Martabak Amis
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
Martabak Amis miboga sajarah nu panjang di Indonesia.[1] Numutkeun carita ieu kué mimiti aya dina ahir abad 19, di Sungailiat, Pulo Bangka.[1] Harita loba jelma Tionghoa anu ngarantau di Pulo Bangka, jeung Belitung.[1] Dina kaayaan tingkat ékonomi nu minim, anjeunna nu geus teu kuat gawé di tambang timah mertahankeun hirupna ku rupa-rupa cara, salah sahijina dina widang usaha kadaharan.[1]
Salah sahiji pendatang Tionghoa éta tinekanan nyieun kuéé tina adonan tarigujeung endoganu tuluy dibeuleum dina loyang beusi anu buleud.[1] Sanggeus ngembang, kué tuluy dipurulukan wijén sangrai jeung gula pasir.[1] Ahirna ieu kué disebat Hok lo pan, Hok lo hartina urang tionghoa, ari pan hartina loyang anu paragi meuleum kuéna.[1]
[édit] Resép
[édit] Bahan
[édit] Bahan Pikeun Kulitna
[édit] Bahan Pikeun Eusi (Kumaha Karesep)
- Kacang tanah, sangrai, kupas, cincang[2]
- Wijen, sangrai[2]
- Gula pasir[2]
- Coklat[2]
- Keju Parut[2]
- Susu kental manis[2]
[édit] Cara Nyieun
- Asupkeun ragi kana santen haneut, tuluy aduk nepi ka ngahiji, tuluy cicingkeun.[2]
- Hijikeun tarigu jeung gula, tuluy asupkeun endog, aduk nepi ka ngahiji.[2] Asupkeun cai santen nu bieu di jieun, aduk nepi rata, tuluy cicingkeun salila 15-20 menit dina tempat nu haneut.[2]
- Siapkeun loyang, tuluy panaskeun sabari diolésan mantéga, tuluy asupkeun adonanna jeung purulukan gula nepi ka rata.[2]
- Mun geus asak, angkat kulit martabak kana talenan, tuluy purulukan ku bahan jang eusina (kumaha karesep).[2]
- Lipet jadi satengah lingkaran, tuluy keureutan.[2]
[édit] Rujukan
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |