Muhamad Musa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Muhamad Musa, atawa, mun lengkep jeung gelarna, Radén Haji Muhamad Musa (1822 - 10 Agustus 1886), pangarang nu ngaluluguan kasusastran citak Sunda, ulama, sarta inohong Sunda abad ka-19.

Babad Salira[édit | sunting sumber]

Muhamad Musa dibabarkeun di Garut salaku turunan ménak, anak Radén Rangga Suryadikusumah, Patih Kabupatén Limbangan. Munggaran meunang atikan formal ti pasantrén di Purwakarta. Geus kungsi munggah haji ka Mekah nalika ngora, diajak ku bapana. Kungsi nolak tawaran Pamaréntah Hindia Walanda sangkan jadi kapala gudang, anjeunna milih widang kaagamaan. Sanggeus jadi panghulu, taun 1864 anjeunna diangkat jadi panghulu besar (Wal. Hoofdpanghoeloe) Kabupatén Limbangan nepi ka maotna.

Muhamad Musa sosobatan dalit pisan jeung K. F. Holle, pangusaha perkebunan entéh bangsa Walanda di Cikajang, nu naséhat-naséhatna ngeunaan bangsa pribumi (utamana Parahiangan) ka Pamaréntah Hindia Walanda diaku/dipercaya pisan.

Dalitna Musa jeung Holle nguntungkeun Musa, utamana tina campur gaulna jeung bangsa Walanda. Musa ku Pamaréntah Hindia Walanda dipercaya pisan, nepi ka ku jasana ka pamaréntah, kungsi dijangjian kalungguhan pikeun kulawargana nepi ka tujuh turunan. Tina dalitna jeung Holle ogé Musa bisa ngembangkeun bakat nulis/ngarangna sahingga karya-karyana (boh pituin atawa saduran/tarjamah) bisa dicitak nepi ka rébuan éksemplar di Jakarta.

Ti antara para putrana, nu kawarisan bakat/karesep nyerat nyaéta Lasminingrat jeung Kartawinata.

Karya-karyana[édit | sunting sumber]

Karya Muhamad Musa pangmashurna nyaéta Wawacan Panji Wulung nu munggaran dicitak taun 1871. Karya-karya séjénna nu dicitak di antarana,

  • 1862: Wawacan Raja Sudibya, Wawacan Wulang Krama, Wawacan Dongéng-dongéng, Wawacan Wulang Tani;
  • 1863: Carita Abdurahman jeung Abdurahim, Wawacan Seca Nala;
  • 1864: Ali Muhtar, Élmu Nyawah;
  • 1865: Wawacan Wulang Murid, Wawacan Wulang Guru;
  • 1866: Dongéng-dongéng nu Aranéh;
  • 1867: Dongéng-dongéng Pieunteungeun;
  • 1872: Wawacan Lampah Sekar;
  • 1881: Santri Gagal, Hibat.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Mikihiro Moriyama. 2005. Semangat Baru: Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad ke-19. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. ISBN 979-91-0023-2.