Michelangelo Buonarroti
Michaelangelo Buonarroti atawa lengkepna dina basa Italia Michelangelo di Lodovico Buonarroti Simoni (dina basa Spanyol disebat Miguel Ángel; dina basa Perancis disebat Michel-Ange, anu hartina Malaikat Mikail) (gumelar 6 Maret 1475 – maot 18 Februari 1564 dina usia 88 taun) nya éta saurang palukis, pamahat, pujangga, jeung Arsitek jaman Renaissance.[1]
Michelangelo dianggap sabagé seniman anu pang hadéna di jaman anjeunna hirup, jeung ti harita ajeunna tos dianggap salah sahiji seniman terbesar sapanjang masa.[2] Sababaraha karya-karyana ngawitan tina lukisan, patung, jeung arsitektur jadi peringkat kahiji dina jamanna.[2] Salah sahiji karyana anu terkenal nya éta Fresko di lalangit Kapel Sistina.[2]
Awal Hirup [édit]
Michelangelo gumelar ping 6 Maret 1475 di Caprese Italia.[1] Anjenna nya éta anak kadua tina lima bersaudara.[1] Indungna Francesca Neri del Miniato di Siena, maot nalika Michelangelo 6 taun.[1] Michelangelo diajar seni rupa dibimbing ku Domenico Ghirlandaio, tuluy ka Bertoldo di Giovanni, nu ahirna Giovanni meresaran pikeun diajar ka Lorenzo de Medici.[1] Tuluy Anjeunna nyieun sababaraha karya anu cukup ngagumkeun (pikeun usiana anu masih kénéh belasan taun), tapi can mampu nyieun ngaranna jadi leuwih terkenal, di antaranya[1]:
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
