Melanie Brown

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Melanie Brown


Melanie Janine Brown atawa leuwih dipikawanoh Melanie Janine Brown anu dibabarkeun di Leeds, West Yorkshire, 29 Mei 1975. Manéhna dipikawanoh salaku penyanyi, pangarang lagu, jeung aktris[1]. Mel B nénéhna téh dipikawanoh salaku salasahiji mantan anggota Spice Girls, nya éta grup musik awéwé anu anggotana téh nya éta Victoria Beckham, Emma Bunton, Melanie Chisholm jeung Geri Halliwell[1]. Sarupa jeung babaturanan nu séjén, dina grup éta antara taun 1994 nepi ka 2000 manéhna meunang jujuluk Scary Spice[1]. Salila babarengan di Spice Girl, Brown pernah gawé bareng jeung musisi Missy Elliott dina ngahaleuangkeun lagu I Want You Back, anu mangrupa soundtrack film WHY DO FOOLS FALL IN LOVE[1]. Lagu anu dirilis September 1998 éta ,bisa kajual nepi ka 80,000 copy, padahal éta lagu digawéan di waktu kosong nalika manéhna sibuk jadi anggota grup Spice Girl[1]. Sabada éta Brown, ngarilis lagu Word Up,anu jadi soundtrack film AUSTIN POWERS: THE SPY WHO SHAGGED ME [[1999][1]. Anu disusul ku lagu-lagu séjénna nya éta Tell Me 2000, Feels So Good 2001, Lullaby 2001 jeung Today2005, Lian ti éta aya ogé album Hot 2000 jeung LA State Of Mind 2005[1]. Lian ti éta Brown ogé pernah akting di sababaraha film.Diantarana nya éta Coronation Street 1993,Spice World [[1997], Fish 2000, This is My Moment 2001, Voodoo Princess 2002, Burn It 2003, The Seat Filler 2004, Merrion's Xxxmas Special 2005 jeung Love Thy neighbor 2006[1]. Patali jeung kahirupan pribadina Brown pernah nikah jeung Jimmy Gulzar,saurang penari nalika bulan September 1998 tapi pipirakan nalika taun 2000. Manéhna tuluy bobogohan jeung aktor Eddie Murphy[1]. Melanie Brown mingkin serius di dunya kebugaran[2]. Sabada diajak ku Fitness First salaku Duta International Fitness Week 2011, Mel B membintangi dina salasahiji kampanye global Fitness First pikeun ngarojong masarakat supaya masarakat daék jalan hirup anu leuwih séhat[2].

[édit] Referensi

  1. a b c d e f g h i Melanie Brown(diakses 3 Desember 2011)
  2. a b [travel.okezone.com/read/2011/03/10/29/433324/mel-b-ikon-international-fitness-week-2011 Mel B Ikon "International Fitness Week 2011"](diakses 3 Desember 2011)
Nulis.jpg
Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa