Nagari

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Luncat ka: pituduh, sungsi
Artikel ieu ngeunaan babagian administratif di Sumatra Kulon. Keur rupa aksara tempo Aksara Déwanagari
Babagian administratif di Indonésia
Pancasila
Tingkat Propinsi

Propinsi
Daérah HususDaérah Istiméwa

Tingkat Kabupaten/Kota

KabupaténKota
Kabupatén administratif
Kota administratif
Sagoe

Tingkat Kacamatan

Kacamatan
DistrikSagoe Cut

Tingkat Kalurahan/Désa

KalurahanDésa
NagariKampungGampong

Tempo ogé

BanjarDusunLingkungan
Rukun Warga
Rukun Tatangga

édit

Nagari, nyaéta babagian wilayah administratif di Propinsi Sumatra Kulon, Indonésia sahandapeun kacamatan. Istilah "Nagari" ngagantikeun "désa", nu samemehna dipake di Sumatra Kulon, saperti di propinsi-propinsi lianna di Indonesia. Nagari dipingpin ku Wali Nagari.

Nagari mangrupakeun kesatuan masarakat hukum nu mibanda wates-wates wilayah nu wenang ngatur jeug ngurus kapentingan masarakat satempat, dumasar kana asal-usul jeung adat istiadat satempat nu diaku jung dipihormat dina sistim Pamarentahan Nagara Kasatuan Republik Indonesia.

Nagari lain bawahan kacamatan, alatan ari kacamatan mah mangrupakeun bagian tina pakakas wewengkon kabupatén/kota, sedengkeun nagari mah lain mangrupakeun bagian tina pakakas wewengkon. Béda jeung kalurahan, nagari ngabogaan hak ngatur wewengkonna anu leuwih lega. Tapi dina kamekarananana, hiji nagari bisa dironjatkeun statusna jadi kalurahan.

Daptar eusi

[édit] Struktur pamaréntahan

Nagari dipingpin ku saurang Wali Nagari, sarta dina ngajalankeun pamaréntahanana, Wali Nagari dibantuan ku sawatara urang Kepala Jorong, sarupaning pupuhu RT. Wali Nagari dipilih ku anak nagari (nu nyicingan nagari) sacara demokratis. Biasana anu dipilih jadi wali nagari nyaéta jelema anu dianggap pangawasana ngeunaan sakabéh aspék kahirupan dina budaya Minangkabau, ku kituna wali nagari kasebut sanggup némbalan sakabéh masalah anu disanghareupan ku anak nagari.

Dina hiji Nagari dijieun Kerapatan Adat Nagari, nyaéta lembaga anu anggotana Tungku Tigo Sajarangan. Tungku Tigo Sajarangan mangrupakeun wawakil anak nagari anu diwangun ti Alim Ulama, Cadiak Pandai (kaum intelektual) sarta Niniak Mamak para pamingpin suku dina hiji Nagari. Kaputusan kaputusan penting anu baris dicokot sok dimusawarahkeun antara Wali Nagari jeung Tungku Tigo Sajarangan di Balé Adat atawa Balairung Sari Nagari.

Di sajumlah Kabupatén, Nagari ngabogaan wewenang anu cukup badag. Contona di Kabupatén Solok, Nagari ngabogaan 111 kewenangan ti Pamaréntah Kabupatén, kaasup di antarana pangurusan Idin Ngadegkeun Wangunan (IMB) sarta Surat Idin Tempat Usaha (SITU).

[édit] Sajarah

Nagari geus aya saméméh kamerdikaan Indonésia. Karajaan Pagaruyung dina dasarna mangrupa federasi nagari-nagari anu aya di Minangkabau. Jigana sistem nagari ogé geus aya saméméh Adityawarman ngadegkeun karajaan kasebut.

Dina mangsa pangjajahan Walanda pamaréntah kolonial ngarobah tatanan pamaréntahan nagari ambéh ngarojong pamaréntahan. Kerapatan Nagari dijadikeun minangka lembaga pamaréntahan panghandapna. Penghulu-penghulu anu baheulana mingpin nagari sacara babarengan ayeuna dikudukeun pikeun milih salah sahiji di antara maranéhanana minangka Kepala Nagari.

Dina warsih 1914 dikaluarkeun Ordonansi Nagari anu ngawatesan anggota kerapatan nagari ngan ukur jadi penghulu anu diaku pamaréntah Hindia Walanda.

Sanggeus proklamasi kamerdikaan sistem nagari ieu dirobah ambéh leuwih luyu jeung kaayaan jaman. Dina warsih 1946 diayakeun pemilihan langsung di sakumna Sumatra Kulon pikeun milih anggota Déwan Wawakil Nagari sarta Wali Nagari. Calon-calon anu dipilih teu kawates ti golongan penghulu waé. Partéi pulitik ogé kaci ngusulkeun calon. Dina kanyataanana réa anggota Déwan Wawakil Nagari sarta Wali Nagari kapilih anu mangrupa anggota partéi. Masyumi jadi partéi anu ngadominasi. Dina mangsa perang kamerdikaan dijieun ogé organisasi pertahanan tingkat nagari, nyaéta Badan Pengawal Nagari dan Kota (BNPK). Badan ieu diadegkeun ku alpukahna Chatib Sulaiman.

Kabinét Natsir warsih 1951 ngabekukeun Déwan Wawakil Rahayat di propinsi Sumatera Tengah anu ogé ngawengku wewengkon Sumatera Kulon ayeuna. Ku kituna déwan wawakil tingkat nagari ogé statusna jadi henteu écés.

Warsih 1974 Gubernur Harun Zain mutuskeun pikeun ngangkat Kepala Nagari minangka pelaksana pamaréntahan sarta Déwan Wawakil Rahayat Nagari minangka lembaga legislatif panghandapna. Tapi kaputusan ieu ngan sakeudeung. Ku diberlakukeunana Undang Undang Nomer 5 Taun 1979 ngeunaan Pamaréntahan Désa, sistem Nagari dihilangkan, sarta jorong dironjatkeun statusna jadi désa. Kalungguhan Wali Nagari dihapus sarta administrasi pamaréntahan dijalankeun ku para Kapala Désa.

Sanajan kitu nagari masih dipertahankan minangka lembaga tradisional. Perda No. 13 1983 ngatur ngeunaan ngadegna Kerapatan Adat Nagari (KAN) di unggal-unggal nagari anu heubeul. Tapi PAN sorangan henteu ngabogaan kakawasaan formal.

Parobahan peta pulitik nasional anu lumangsung saterusna ngabangkitkeun deui sumanget balaréa Sumatera Kulon pikeun ngajalankeun pamaréntahan Nagari. Ku lumakuna Otonomi Wewengkon dina warsih 2001, istilah "Nagari" reujeung kaistimewaanana dipaké di Sumatera Kulon.

[édit] Tempo ogé

  • Kahin, Audrey (2005). Dari Pemberontakan ke Integrasi: Sumatra Barat dan Politik Indonesia 1926-1998, Yayasan Obor Indonesia. ISBN 979-461-519-6.

[édit] Tumbu luar