Masjid Agung Cianjur

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Masjid Agung Cianjur kiwari

Masjid Agung Cianjur nyaeta masjid jami di Kabupaten Cianjur anu perenahna di Jl Siti Jenab 14,Pamoyanan,Cianjur Kode POS 43211. [1] Ieu masjid teh kaasup salahsahiji masjid pangkolotna jeung panggedena di Jawa Kulon.


Sajarah[édit | sunting sumber]

Alun-alun hareupeun Masjid Agung Cianjur taun 1920-an.

Masjid Agung Cianjur mimiti diwangung taun 1810 ku warga pangeusi Cianjur anu teu kungsi kacatet ngarana. Pangwangunan Masjid Agung Cianjur ditaratas ku Radén Bodédar binti Kangjeng Dalem Sabirudin, Bupati Cianjur nu kaopat kalawan nyangking gelar Radén Adipati Wiratanu Datar IV (Régent 1727-1761). Anjeunna ngawakafkeun taneuh di puseur dayeuh Cianjur pikeun ngadegkeun Masjid Agung Cianjur jeung alun-alun hareupeun masjid agung. [2]

Mimitina mah ukuran Masjid Agung Cianjur téh leutik pisan, tuluy kira-kira taun 1820, mimiti diropéa jeung dilegaan, nu antukna ukuranana jadi 20x20 m² atawa 400 m². Éta pagawéan ngaropéa jeung ngalegaan Masjid Agung Cianjur téh dilakukeun ku panghulu gedé, Radén Muhammad Hoesin Bin Syékh Abdullah Rifai panghulu agung mimiti (I), R. Mojanagara binti Dalem Sabirudin. Anjeuna nyaéta incu Dalem Sabirudin. Ana pon Syékh Abdullah Rifai, bapana Muhammad Hoessein teureuh Arab jeung Banten ti katurunan Bayu Suryaningratr.[2]

Nepika kiwari, Masjid Agung Cianjur kungsi ngalaman 7 kali diropéa jeung dilegaan, anu awalna ngan 400 m² kiwari mah legana 2.500 m² [3]. Pangropéa total anu méakkeun waragad Rp 7,5 M kalawan bebas pajak[4] Dimimitian tanggal 2 Agustus 1993 nepika tanggal 1 Januari 1998, nyaéta dina mangsa bupati Cianjur Drs. H. Eddi Soekardi. Dituluykeun dina mangsa Bupati Cianjur, Drs. H. Harkat Handiamihardja jeung Bupati Cianjur, Ir. H. Wasidi Swastomo, MSi.[2]

Desain jeung stylasinamadukeun gaya jeung ciri has masjid témpo dulu kalawan gaya arsitéktur modérn anu bisa nampung kira-kira 4.000 urang jamaah. [5]

Masjid Agung Cianjur anu ngadeg dina taneuh wakaf R. Siti Bodédar téh, kiwari mangrupa masjid tingkat kabupatén pangpunjulna sa-Jjawa Kulon boh dina ngokolakeunana boh dina kaagrénganana. Ogé kacatet yén réa pajabat jeung mentri nu kungsi nyimpang jeung sholat di ieu masjid téh, diantarana anu kungsi jadi khatib sholat Jum’at saméméh bulan Ramadhan di Masjid Agung Cianjur téh nya éta Menegpora (Menteri Negara Pemuda dan Olahraga) Adyaksa Dault.[6]

Bituna Gunung Gedé[édit | sunting sumber]

ruruntuk Masjid Agung Cianjur sabada katarajang ku kajadian bituna Gunung Gede

Nalika Gunung Gedé bitu taun 1879, Masjid Agung Cianjur ogé katarajang ku éta musibat, nu ngajadikeun wangunanna ancur. Dina éta kajadian téh aya saurang ulama anu tilar dunya nyaéta RH Idris Bin RH Muhyi (bapana KRH Muhammad Nuh, saurang ulama gedé Cianjur), anu harita dumuk di Kampung Kaum Kidul. [2]

Taun 1880, ieu masjid téh diwangun deui ku RH. Soelaeman, harita anjeunna minangka Panghulu Agung jeung RH. Ma’mun bin RH. Hoessein anu leuwih kawentar ku nénéh Juragan Guru Waas, anu dibantuan ku masarakat Cianjur.

Masjid Agung tuluy ngalaman parobahan wangun jeung wanguananna dilegaan deui nepi ka legana téh 1.032 m2. Taun 1912, nalika masjid umurna 32 taun, diropéa jeung dilegaan deui diantarana ku RH Moch Said Panghulu Agung Cianjur, Isa al-Cholid salah saurang guru thorékat, RH Tolhah Bin RH Ein al-Cholid jeung H Akiya Bin Darham, penduduk Cianjur katurunan Kudus.

Anu kaopatkalina dina taun 1950(?) ieu masjid diropéa deui jeung dilegaan diluyukeun kana suasana alam merdéka anu méakkeun waragad Rp 500.000 (lima ratus rébu rupia). Éta waragad téh meunang tina bantuan Kementrian Agama RI anu gedéna Rp 8.000. Sésana mangrupa swadaya masarakat jeung kas hasil taneuh wakaf.

Ayana masjid agung harita, sok sanajan sababaraha kali ngalaman pangropéa sapanjang taun 1950 nepika taun 1974, wangun arsitékturna méh tetep sarua, nyaéta wangun suhunan pasagi. Di tengah bagian luhur suhunanna aya menara gedé tunggal atawa kubah anu dilapisan ku séng beusi dipulas bodas. Di luhur kubah aya lambang bulan sabit.

Kawentar ku Adzanna[édit | sunting sumber]

Masjid Agung Cianjur 1982

Baheula, Masjid Agung Cianjur kawentar ku sora adzanna anu pohara halimpu di luhur menara anu digalindengkeun, diantarana ku muadzin R. Muslihat (suwargi) saurang merebot minangka muadzin maneuh Masjid Agung Cianjur, warga Jalan Bojongméron, Warujajar, jeung RH. Duduh (suwargi) Bagian Keuangan KUA Kabupatén Cianjur, warga Jalan Oto Iskandardinata I Bojonghérang, Buniwangi.

Sanajan harita can aya adzan wanda Surabaya atawa Yogyakarta, komo deui Mekah di Masjid Agung Cianjur, geuning éta galindengna sora adzan ti muadzin nu mimiti téh nepika kiwari can aya nu bisa nandingan. Nepika aya urang Banten anu hayang mireng muadzin Masjid Agung Cianjur. Lamun manéhna rék ka Bandung, teu weléh nyempetkeun pikeun milu sholat berjamaah di Masjid Agung Cianjur sabari hayang mireng sora adzan R. Muslihat. [6]

Harita nu kungsi jadi Imam di Masjid Agung diantarana KRH. Ma’sum, KRH Alamah Abdullah Bin Nuh, KRH Abdullah, KH Sholeh all Madani, Al-ustadz RH Sabirudin, KRH Hidayat, RA Soleh. Ana pon merebotna, Pa Ita, Pa Owi, Pa Yusuf, Pa Husen. Dituluykeun ku Pa Jamhur, Pa Obe, RD Muhyidin, jeung Mas Yono Sugyanto.

Aktifitas[édit | sunting sumber]

Masjid Agung Cianjur réa pisan aktifitas kaagamaanana, ieu hal téh iwal ti pikeun nanjeurkeun syiar Islam di wewengkon anu pangeusina mayoritas ngagem Islam.[7] Jauh tina mangsa kamerdékaan RI kira-kira taun 1947 di ieu masjid téh diayakeun pangajian umum rutinan unggal ahad isuk kalawan ku mubaligh jeung juru ceramah tunggal.[7]

Kiwari rutin diayakeun pangajian imaroh di Masjid Agung Cianjur ti mimiti kuliah subuh, pangajian umum poé ahad jeung rebo kalawan mubaligh bagilir, pangajian pikeun barudak unggal peuting ba’da magrib ku paugas husus, pangajian husus rumaja, pangajian poé jumaah saméméh jeung sabada sholat jum’at jeung pangajian kitab Ihya pikeun para kyai jeung umum unggal salasa isuk-isuk ku sesepuh KHR Abdul Kodir Rozi atawa u Ust Koko.[7] Unggal bulan suci Ramadhan, di Masjid Agung Cianjur kagiatan kaagamaan téh beuki réa diantarana, kagaitan sholat tarawéh, tadarus Al-Qur’an, Kultum (Kuliah tujuh menit), unggal sabada sholat fardu lima waktu, kuliah subuh. Aya ogé pangjian ibu-ibu jeung bapa-bapa saminggu sakali rutin, sanlat (pasantrén kilat), anu dilaksanakeun ku Ikatan Remaja Masjid Agung Cianjur. Iwal ti éta, nyuguhkeun ta’jil ka jalma-jalma anu keur nyaba nalika mangsa buka puasa, jrrd. [8]

Nu kungsi ngeusi ceramah saméméh mangsa kamerdékaan[édit | sunting sumber]

KH Syatibi Gentur Warungkondang, KHR Muhammad Nuh Kaum Kidul Cianjur, KRH Isa Al-Kholidi Gedong Asem Cianjur guru Thoreqat, KHR Marjuki Bojongherang, akina KHR Abdul Halim Ketua MUI Cianjur kiwari, KH Musthofa (Mama Kandang Sapi Karangtengah) KHR Turo Sindanglaka Karangtengah.[7]

Ulama-ulama Cianjur sabada mangsa kamerdékaan[édit | sunting sumber]

KH Mustofa Maleber Karangtengah, KHR Sudja’i Ciharashas Cilaku KH Abdul Qodir Gentur Warungkondang K Mualmi Z Irigasi Cibeber Ketua MUI Cianjur saméméh jeung sabada orde baru, KH Zein Abdul Somad (Mama Gelar), KRH Soleh A Pasaréan Cianjur jrrd. .[7]

Tingali Oge[édit | sunting sumber]

Réferénsi[édit | sunting sumber]

  1. Yellow Pages.Masjid Agung Cianjur [internet]. diakses 10 Agustus 2011. bisa ditingali di: http://www.yellowpages.co.id/masjid-agung-cianjur/masjid/62433#main
  2. a b c d Cianjur Cyber City . Masjid Agung Cianjur [internet]. Diakses 8 Agustus 2011. Bisa ditingali di: http://www.cianjurcybercity.com/2010/08/03/masjid-agung-cianjur.html
  3. Pemda Cianjur. Masjid Agung Cianjur [internet]. Diakses 8 Agustus 2011. Bisa ditingali di: http://cianjurkab.go.id/Content_Nomor_Menu_50_6.html
  4. Dunia Pajak.com.diakses 10 Agustus 2011. bisa ditingali di: http://duniapajak.com/peraturan-pajak/pembebasan-ppn-untuk-proyek-pembangunan-masjid-agung-cianjur
  5. Pemda Cianjur. Masjid Agung Cianjur [internet]. Diakses 8 Agustus 2011. Bisa ditingali di: http://cianjurkab.go.id/Content_Nomor_Menu_50_6.html
  6. a b Harian Umum Pelita dina Cianjur Cyber City. Mesjid Agung Cianjurinternet. Diaksés 8 Austus 2011. Bisa ditingali di: http://www.cianjurcybercity.com/2010/08/03/masjid-agung-cianjur.html
  7. a b c d e Radar Sukabumi dina Cianjur Cyber City. Mesjid Agung Cianjur [internét]. Diaksés 8 Agustus 2011
  8. Radar Sukabumi. ‘’Mesjid Agung Cianjur’’ [internet]. Diakses 8 Agustus 2011. Bisa ditingali di http://radarsukabumi.com/?p=11329

Tumbu Luar[édit | sunting sumber]

Nulis.jpg