggih taun 1817 ku Johan August Arfwedson, lajeng ku nu magang di laboratorium Jöns Jakob Berzelius, nalika nalungtik bijih petalit. Ieu unsur ngabentuk sanyawaan nu sarupa jeung sanyawaan natrium jeung kalium, najan karbonat jeung hidroksidana kurang gampang leyur sarta bisa nganétralkeun asam leuwih loba. Ku Berzelius, ieu unsur dingaranan "lithion", tina basa Yunani λιθoς (lithos, "batu"), pikeun ngagambarkeun kapanggihna dina mineral, béda jeung natrium jeung kalium nu kapanggihna tina jaringan tutuwuhan; ieu ngaran terus dibakukeun jadi "lithium". Arfwedson lajeng nunjukkeun yén unsur nu sarua aya ogé dina bijih mineral spodumen jeung lepidolit. Taun 1818, Christian Gmelin nunjukkeun yén garam litium ngahasilkeun warna beureum burahay dina seuneu, tapi boh Arfwedson atawa Gmelin gagal ngisolasi ieu unsur tina garamna.[2][3][4]

Unsur litium kakara diisolasi taun 1821 ku William Thomas Brande ku cara éléktrolisis litium oksida, cara nu saméméhna geus dipaké ku Sir Humphry Davy pikeun ngisolasi kalium jeung natrium[3][5]. Brande ogé medarkeun garam-garam litium, kayaning klorida, sarta nyoba ngitung beurat atomna. Taun 1855, Robert Bunsen jeung Augustus Matthiessen ngahasilkeun loba pisan logam tina éléktrolisis litium klorida. Logam kalium mimiti dijieun sacara komérsil taun 1923 ku hiji Metallgesellschaft AG maké téhnik éléktrolisis campuran litium klorida jeung kalium klorida[2][6].

Pasipatan[édit | sunting sumber]

Pélét litium (dibungkus ku litium hidroksida bodas)

Kawas logam alkali lianna, litium boga hiji éléktron valénsi nu siap leupas sahingga jadi kation; dicirikeun ku éléktronégativitasna nu leutik. Hasilna, litium gampang pisan robah, réaktif pisan, sarta mibanda titik lééh jeung titik golak nu panghandapna batan logam lianna. Lemahna logam alkali dina meungkeut éléktron valénsi katébong pisan di litium, kusabab ieu unsur téh nu pangleutikna, sahingga paling éléktronégatifdina golongan alkali. Litium ogé boga hubungan diagonal jeung magnésium, unsur nu mibanda radius atom jeung ionik anu sarupa. Duanana sarupa dina ngabentuk nitrida dina N2, oksida mun kaduruk dina O2, garam nu kelarutanana sarua, sarta karbonat jeung nitridana anu teu stabil mun kapanasan[7].

Kimia[édit | sunting sumber]

Dina hawa nu lembab, logam litium gampang rumeuk kabulen ku litium hidroksida (LiOH jeung LiOH·H2O), litium nitrida (Li3N), jeung litium karbonat (Li2CO3 anu hideung, hasil réaksi sékundér antara LiOH jeung CO2)[7].

Mun dideukeutkeun kana seuneu, litium mencarkeun cahya burahay semu bungur, tapi mun diduruk seuneuna bodas caang. Litium bakal hurung sarta kaduruk dina oksigén mun keuna kana cai atawa saab. Ieu unsur téh hiji-hijina logam anu bisa ngalaman réaksi jeung nitrogén dina hawa rohangan.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Krebs, Robert E. (2006). The History and Use of Our Earth's Chemical Elements : A Reference Guide, 47-50, Westport, Conn.: Greenwood Press.
  2. a b Winter, Mark J. "Chemistry : Periodic Table : lithium : historical information". Web Elements. 
  3. a b (2004) Encyclopedia of the Elements: Technical Data - History - Processing - Applications, 287-300, Wiley.
  4. 03 Lithium
  5. Timeline - DiracDelta Science & Engineering Encyclopedia
  6. [http://www.echeat.com/essay.php?t=29195 Free Essay Analysis of the Element Lithium
  7. a b Kamienski et al. "Lithium and lithium compounds". Kirk-Othmer Encyclopedia of Chemical Technology. John Wiley & Sons, Inc. Publikasi online 2004. doi:10.1002/0471238961.1209200811011309.a01.pub2

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]