Lutung Kasarung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Adegan Purba Sari dina Film Loetoeng Kasaroeng taun 1926

Lutung Kasarung (basa Indonésia: Lutung yang Tersesat) nyaéta Carita Pantun Sunda nu dianggap paling karamat tur pangkawentar boh di Tatar Sunda boh di Indonésia. [1] Ku karamatanana, loba juru pantun anu 'teu wasa' midangkeun ieu lalakon. Lutung Kasarung dianggap lalakon pantun buhun ku sabab ngalalakonkeun Nagara Pasir Batang nu dianggap leuwih kolot ti batan karajaan-karajaan séjén di Tatar Sunda.[2]


Eusi carita[édit | sunting sumber]

Ngalalakonkeun kateuadilan di nagara Pasir Batang ku sabab putri sulung Purba Rarang hayang maténi adina anu bungsu Purba Sari alatan bapana ngawariskeun karajaan ka Purba Sari.[2] Ku sabab Purba Sari leutik kénéh, nya kalungguhanana disuluran ku lanceukna, Purba Rarang.[2] Di Kahiangan kacaturkeun Guru Minda meunang impian pinanggih jeung putri nu kacida geulisna sarimbag jeung kageulisan indungna, nyaéta Sunan Ambu.[2] Nalika isukna Guru Minda madep ka Ibuna, Guru Minda ngalingling ngadeuleu maling (maling teuteup) ka nu jadi indung, nepi ka Sunan Ambu ngahukum anakna turun ka buana panca tengah (alam dunya) pikeun néangan pupujan atina tapi kalawan ngagunakeun baju sanghyang méga hideung, nyaéta lutung.[2]

Di Buana Pancatengah Guru Minda nu minda rupa jadi Lutung turun di leuweung tuluy panggih jeung Aki Panyumpit nu dipapancénan ku Purba Rarang sangkan néwak Lutung alatan Prabu Tapa Ageung nu bobor tatapa ku cara ngadahar daging lutung.[2].} Aki Panyumpit tuluy mawa lutung ka istana, ngan ku sabab kacida héséna dipeuncit, samalah kalah ngaruksak taman, Purba Rarang nitah ka Si Léngsér pikeun ngahaturkeun éta lutung ka Purba Sari.[2]

Basa amprok jeung Purba Sari, Guru Minda sadar yén manéhna geus pinanggih jeung putri nu kungsi ngalangkang dina impianna.[2]. Sanggeus ngaliwatan sababaraha ujian jeung sagala cobaan nu datang ti Purba Rarang, antukna Purba Sari Ayu Wangi bisa ngarebut kalungguhan anu sakuduna dipimilik ku manéhna sarta mingpin karajaan dibarengan ku Guru Minda nu geus salin jinis jadi jajaka nu kacida kasépna.[2]

Sajarah Panalungtikan[édit | sunting sumber]

Sanajan geus dipikawanoh ku kalolobaan urang Sunda, nu mimiti ngémbarkeun eusina dina wangun tulisan mah C.M. Pleyte. [3] Pleyte ngadadasaran édisina kana catetan Argasasmita, mantri kudang kopi Kawunglarang. Sajaba ti éta, F.S. Éringa ngajadikeun Lutung Kasarung jadi bahan panalungtikan disertasina di Universitas Léiden.[4] Dina panalungtikanana, Éringa ngabahas struktur puisi dalapan engang (ostosilabik) nu nyampak dina téks anu digarapna.[4] Ajip Rosidi nganalisis eusi carita Lutung Kasarung dina ulikanana ngeunaan sajarah sastra Sunda. [1] Jakob Sumardjo ogé nganalisis sacara hermeuneutik eusining carita Pantun, kaasup lalakon Lutung Kasarung dina taun 2003. [5]

Adaptasi carita[édit | sunting sumber]

Sandiwara[édit | sunting sumber]

Saéstuna, adaptasi carita Lutung Kasarung nu munggaran teu leupas ti pokalna Wiranatakusumah V atawa Dalem Haji.[6] Tarékahna dimimtian ku magelarkeun sandiwara Lutung Kasarung dina acara Kongrés Jawa (Java Congres) di Bandung taun 1921.[6] Pagelaranna mangsa harita kawilang rongkah pisan, nepika Mangkunegoro ti Solo nganggap yén éta pagelaran téh hiji pintonan anu matak helok.[6] Ieu karya téh mangrupa kolaborasi antara Bupati Bandung, Kartabrata, D.K. Ardiwinata, jeung Yudadibrata.[7]

Film[édit | sunting sumber]

Iklan Film Loetoeng Kasaroeng taun 1926

Tina kasuksésan sandiwara Lutung Kasarung dina Kongrés Jawa taun 1921, dina taun 1926, pausahaan N.V. Java Film Company nu diadegkeun ku L. Heuveldrop ti Batavia jeung G. Krugers ti Bandung narékahan ieu carita sangkan dijadikeun Film.[6] Film Loetoeng Kasaroeng kacatet dina sajarah minangka film carita munggaran di Indonésia. [6] Pintonan munggaran Film Loetoeng Kasaroeng diayakeun Juma’ah peuting, maleman pabaru, 31 Désémber 1926. [6] Ieu hal ogé teu leupas ti pokalna Bupati Bandung R.A.A. Wiranatakusumah V anu méré sumbangan matéri nu kacida gedéna.[rujukan?]


Gending Karesmén[édit | sunting sumber]

Taun 1950-an, R.T.A. Sunarya ngangkat ieu carita dina pagelaran Gending Karesmén.[2] Pagelaran Gending Karesmén Lutung Kasarung nu disutradaraan ku R.T.A. Sunarya nu pangsuksésna nyaéta taun 1952, nalika Upit Sarimanah jeung Barli Sasmitawinata midang dina éta pagelaran. [2]


Prosa jeung Puisi (Dangding)[édit | sunting sumber]

Dina wangun prosa ditulis ku Ahmad Bakri dina taun 1975. Dina wangun dangding ditulis ku Sayudi taun 1985 nu saméméhna geus diproduksi dina wangun rékaman tembang (1982) [2].

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b Ajip Rosidi,1983, Ngalanglang Kasusastran Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.
  2. a b c d e f g h i j k l (id) Ajip Rosidi, dkk. (2000) Ensiklopedi Sunda; Alam, Manusia, dan Budaya (termasuk Budaya Betawi dan Cirebon). Jakarta: Pustaka Jaya. Kaca 386. id=ISBN 9794192597
  3. (nl) Pleyte, C.M. (1910), "De legende van den Loetoeng Kasaroeng, een gewijden sage uit Tjirebon" dina Verhandelingen van Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschapen No.58. Kaca XVIII-XXXVIII jeung kaca 135-244
  4. a b (nl) Eringa, F.S. (1949), Loetoeng Kasaroeng; Een-mythologisch verhaal uit West-Java (eerste gedeelte). Bijdrage tot de Soendasche tool-en letterkunde. [Tésis PhD, Universitas Léiden]]
  5. (id) Jacob Sumardjo, 2003, Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda.Bandung: Kelir.id=ISBN 9799771706
  6. a b c d e f (id) Misbach Yusa Biran (2009). Sejarah Film 1900-1950: Bikin Film di Jawa. Jakarta:Komunitas Bambu.Kaca 64
  7. (id) Iip D Yahya, Siapakah R.A.A. Wiranatakusumah, dina Selisik Pikiran Rakyat tanggal Senén, 1 Maret 2010