Muhammad Iqbal

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Muhammad Iqbal

Muhammad Iqbal, penyair, pujangga jeung filsuf abad ke-20,gumelar di Sialkot, Punjab, India, 9 November 1877 – maot di Lahore, 21 April 1938 dina usia 60 taun.[1]

Biografi[édit | sunting sumber]

Iqbal gumelar di Sialkot Punjab India 9 November 1877 jeung maot di Lahore Pakistan 21 April 1938.[2] Iqbal gumelar ti kaluarga kelas tengah anu loba dibekelan nilai-nilai Islam anu kuat.[2] Kaparigelan nulisna mekar dina bimbingan Maulwi Mirr Hasan.[2] Lulus di Scotch Mission College di Sialkot, Iqbal pindah ka Lahore asup ka Kolese Pamaréntah di Lahore jeung meunangkeun guru Sir Thomas Arnold (saurang ahli dina widang Islam jeung Filsafat modern) tuluy tamat ku predikat cumlaude.[2] Sabada meunang gelar master dina widang filsafat, anjeunna tuluy jadi korektor Basa Arab di Universitas Kolese Oriental Lahore ogé ngajar di Universitas éta.[2] Anjeunna tuluy neruskeun studi taun 1905 di Lincoln`s Inn di London pikeun jadi pangacara.[2] Sabada éta anjeunna balik deui diajar di Universitas Cambridge dina jurusan Filsafat sabari nyiapkeun disertasi Doktor pikeun Universitas Munich Jerman.[2] Disertasina anu judulna “Perkembangan Metafisika di Persia” bisa diréngsékeun dugi ka anjeunna kenging gelar Doktor Filsafat taun 1907.[2] Sabada balik ti Eropa, anjeunna balik deui gabung di Kolese Pamaréntah Lahore sabagé Profesor Filsafat jeung kasusastraan Inggris.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Sumber 1
  2. a b c d e f g h i Anil Bhatti. "Iqbal and Goethe" (PDF). Yearbook of the Goethe Society of India. Diakses pada 12 Nopémber 2011. 


Nulis.jpg