Mandala

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Wangun Mandala Candi Borobudur.

Mandala asalna ti basa Sansekerta (मण्डल) nu hartina nya éta lingkaran. Mandala didieu ogé artina puseur jeung nu ngurilingan. Mandala nya éta dunya puseur, wilayahna nu watesna jelas kadefinisikeun. [1][2]

Deskripsi[édit | sunting sumber]

Mandala nya éta hiji totalitas nu kawengku ku bagéan-bagéan. Jeung sakabéhna éta ngajadikeun mandala jadi hiji kasampurnaan jeung kalengkepan. Kasampurnaan mandala dibentuk ku karageman kualitas saperti puseur roda nu dikurilingan ku jaruji roda badag. Ieu nu nyababkeun mandala ogé dingaranan hiji dewan kulawarga badag atawa dulur nu kawengku ti sababaraha kahadéan nu ngahiji dina puseurna. [1] Harti mandala nu séjén nya éta esensi samurni-murnina, sabab mandala asalna ti kecap manda nu hartina cai susu jeung la nu hartina dibentuk ti. Mandala sakapeung disebut kiju, nya éta sari cai susu nu kakosentri dina intina inti. Hiji nu tangtu, final, homogen, jeung bebas ti residua. [1] Ti wangenan éta nu samurni-murnina éta tuluy muncul paham Realitas Non-Dual (advaita) kaayaan. Paham India ieu manggihan akarna dina paham Indonesia Primodial, nya éta monisme. Sanajan monisme di Indonesia disebut salaku monisme-naturalistik, nya éta nu transenden nya éta imanen-semesta, namung filsafat Advaita ieu manggihan alam pikiran nu sarua. Gampang pisan konsep mandala ieu ditarima ku karajaan-karajaan Sunda hususna jeung dumasar kana konsep mandala ieu, boh candi-candi Hinduis atawa Budhis. Di Pasundan kacetak dina bentuk pantun-pantunna. [1]

Mandala Candi Séwu.

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d Sumardjo, Jakob.2009.Simbol-Simbol Artefak Budaya Sunda.Bandung: Kelir.
  2. Geertz, Clifford.1992.Tafsir Kebudayaan terjemahan F. Budi Hardiman.Kanisius, Yogyakarta.
Nulis.jpg