Maroko

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Keur guna lian ti Maroko, tempo Maroko (disambiguasi).
المملكة المغربية
ⵜⴰⴳⵍⴷⵉⵜ ⵏ ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ
Karajaan Maroko
Bandéra Maroko Lambang Maroko
Motto
الله، الوطن، الملك
Allāh, al-Waṭan, al-Malik
ⴰⴽⵓⵛ . ⴰⵎⵓⵔ . ⴰⴳⵍⵍⵉⴷ
Akuc, Amur, Agellid
"Gusti, Lemah Cai, Raja"
Lagu

النشيد الشريف
"An-Nasyid Asy-Syarif"
Location of Maroko
Wewengkon nu héjo némbongkeun téritori Maroko anu diakuan internasional. Anu diarsiran nya éta wewengkon Sahara Kulon nu dipaséakeun; Maroko maréntahan kalobaannana ti wewengkon ieu salaku Propinsi Kidulna kalawan de facto.
Ibu kota Rabat
34°02′N 6°51′W
Kota panggedéna Kasablanka
Basa resmi
(Basa pribumi)
Basa Arab[1]
Amazigh[2][a]
(Basa Arab Maroko, Tachelhit, Tamazight Atlas Tengah Tarifit, Hassaniya. [b])
Grup étnis  99,1% Arab-Berber
0,7% Nu lian
0,2% Yahudi[3]
Démonim Moroccan
Pamaréntah Démokrasi parleménter kahijian jeung Monarki Konstitusional
 -  Raja Mohammed VI
 -  Perdana Mentri Abdelillah Benkirane
Monarki 110 SM 
 -  Karajaan Mauretania 110 SM – 40 M 
 -  Dinasti Alaouite 1666–ayeuna 
 -  Kamerdikaan ti Perancis 2 Maret 1956 
 -  Kamerdikaan ti Spanyol 7 April 1956 
Aréa
 -  Total 446.550 km² (ka-58/ka-40)
172.487 mil² 
 -  Cai (%) 250 km² (0,056%)
Populasi
 -  Perkiraan  2011 32.208.557[4] (ka-38)
 -  Sénsus 2004 29.680.069[5] 
 -  Kapadetan 71,6 /km² (ka-122)
185,5 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2011
 -  Total $163,181 milyar[6] 
 -  Per kapita $5.069,783[6] 
GDP (nominal) Perkiraan 2011
 -  Total $101,767 milyar[6] 
 -  Per kapita $3.161,728[6] 
HDI (2011) Green Arrow Up Darker.svg 0,582 (sedeng) (ka-130)
Mata uang Dirham Maroko (MAD)
Zona wanci WET (UTC+0)
 -  Usum panas (DST) WEST (UTC+1)
TLD Internét .ma
Kode telepon +212
a. ^  Basa Perancis ogé dipaké dina dokumén resmi pamaréntah jeung ku komunitas bisnis, sanajan teu boga status resmi.

b. ^  tempo ogé Basa di Maroko.

c. ^  446.550 km² (172,410 mil²) teu ngawengku sadaya wewengkon nu dipaséakeun.
710.850 km² (274,460 mil²) Ngawengku wewengkon nu diparéntah Maroko Sahara Kulon anu diklaim ku Front Polisario salaku Républik Sahrawi

Maroko (Basa Arab: المغربal-Maghrib ; Berber: ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ[7] Lmaɣrib), resmina Karajaan Maroko[8] (Basa Arab: المملكة المغربيةal-Mamlaka al-Maghribiyya: pronunciation ; Berber: ⵜⴰⴳⵍⴷⵉⵜ ⵏ ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ Tagldit n Lmaɣrib), nya éta hiji nagara nu aya di Afrika Kalér. Nagara ieu miboga populasi nu leuwih ti 32 yuta jiwa sarta aréa 710.850 km², jeung ogé maréntahan wewengkon Sahara Kulon (nu dipaséakeun statusna). Nagara ieu mangrupakeun bagian ti wewengkon Magribi, sareng Tunisia, Aljazair, Mauritania, jeung Libya, nu boga patalian sajarah, basa, jeung budaya.

Maroko mangrupakeun hiji monarki konstitusional kalawan parlemén anu dipilih. Raja Maroko miboga kakawasaan éksekutif nu lega, kaasup kamungkinan ngabubarkeun parlemén. Kakawasaan législatif dipiboga ku boh pamaréntah boh parlemén 2 kamarna, Déwan Pawakilan jeung Majelis Déwan. Sang Raja ogé tiasa ngaluarkeun dékrét nu disebut dahir nu miboga kakiatan hukum. Pamilu parlemén dilaksanakeun di Maroko dina 7 Séptémber 2007, jeung diperhatoskeun ku sababaraha panénjo nétral minangka paling bébas jeung adil; sanajan partisipasi ngan 37%, nu pangsaeutikna dina sababaraha dékade. Ibu kotana nya éta Rabat, jeung kota panggedéna nya éta Kasablanka; kota gedé lianna contona Marrakésh, Tetouan, Tangier, Salé, Fes, Agadir, Meknes, jeung Oujda.

Kalobaannana urang Maroko nyaturkeun minimalna hiji ti dua Berber jeung Arab Maroko salaku basa indung. Basa-basa éta duanana miboga dialék jeung logat wewengkon.

Daptar eusi

Babagian administratif [édit]

Région-région Maroko

Maroko dibagi kana 16 région,[9] jeung dibagi deui kana (total) 62 préféktur jeung propinsi.[10]

Région [édit]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Région di Maroko.

Salaku bagian ti hukum déséntralisasi/régionalisasi 1997, 16 région nyar dijieun, nya éta:

Status Sahara Kulon [édit]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Sahara Kulon jeung Status légal Sahara Kulon.
Wétaneun tanggul nya éta wewengkon nu diatur ku Polisario

Ku sabab konflik di Sahara Kulon, status wewengkon "Saguia el-Hamra" jeung "Río de Oro" dipaséakeun. Pasarikatan Bangsa-Bangsa nempo Sahara Kulon salaku hiji wewengkon tanpa pamaréntahan sorangan, jeung salaku hiji perkara ti dékolonisasi nu teu réngsé. Pangawasaan Maroko kana wewengkon ieu teu diakuan sacara internasional, pun ogé républik merdika anu diajukeun Polisario, hiji grup Saharawi nu ngalawan panjajahan Spanyol jeung teras pikeun kamerdikaan Sahara Kulon salaku Républik Démokratik Arab Sahrawi (ayeuna markasna di Aljazair). Aya gencatan senjata ti 1991, jeung hiji misi PBB (MINURSO) pikeun ngurus hiji réferéndum sangkan téritori ieu merdika atawa diakuan salaku bagian ti Maroko.

Téritori ieu kalobaannana diparéntah salaku Propinsi Kidul ku Maroko saprak Spanyol ngaleupaskeun wewengkon ieu ka Maroko jeung Mauritania sanggeus Pasatujuan Madrid dina 1975–76. Bagian ti téritori, Zona Bébas, nya éta hiji aréa nu teu didumukan nu diatur the Front Polisario salaku Républik Démokratik Arab Sahrawi kalawan markasna di Tindouf, Aljazair.

Perang Sahara Kulon [édit]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Perang Sahara Kulon.

Perang Sahara Kulon nya éta konflik senjata antara Front pagerakan kemrdikaan pambarontakan nasional Polisario Sahrawi jeung Maroko sareng Mauritania pikeun kawasa kana urut jajahan Spanyol, Sahara Kulon; lumangsung ti 1976 nepi ka 1991. Perangna ngahasilkeun kaluarna Spanyol dina 1976, kaluarna Mauritania dina 1979, jeung gencatan senjata sareng Maroko. Kalobaannana ti wewengkon tetep dina kadali Maroko.

Lanskap jeung monumén [édit]

Jbel Toubkal, gunung pangluhurna di Afrika Kalér  
Dano Tislit, di Imilchil, Atlas Luhur  
Legzira beach near Sidi Ifni  
Oasis Figuig, Maroko wétan  
Volubilis, situs arkéologi deukeut Meknes  
Chefchaouen, Maroko kalér  
Masjid Koutoubia diwangun ku Dinasti Almohad. (abad ka-12)  
Munara Hassan, Rabat. Diwangun ku Yaqub al-Mansur (abad ka-12)  
Ben Youssef Madrasa di Marrakésh, diwangun dina abad ka-14ku Sultan Abu al-Hassan.  
Madrasa Bou Inania di Fes, diwangun ku Sultan Abu Inan Faris, abad ka-14.  
Bab Mansour di Meknes  

Tempo ogé [édit]

Catetan jeung réferénsi [édit]

  1. "An Islamic and fully sovereign state whose official language is Tamazight, the Kingdom of Morocco constitutes a part of the Great Maghreb." "Moroccan Constitution". 22 Méi 2011. http://latimesblogs.latimes.com/babylonbeyond/2011/06/morocco-reform-can-lead-to-a-genuine-constitutional-monarchy.html "An Islamic and fully sovereign state whose official language is Tamazight, the Kingdom of Morocco constitutes a part of the Great Maghreb.". 
  2. "BBC News – Morocco's King Mohammed unveils constitutional reforms", 2011-06-18.
  3. "Ethnic groups". World Factbook. Central Intelligence Agency. https://www.cia.gov/library/publications/the-world-factbook/geos/mo.html. Diakses pada 3 Oktober 2009. 
  4. Site institutionnel du Haut-Commissariat au Plan du Royaume du Maroc. Hcp.ma. Retrieved on 2011-07-23.
  5. Haut-Commissariat Au Plan (2004). "Recensement général de la Population et de l'Habitat 2004".[tumbu nonaktif]
  6. a b c d "Morocco". International Monetary Fund. http://www.imf.org/external/pubs/ft/weo/2011/02/weodata/weorept.aspx?pr.x=62&pr.y=3&sy=2009&ey=2016&scsm=1&ssd=1&sort=country&ds=.&br=1&c=686&s=NGDPD%2CNGDPDPC%2CPPPGDP%2CPPPPC&grp=0&a=. Diakses pada 6 Méi 2011. 
  7. "Tamazight name according to the Institut Royal de la Culture Amazighe". Ircam.ma. http://www.ircam.ma/amz/index.php. Diakses pada 4 Nopémber 2011. 
  8. Conventional long form: Kingdom of Morocco – Conventional short form: Morocco – Local long form: al-Mamlakah al-Maġribiyya – Local short form: al-Maġrib – CIA World Factbook
  9. Regions of Morocco, statoids.com
  10. Regions of Morocco, statoids.com


Tumbu kaluar [édit]

Mangga paluruh émbaran nu langkung seueur ngeunaan Morocco ku jalan nyungsi proyék sawargina Wikipedia
Wiktionary-logo-en.png Définisi kamus ti Wiktionary
Wikibooks-logo.svg Buku téks ti Wikibooks
Wikiquote-logo.svg Cutatan ti Wikiquote
Wikisource-logo.svg Téks sumber ti Wikisource
Commons-logo.svg Gambar jeung média ti Commons
Wikinews-logo.svg Warta ti Wikinews
Wikiversity-logo-en.svg Sumber pangajaran ti Wikiversity

Wikivoyage-logo.svg   Tingali ogé Maroko di Wikivoyage

Citakan:Morocco topics

Géografi lokal
Kaanggotaan internasional

Citakan:Union for the Mediterranean

Citakan:Community of Democracies

Basa


Countries.png