Mas Acé Salmun Raksadikaria

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Mas Acé Salmun Raksadikaria atawa nu kawentar M. A. Salmun (23 April 1903 - 10 Pébruari 1972) téh bujangga, ahli basa jeung sastra Sunda jeung Indonésia. Kaweruhna dina widang sastra sarua jerona jeung katiginanana dina nyiptakeun karya-karya sastra (utamana dina basa Sunda). Lian ti karya sastra tradisional modél wawacan, gending karesmén, Salmun ogé getol ngarang novél, roman, jeung carpon.

Salmun dibabarkeun di Rangkasbitung ti kulawarga asistén wadana Mas Abusa'id Raksadikaria anu keur ngorana kungsi jadi 'kamidi' (pangarang gending karesmén jeung pinter nari). Indungna, Nyi Mas Samayi, turunan ménak Lebak, najan teu kungsi sakola, cenah parigel maca Latén, Jawa, Sunda, jeung Arab, sarta pinter basa Sunda, Jawa, Kawi, Malayu, sarta saeutik Walanda jeung basa Cina. Ku kapinteranana, dina hal basa, indung Salmun loba kanyahona dina widang pustaka bihari, sahingga sok jadi pananyaan sarjana Walanda.

Riwayat karir[édit | sunting sumber]

Saréngsé sakola di HIS, MA Salmun ngamimitian gawé di Kantor Pos dan Telepon-Telegrap (PTT) Rangkasbitung, laju dipindahkeun ka Tangjung Karang. Di dinya pisan anjeunna mimiti ngarang daria, sarta ngirimkeun tulisan-tulisanana ka Balé Pustaka. Ti Tanjung Karang, anjeunna dialihkeun deui ka Cianjur.

Taun 1938, Salmun diasupkeun ka Sidang Pangarang Sunda Balé Pustaka anu harita loba medalkeun wawacan, di antarana Ciung Wanara (1939), Mundinglaya (1940), Ekalaya Palastra (1940), Asmarandhana (1942), jeung Goda Rancana (1942). Taun 1943 Salmun kaluar ti Balé Pustaka, terus pindah jadi pagawé luhur pamong praja di Banten, tapi balik deui ka Balé Pustaka (1948-1951). Karya-karya munggaran anjeunna nu medal ti Balé Pustaka, di antarana ngarang Padalangan Pasundan (1949), ngédit Mahabharata (1950), ngaropéa Wawangsalan Jeung Sisindiran karya Mas Adiwinata jeung Radén Bratakusumah jadi Sisindiran (1950), jeung ngarang Gogoda ka nu Ngarora (1951).

Nalika Fakultas Sastra UI muka mata kuliah basa Sunda, Salmun jadi dosén luar biasa taun 1951. Anjeunna getol pisan nalika Konperensi Basa Sunda di Bandung (1952) anu ngahasilkeun ngadegna Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). Ampir dina kongrés-kongrés basa Sunda salajengna, Salmun salawasna ngadeudeul ku pamendak-pamendakna ngeunaan kamekaran basa Sunda.

Di Bogor, Salmun ngilu marajian sarta ngabantu medalna majalah Tjandra (1954), Manglé (1957), jeung Sari (1963). Dina majalah-majalah éta, anjeunna getol midangkeun karya-karyana anu mangrupa carita nyambung atawa bahasan ngeunaan sastra. Carita-carita nyambungna salajengna loba nu dibukukeun, di antarana baé Budah Cikapundung (1965), Angeun Haseum (1965), Villa Bati Nyeri (1966), jeung Néangan Bapa (1966).

Sakaluarna ti Balé Pustaka, Salmun jadi pagawé di Departemén Sosial nepi ka pangsiun.

Karya-karyana[édit | sunting sumber]

Karya-karya sastra munggaran MA Salmun mimiti mucunghul dina wanda dangding jeung carpon anu dimuat dina Volksalmanak Soenda jeung kalawarta Parahiangan wedalan Balé Pustaka. Sanggeus éta, anjeunna ogé ngarang wawacan, gending karesmén, bahasan/éséy, roman, sajak, jsb. Bukuna anu munggaran medal nyaéta Moro Julang Ngaleupaskeun Peusing (1923) jeung Sungkeman Gelung (1928). Naskah gending anu dijieun dina mangsa awalna jadi pangarang, di antarana Mundinglaya, Kelenting Kuning, jeung Lénggang Kancana (sadayana taun 1933). Naskah gending Lénggang Kancana salajengna di-Indonésiakeun ku Armijn Pane (1934). Dina jaman sanggeus perang, Salmun nulis gending Arya Jalak Harupat anu nyaritakeun Oto Iskandar di Nata (1954).

Karya Salmun anu kacatet jeung kakumpulkeun aya 480 judul (1929-1967), kaasup anu ditulis dina basa Indonésia. Mun ditilik jenisna, nu 480 téh ngawengku 122 judul guguritan, 6 judul wawacan, sanjak 25 judul, carita pondok 103 judul, roman 7 judul, anékdot 26 judul, drama dangding jeung gending karesmén 5 judul, bahasan 172 judul, pangaweruh umum 6 judul, jeung buku pangajaran 8 judul.

Lian ti giat dina widang sastra, taun 1965 Salmun ngadegkeun Sakola Dalang di Bandung.

Pikeun pangéling-éling kana jasana, ngaran M. A. Salmun dijadikeun ngaran jalan di Bogor anu ngaran asalna Jalan Pabrik Gas.

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg