Muse
Muse nya éta grup musik rock alternatip asal Inggris[1]. Ieu grup musik dibentuk di Devon taun 1994 ku Matthew Bellamy (vokalis, gitaris, pianis), Dominic Howard (drummer), jeung Chris Wolstenholme (bassis)[1]. Muse miboga gaya musik anu nyampurkeun genre musik rock, rock progesif, musik klasik, jeung elektronika[1]. Muse ogé kasohor ku aksi panggungna anu bdéa ti grup musik séjénna anu miboga ciri aksi anu pinuh énergi jeung tata lampu anu alus[1].
Suksés anu diraih nalika awalrelease nimbulkeun wacana di Kalangan industri musik anu nyebutkeun yén Muse téh sarua jiga Radiohead[2]. Tapi perusahaan Amerika, Maverick Records ngontrak Muse taun (1998), sanggeus sababaraha kali minton di Amerika Serikat[2].
Kabentukna Muse (1992-1997) [édit]
Taun 1990-an para personil boga grup musik sorangan-sorangan di sakolana[1]. Kabentukna Muse dimaulai nalika Matthew Bellamy (14 taun) lulus audisi pikeun asup ka grup musikna Dominic Howard, disusul ku Chris Wostenholme anu ngagantikeun bassis grup musikna Dominic[1]. Saacan panceg dingaranan Muse, ieu grup musik pernah sababaraha kali ganti ngaran diantarana: Gothic Plague, Carnage Mayhem, Fixed Penalty, jeung Rocket Baby Dolls. Urutan kronologis ngeunaan gunta-gantina ngaran ieu grup musik teu pati jelas, sabab méré inpormasi anu henteu konsistén dina unggal wawancarana[1]. Dina taun 1994, nalika masih maké ngaran Rocket Baby Dolls, Matthew spk meunangkeun kompetisi Battle of The Bands lokal, terus ngaganti ngaran grup musikna jadi Muse[1].
Référénsi [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |