Nakula

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Nakula
Nakula
Nakula
Déwanagari: नकुल
Éjahan Sansakerta: Nakula
Ngaran séjén: Grantika
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru
Pakarang: Pedang
Papasangan: Drupadi, Karénumati

Nakula (basa Sansakerta: नकुल, Nakula), nyaéta saurang inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh anakna Déwi Madrim, lanceuk ipar Déwi Kunti. Manéhna sakembaran jeung Sadéwa.

Nurutkeun buku Mahabarata, Nakula kacida kasépna sarta pohara éndah mameunteuna. Nurutkeun Drupadi, Nakula mangrupa salaki anu pangkasépna di dunya. Tapi, sipat goréng Nakula nyaéta sok agul ku kakasépna. Hal éta dicaritakeun ku Yudistira dina buku Prastanikaparwa.

Harti ngaran[édit | sunting sumber]

Sacara harfiah, kecap nakula dina basa Sansakerta ngarujuk kana rupa Ichneumon, sarupaning beurit atawa sato pangeureut ti Mesir. Nakula ogé bisa boga harti "cerpelai", atawa bisa ogé "beurit benggala".

Nakula dina Mahabarata[édit | sunting sumber]

Nurutkeun Mahabarata, sakembar Nakula jeung Sadéwa ngabogaan pangabisa istiméwa dina ngarawat kuda jeung sapi. Nakula digambarkeun salaku jelema anu pohara ngahibur haté. Manéhna ogé tarapti dina ngajalankeun pancénna sarta sok niténan kabangor lanceukna, Bima. Nakula ogé ngabogaan kamahéran dina maénkeun pakarang pedang.

Waktu para Pandawa ngarandapan pangbuangan di jero leuweung, kaopat Pandawa (Bima, Arjuna, Nakula, Sadéwa) palastra alatan nginum cai racun tina hiji situ. Mangsa roh goib méré kasempetan ka Yudistira sangkan milih salah sahiji ti kaopat barayana pikeun dihirupkeun deui, Yudistira milih Nakula sangkan dihirupkeun deui. Hal ieu kajadian lantaran Nakula anak Déwi Madrim pangkolotna, sarta Yudistira, anu mangrupa anak Déwi Kunti pangkolotna, hayang laku adil ka dua indung Pandawa kasebut. Lamun manéhna milih Bima atawa Arjuna, mangka euweuh deui anak Déwi Madrim anu baris neruskeun turunan.

Sabot para Pandawa kudu ngajalanan mangsa nyamur di Karajaan Wirata, Nakula nyamur jadi juru rawat kuda kalawan ngaran samaran "Grantika". Nakula milu perang di Kurusétra, sarta meunangkeun perang rongkah kasebut.

Dina buku Prastanikaparwa, nyaéta kitab katujuh belas tina séri Astadasaparwa Mahabarata, dicaritakeun yén Nakula tiwas dina lalampahan mangsa para Pandawa rék ngahontal puncak gunung Himalaya. Saméméhna, Drupadi tiwas sarta disusul ku baraya sakembaranana Nakula nyaéta Sadéwa. Sabot Nakula ngajengkang kana taneuh, Bima nanya ka Yudistira, "Lanceuk kuring, adi urang ieu pohara getol sarta penurut. Manéhna ogé pohara kasep sarta euweuh anu bisa nandingan. Naha manéhna hirupna ngan nepi ka dieu?". Yudistira anu wijaksana némbalan, "Memang bener yén manéhna pohara getol sarta gumbira ngajalankeun paréntah urang. Tapi kanyahokeun ku manéh yén Nakula pohara agul ku kakasépna sarta henteu daék ngéléhan. Alatan lampahna kasebut, manéhna ngan hirup nepi ka dieu". Sanggeus ngadéngé guaran Yudistira, mangka Bima jeung Arjuna neruskeun lalampahan maranéhanana. Maranéhanana ninggalkeun layon Nakula di dinya tanpa upacara beuleum layon anu sakuduna.

Nakula dina pawayangan Sunda jeung Jawa[édit | sunting sumber]

Nakula dina padalangan Sunda jeung Jawa disebut ogé Pinten (ngaran tutuwuhan anu daunna bisa dipaké ubar). Manéhna mangrupa anak kaopat Prabu Pandu Déwanata, raja nagara Astinapura ti Déwi Madrim, puteri Prabu Mandrapati jeung Déwi Téjawati, ti nagara Mandaraka. Manéhna lahir kembar jeung adina, Sadéwa. Nakula ogé boga tilu baraya sabapa, nyaéta Yudistira, Bima sarta Arjuna

Nakula mahér numpak kuda sarta pinter ngagunakeun pakarang panah jeung lembing. Nakula moal bisa poho ngeunaan sagala hal anu dipikanyaho ku manéhna alatan boga Aji Pranawajati paméré Ditya Sapujagad, sénapati nagara Amertani.

Nakula miboga watek jujur, satia, taat, welas asih, nyaho ngabales budi sarta bisa nyimpen rusiah. Manéhna dumuk di kasatriaan Sawojajar, wewengkon nagara Amarta. Nakula miboga dua urang pamajikan nyaéta:

  • Dewi Sayati puteri Prabu Kridakirata, raja nagara Awuawulangit, sarta meunang dua urang anak nu masing-masing ngaranna Bambang Pramusinta jeung Déwi Pramuwati.
  • Déwi Srengganawati, puteri Resi Badawanganala, kuya raksasa anu dumuk di walungan Wailu (nurutkeun Purwacarita, Badawanangala dipikawanoh salaku raja nagara Gisiksamudra landihan Ékapratala) sarta meunang turunan saurang putri nu ngaranna Déwi Sritanjung.

Sanggeus réngsé perang Baratayuda, Nakula diangkat jadi raja nagara Mandaraka luyu jeung amanat Prabu Salya lanceuk indungna, Déwi Madrim.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa