Mesin ketik

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Typewriter Ideal Seidel und Naumann.JPG

Mesin Ketik nyaéta alat atawa piranti nu bisa nyieun citakan hurup atawa tanda baca di luhureun kertas sarta hasilna mangrupa citakan.[1] Mesin ketik anu diproduksi ayeuna diwangun ti mesin ketik konvensional sarta mesin ketik listrik (electric typwriter) anu ngabogaan pangabisa pikeun nunda data.[1] Mesin ketik konvensional henteu ngagunakeun tanaga listrik anu dilengkepan kalayan tampilan pilihan sagala rupa jenis hurup sarta pita tinta anu bisa ngahapus ketikan anu salah.[1] Mesin ketik mimitina diproduksi sacara masal ku Ramington Arms Lompany dina 1873. Dina awalna pamakéan mesin ketik ieu dianggap rada ngahésékeun alatan tombol hurup dina papan ketikna nyieun pakasaban ngetik jadi leuwih laun batan nulis leungeun.[1] Dina waktu éta tombol hurup disusun sacara alfabet.[1] Saterusna dipigawé panyusunan deui lokasi tombol hurup anu leuwih éféktif.[1] Hurup anu leuwih mindeng dipaké dina basa Inggris disimpen dina hontalan ramo anu gampang.[1] Susunan ieu dingaranan Qwerty anu asalna ti hurup susunan jajar kahiji susunan tombol dina mesin ketik.[1] Tombol ieu tuluy disebut kalayan ngaran "papan konci" dina kamajuan téknologi, kiwari pamakéan mesin ketik geus loba ngurangan.[1] Fungsi mesin ketik sacara bertahap digantikeun ku komputer.[1] Sistem Duorok papan ketik jeung sistem Qwerty leuwih gampang maké Qwerty, utamana saprak mimiti diwanohkeun sistem ngetik sapuluh ramo, komo jelema anu keur getik henteu perlu nempo lokasi hurup dina papan ketik.[1] Sajaba sistem qwerty aya ogé sistem sistem Duorok anu diwanohkeun ku pangajar bangsa Amérika Sarikat, August Duorak sarta William Denly, dina taun 1930-an.Qwerty Sistem ieu tétéla kurang populér dibandingkeun jeung sistem qwerty, sanajan di sawatara panalungtikan kabuktian yén sistem Duorok bisa leuwih ngabagi nempatkeun pangetikan.[1] Sistem ieu ngabagi penempatamn hurup vokal sarta konsonan pikeun kadua belah leungeun vokal (a, o, e, u, sarta i) disimpen dina jajaran tengah palebah kénca, sedengkeun konsonan anu paling sering dipaké (d, h, t, n, sarta s) disimpen di bagian tengah katuhu.[1]

Jenis-jenis Mesin Ketik[édit | sunting sumber]

Jenis sarta wangun mesin ketik anu aya didunya perkantoran pohara variatif ditempo ti sagi kualitas, merek, sarta modél.[2] Ditempo tina merekna mesin ketik aya sawatara jenis antara séjén: Olimpia, Royal, Adler, Brother, Continental, IBM jsb.[2] Sarta aya ogé anu dicokot ti ngaran pamanggih mesin ketik atawa ogé ti ngaran pabrik.[2] Jenis-jenis mesin ketik bisa kagolong jadi:

  • Badag leutikna ukuran mesin.

Kahiji nyaéta Mesin ketik portable.[2] Mesin jenis ieu ukuranana leutik sarta hampang nepi ka bisa dibawa kamana-mana sarta dilengkepan ku hiji tutup anu nyarupaan tas atawa koper leutik.[2] Kadua Mesin ketik semi standar Mesin ketik semi standart dingaranan ogé jeung mesin ukuran sarta leuwih komponénna ti mesin ketik portable.[2] Katilu Mesin ketik standar.[2] Ukuran mesin ketik anu pangbadagna sarta beurat nepi ka hésé mindahkeunana.[2] Sarta perlengkapanna leuwih sampurna ti mesin ketik ukuran portable sarta semi standar.[2]

  • Dumasar ukuran hurup.

Kahiji Mesin ketik hurup Pica (Pica type).[2] Hurup Pica nyaéta jenis hurup ukuran badag, saban sainci ketikan nempatan sapuluh hentak.[2] Ieu biasana dipaké karya ilmiah.[2] Kadua Mesin ketik hurup Elite (elite type).[2] Ukuran hurup ieu leuwih leutik ti hurup pica.[2] Saban sainci ketikan ngamuat 12 hentak.[2]

  • Dumasar tanaga penggerak

Kahiji Mesin ketik manual (Manual type writer) Mesin ketik ieu mindeng disebut jeung mesin ketik leungeun anu digerakkan ku leungeun manusa, mimitina ti ngagerakkeun tuts, ngeserkeun gandaran jsb.[2] Kadua Mesin ketik listrik (electric type writer) Mesin ketik ieu digerakan ku tanaga listrik.[2] Manusa boga peran minangka ngadalikeun pengoprasian.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r (id) [1] (Dicutat tanggal 01 November 2011)
Nulis.jpg