Manggah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Manggah
Buah manggah nu masih kénéh atah
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Phylum: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Sapindales
Family: Anacardiaceae
Genus: Mangifera
Species: M. indica
Ngaran binomial
Mangifera indica
L.

Manggah nyaéta ngaran sarupaning bungbuahan, kitu ogé ngaran tangkalna. Manggah kaasup kana marga Mangifera, anu diwangun ku 35-40 anggota, sarta suku Anacardiaceae. Ngaran ilmiahna nyaéta Mangifera indica.

Genus Mangifera miboga 62 spésiés, tapi anu ngahasilkeun buah anu ngeunah aya 16 spésiés. Manggah anu ku urang didahar sapopoé, kawas manggah golék kaasup spésiés Mangifera indica L.

Tangkal manggah kaasup golongan arboreus, nyaéta tuwuhan kai nu miboga luhur tangkal leuwih ti 5 m. Luhur tangkal manggah bisa ngahontal 10-40 m sarta umurna bisa ngahontal 10 taun atawa leuwih. Ngaran buah ieu asalna ti basa Malayalam manga. Kecap ieu diindonesiakeun jadi mangga sarta disundakeun jadi manggah; sarta kecap ieu dibawa ka Éropa ku urang Portugis sarta diserep jadi manga (basa Portugis), mango (basa Inggris) jeung nu séjén-séjénna. Ngaran ilmiahna sorangan kira-kira ngandung harti: “(tangkal) anu buahan manggah, asalna ti India”.

Ti tempat asalna nyaeta di wewengkon wates antara India jeung Burma, mangga sumebar ka Asia Tenggara sekurangna saprak 1500 taun katukang. Buah ieu dipikawanoh ogé dina rupa-rupa basa wewengkon, kawas mempelam (basa Malayu), pelem atawa poh (basa Jawa), sarta nu séjén-séjén.

Morfologi tangkal manggah[édit | sunting sumber]

Akar[édit | sunting sumber]

Manggah boga akar tunggang anu ngandung rea cabang, tina cabang akar ieu tumuwuh cabang laleutik, cabang leutik ieu diwuwuhan bulu-bulu akar anu pohara lemes. Akar tunggang tangkal manggah pohara panjang nepi ka bisa ngahontal 6 méter, manjangna akar tunggang baris eureun lamun ngahontal beungeut cai taneuh. Akar cabang beuki kahandap beuki saeutik, pangréana akar cabang dina jejero leuwih kurang 30-60 cm.

Tangkal[édit | sunting sumber]

Tangkal mangrupakeun bagian tengah tina hiji tutuwuhan anu tumuwuh lempeng kaluhur. Bagian ieu ngandung zat-zat kai, sahingga tangkal manggah tumuwuh ajeg, teuas, sarta kuat. Wangun tangkal manggah ajeg, boga réa cabang nu rada kuat, daun leubeut nyieun tajuk anu éndah ngawangun kubah, oval atawa manjang. Kulitna kandel sarta teuas kalawan réa celah-celah leutik sarta sisit-sisit urut gagang daun. Warna kulit anu geus kolot biasana coklat semu kulawu, kulawu kolot nepi ka ampir hideung.

Di handap ieu sawatara béda tangkal manggah anu asalna ti siki jeung tangkal manggah anu asalna ti sambungan atawa témpél.

Asalna ti siki Asalna ti sambungan atawa témpél
Tangkal ilaharna ajeg, kuat sarta luhur Tangkal leuwih pondok sarta cabangna ngarangkadak
Umurna bisa ngahontal leuwih ti 100 taun Umurna ngan ngahontal 80 taun, malah kurang
Mimiti buahan sageus umurna leuwih kurang tujuh taun Geus mimiti kembangan sanggeus umur 1 taun

Daun[édit | sunting sumber]

Daun diwangun ku dua bagian, nyaéta gagang daun jeung awak daun. Awak daun tulangan sarta uratan, antara tulang jeung urat katutup ku daging daun. Daging daun diwangun ku kumpulan sél-sél anu teu kaitung lobana. Daun tempatna gunta-ganti. Panjang gagang daun rupa-rupa ti 1,25-12,5 cm, bagian puhuna ngagedéan sarta dina sisi palebah luhur aya galurna. Aturan lokasi daun dina tangkal biasana 3/8, tapi beuki ngadeukeutan tungtung, tempatna beuki padeukeut sahingga katempo kawas dina bunderan.

Macem-macem wangun daun:

  • Lonjong sarta tungtungna kawas tungtung tumbak.
  • Ngawangun juru opat, tapi tungtungna seukeut.
  • Ngawangun buleud endog, tungtungna seukeut kawas mata tumbak.
  • Ngawangun juru opat, tungtungna ngabuleud.

Sisi daun biasana lemes, tapi sakapeung, saeutik ngagulung atau ngalipet. Panjang lambaran daun 8-40 cm sarta rubakna 2-12,5 cm, gumantung kana wanda sarta kesuburanana. jumlah tulang daun anu kadua (cabang) 18-30 pasang. Daun anu masih ngora biasana boga warna semu beureum anu satuluyna baris robah dina bagian beungeut palebah luhur robah jadi héjo hérang, sedengkeun bagian beungeut handap warnana héjo ngora. Umur daun bisa ngahontal 1 taun atawa leuwih.

Kembang[édit | sunting sumber]

Kembang manggah nyaéta kembang majemuk. Dina kaayaan normal kembang majemuk tumuwuh tina sirung tungtung, keur sirung anu asalna lain tina sirung tungtung henteu ngahasilkeun kembang, tapi régang daun nu ilahar. Runtuyan kembang biasana buluan, tapi sawaréh aya ogé anu henteu buluan. Kembang majemuk ieu diwangun ku sumbu utama anu miboga réa cabang utama. Saban cabang utama ieu miboga réa cabang-cabang deui, nyaéta cabang kadua. Jigana cabang kembang kadua ieu miboga hiji kolompok anu diwangun ku 3 kembang atawa miboga cabang tilu. Saban kolompok tilu kembang diwangun ku tilu kembang sarta saban kembang boga gagang pondok kalawan daun nu leutik. Jumlah kembang dina saban kembang majemuk bisa ngahontal 1000-6000.

Dina saban runtuyan kembang aya kembang jalu sarta kembang hérmaprodit (kembang nu boga bagapurusa dua nyaéta jalu jeung bikang). Badagna kembang leuwih kurang 6-8 mm. Kembang jalu leuwih réa batan kembang hérmaprodit. Sarta jumlah kembang hérmaprodit ieu pisan anu nangtukeun kabentukna buah, sarta anu miboga calon buah normal kira-kira 5-10%. Kembang manggah biasana boga gagang pondok, arang boga gagang panjang sarta ambeuna seungit. Proséntase kembang hérmaprodit rupa-rupa, gumantung kana wandana, nyaéta ti 1,25%-77,9%.

Kongkolak kembang jeung makuta[édit | sunting sumber]

Kongkolak kembang biasana aya 5, kitu ogé makuta kembang diwangun ku 5 daun kembang, tapi sakapeung aya anu 4 nepi ka 8, warnana konéng sepa, sedengkeun dina bagian tengah aya gurat nu timbul sarta jumlahna 3 nepi ka 5 anu warnana rada kolot. Warna bagian sisi daun makuta warnana bodas. Dina waktu layu, warna makuta kembang tadi jadi semu beureum.

Benang sari[édit | sunting sumber]

Jumlah benang sari aya 5, tapi anu subur ngan hiji atawa dua sedengkeun anu séjénna mandul. Benang sari anu subur biasana ampir sarua panjangna jeung putik, nyaéta kira-kira 2 mm, sedengkeun benang sari anu mandul mah pondok.

Sirah putik jeung tipung sari[édit | sunting sumber]

Warna sirah putik semu beureum sarta baris robah warnana jadi wungu mangsa sirah sari ngabuka pikeun méré kasempetan ka tipung sari anu geus sawawa pikeun ngawin (ngawuran) sirah putik. Wangun tipung sari biasana buleud panjang, leuwih kurang 20-35 mikron.

Calon buah[édit | sunting sumber]

Calon buah ieu henteu gagangan sarta aya dina hiji rohangan, sarta perenahna dina hiji piringan.

Buah[édit | sunting sumber]

Buah manggah kaasup golongan buah batu anu dagingan. Panjang buah kira-kira 2,5-30 cm. Wangun buah aya anu buleud, buleud endog atawa manjang sarta aya ogé anu bentukna gepéng. Warnana rupa-rupa, aya anu héjo, konéng, beureum atawa campuran. Dina bagian tungtung buah,ada bagian anu seukeut anu disebut pamatuk. Di luhureun pamatuk aya bagian anu melengkung anu disebut sinus, anu manjang kana bagian beuteung. Bagian tukang disebut tonggong. Kulitna kandel sarta aya kelenjar, dagingna kandel sarta aya anu konéng gumantung wandana. Daging buah aya anu badag sarta aya ogé anu henteu badag, aya anu caian sarta aya anu henteu caian, aya anu amis sarta aya anu kurang amis.

Siki[édit | sunting sumber]

Siki tempatna dina jero kulit anu teuas, badagna rupa-rupa. Siki diwangun ku dua keping, siki aya anu monoembryonal sarta aya anu poliembryonal.

Hasil sarta pamakéan[édit | sunting sumber]

Manggah utamana dipelak pikeun diala buahna. Buah anu haseum ilahar dina kaayaan atah, minangka buah méja atawa campuran es, dina wangun siksikan atawa diblender. Buah anu ngora mindeng dirujak, atawa dijual di sisi jalan sanggeus dipesék, dibeulah-beulah sarta ditambahan samara uyah jeung cabé. Buah manggah ogé dikokolakeun jadi manisan, siksikan buah garing, dikalengan sarta nu séjén-séjénna. Di réa wewengkon di Indonésia, manggah (kolot atawa ngora) anu haseum mindeng dijadikeun campuran sambel atawa asakan lauk jeung daging.

Siki manggah bisa dijadikeun kadaharan ingon-ingon atawa hayam. Daun ngorana dijadikeun lalab atawa dijadikeun sayuran. Kai tangkal manggah cukup kuat, teuas sarta gampang dipigawé; tapi kurang awét pikeun pamakéan di luar rohangan. Kai ieu ogé bisa dijadikeun areng anu alus.

Manggah utamana dihasilkeun ku nagara-nagara India, Méksiko, Brasil, Pakistan, Thailand, Tiongkok, Indonésia, Filipina, sarta Bangladés. Total produksi dunya dina taun 80-an kira-kira 15 juta ton, tapi ngan kira-kira 90.000 ton (1985) anu didagangkeun di tingkat dunya. Hartina, kalolobaan manggah didahar sacara lokal.

Samentara éta pasar utama manggah nyaéta Asia Tenggara, Éropa, Amérika Sarikat sarta Jepang. Singapura, Hong Kong sarta Jepang mangrupa pangimpor anu pangbadagna di Asia. Gambaran produksi manggah taun 2005 bisa ditempo dina tabel di gigir.

Manggah ngabogaan ajén-ajén budaya anu luhur, hususna di réa nagara di Asia bagian kidul. Di Filipina, buah ieu mangrupa lambang nagara. Dina Wéda, kitab suci ageman Hindu, manggah dianggap “susuguhan para déwa”. Daun-daun manggah mindeng dipaké dina dékorasi upacara kawinan atawa kaagamaan Hindu.

Wanda anu sadulur[édit | sunting sumber]

Mangga sabaraya jeung bacang (M. foetida), kemang (M. kemanga), kawéni (M. odorata), sarta réa deui.

Bahan bacaan[édit | sunting sumber]

  • Morton, J. 1987. Mango. p. 221–239. In: Fruits of warm climates. Julia F. Morton, Miami, FL.
  • van Steenis, C.G.G.J. 1981. Flora, pikeun sakola di Indonésia. PT Pradnya Paramita. Jakarta.
  • Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. Asal Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan anu bisa dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]