Mantra Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Diamond-caution.png Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan katingali siga Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.

Harti[édit | sunting sumber]

Mantra nya éta karya sastra wangun puisi nu dianggap miboga kakuatan gaib di jerona. Ugeran atawa aturan puisi dina mantra nya éta dina lebah wirahma jeung purwakanti (Ngandung kakuatan gaib). Wangunana/bentuk na mangrupa bentuk bahasa puisi anu ngabogaan sifat esoterik (hese katangkap maksudna).

Rupa-rupa mantra diantarana:

Rupa-Rupa Mantra[édit | sunting sumber]

Jangjawokan Jangjawokan dipapatkeun pikeun ménta kasalametan,kalancaran,kahadéan dina migawé hiji hal.

JANGJAWOKAN DIPUPUR

Pupur aing pupur panyambur
Panyambur panyangling rupa
Nylain rupa ti déwata
Nyalin sari ti widadari
Nya tarang lancar mentrangan
Nya halis katumbirian
Nya irung kuwung-kuwungan
Dideuleu ti hareup sieup
Disawang ti tukang lenjang
Ditilik ti gigir lenggik
Mangka welas mangsa asih ka nu dipupur
Diténjo ku saider buana kabéh

Asihan[édit | sunting sumber]

Asihan atawa pelet dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu séjén mikaasih ka diri nu mapatkeunna.

ASIHAN SI BURUNG PUNDUNG

Nu cunduk bayu si anu
Nu datang atmana si éta
Reujeung satineung jeung aing
Mangka datang jeung ragana
Mangka cunduk jeung bayuna
Mangka naranya jeung satineung
Mangka tunggal atmana
Iya rasa nira
Iya ras nisun
Saking purba n ing pangéran
Asih ka asih ka awaking
No bogoh paboro-boro nu hayang paheula-heula
Nu beuki pagiling-giling
Nya bayu pagulung-gulung
Nya atma paheula-heula
Mangka eujeng satineung
Da tungkul geusna jeng sukma

Ajian[édit | sunting sumber]

Ajian dipapatkun pikeun kakuatan, kasaktén, kabedasan, jsb.

AJIAN KABEDASAN

Dampal suku ngabatu datar
Bitis ngabatu wilis
Nyurup ka badanna
Nyurup ka sungsumna
Getih sabadan
Bedas ngala ka aki

Singlar[édit | sunting sumber]

Singlar dipapatkeun pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal nu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-silemin, jeung nu boga niat goréng.

SINGLAR KA MUSUH
Curulung cai ti manggung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si éta
Anaking palias teuing

Jampé[édit | sunting sumber]

Jampé dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa kabiasan nu kurang hade sangkan hade.

JAMPE BUDAK CEURIK
Nyi ara-ara
Nyi iri-iri
Ulah sok jai ka adi
Tuh, da sia bawa ngajadi
Jep meneng si jabang bayi

Rajah[édit | sunting sumber]

Rajah dipapatkeun pikeun ménta kasalametan, henteu kakaeunaan ku hal-hal goréng, saperti barang aya nu maling jsb.

RAJAH CITRA KASUNYIAN
Hong citra kasunyian
Hong citra kasundulan
Jleg bumi
Jleg manusa
Jleg sétan
Manusa wiwésa
Sétan sampurna
Sampurna kersaning Alloh
Asahadu Alla Illaha Ilalloh
Waashadu Anna Muhammadar Rasululloh

Daftar Pustaka[édit | sunting sumber]

Budi Rahayu Tamsyah, Pangajaran Sastra Sunda.