Muncang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Muncang
Muncang (Aleurites moluccana)
daun, kembang, jeung siki
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Malpighiales
Family: Euphorbiaceae
Genus: Aleurites
Species: A. moluccana
Ngaran binomial
Aleurites moluccana
(L.) Willd., 1805
Kembang muncang

Muncang (Aleurites moluccana), nyaéta tuwuhan anu sikina dimangpaatkeun minangka bahan minyak sarta samara. Tuwuhan ieu masih sabaraya jeung sampeu sarta kaasup kana sélér (suku) Euphorbiaceae. Dina padagangan antarnagara dipikawanoh minangka candleberry, Indian walnut, atawa candlenut. Tangkalna disebut varnish tree atawa kukui nut tree. Minyak anu diperes tina sikina kapaké dina industri pikeun bahan campuran cét sarta dipikawanoh minangka tung oil.

Muncang ayeuna geus sumebar di wewengkon-wewengkon tropis. Luhur tangkal ieu ngahontal kira-kira 15-25 méter. Daunna boga warna héjo sepa. Sikina ngabogaan garis tengah kira-kira 4–6 cm; Sikina ngabogaan taméng anu pohara teuas sarta ngandung minyak anu cukup réa, anu matak bisa dipaké pikeun lilin.

Muncang mangrupakeun tuwuhan anu dijadikeun tumbuhan resmi nagara bagian Hawaii.

Pamangpaatan[édit | sunting sumber]

  • Muncang ngabogaan kasaruaan dina rasa katut tékstur jeung macadamia anu ogé ngabogaan kandungan minyak anu ampir sarua. Muncang rada ngandung racun mangsa atah.
  • Muncang mindeng dipaké dina asakan Indonésia sarta asakan Malaysia. Di Pulo Jawa, muncang ogé dijadikeun saos kentel anu didahar jeung sayuran sarta sangu.
  • Sawatara bagian tina muncang dipaké ubar tradisional di wewengkon-wewengkon di Indonésia. Minyakna dipaké jadi bahan tambahan dina parawatan buuk (pikeun nyuburkeun buuk). Di Jepang, kulit kaina geus dipaké pikeun ubar tumor. Di Sumatera, sikina dibeuleum luhureun areng, tuluy diulaskeun dina palebah bujal pikeun nyageurkeun nyeri beuteung (diaré).
  • Di Hawai, dina jaman beheula, muncang dingaranan kukui sarta dibeuleum pikeun ngahasilkeun cahaya. Muncang disusun ngajajar manjang dina salambar daun palem, sarta dihurungkeun salah sahiji tungtungna, sarta baris kabeuleum hiji-hiji saban 15 menit atawa leuwih. Ieu ogé kapaké jadi pakakas pangukur waktu. Contona, hiji jalma bisa ménta batur pikeun balik ka imah saméméh muncang kadua béak kabeuleum.
  • Di Tonga, nepi ka ayeuna, muncang anu geus asak (dingaranan tuitui) dijadikeun pasta (tukilamulamu), dipaké jadi sabun jeung shampoo.
  • Muncang ogé dibeuleum sarta dicampur jeung pasta sarta uyah pikeun nyieun samara asakan has Hawai anu disebut inamona.
Siki muncang anu geus dipesék tina cangkangna

Budidaya muncang jaman modéren lolobana pikeun ngarah minyakna. Dina saban tangkal baris dihasilkeun kira-kira 30–80 kg siki muncang, sarta kira-kira 15 nepi ka 20% tina beurat kasebut mangrupakeun minyak. Lolobana minyak anu dihasilkeun dipaké sacara lokal, henteu didagangkeun sacara internasional.

Masalah kaséhatan[édit | sunting sumber]

Siki muncang ngandung racun tapi teu pati kuat daya racunna.[1] Alatan éta henteu dimeunangkeun dahar siki muncang atah-atah. Pamakéan muncang kudu dimimitian ku nyangray nepi ka sikina haneut. Cara ieu baris ngaruksak racunna.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca