Nami
Nami ("Cat Burglar" Nami) mangrupakeun salah sahiji kru bajak laut Topi Jarami dina Anime Manga One Piece karya Eiichiro Oda.[1]
Daptar eusi |
Kru Topi Jarami [édit]
Nami nya éta Navigator bajak laut topi jerami.[1] Nami papanggih Luffy di Kota Orange, dina carita Buggy.[2] Dina carita Baratie, sabada Nami jadi kru topi jarami, Nami kabur mawa Going Merry.[2]
Ahirna, Luffy, Roronoa Zoro, Usopp, jeung Sanji ngudag Nami ka Désa Kokoyashi.[2] Di dinya, Luffy gelut jeung Arlong di Arlong Park, pikeun nyalamatkeun Nami.[2] Sabada ngéléhkeun Arlong, ahirna Nami jadi salah sahiji kru topi jerami.[2]
Kaparigelan jeung Kakuatan [édit]
Nami nya éta Navigator jeung Kartografer, ogé Klimatolog anu ahli dina widangna, tur profesional.[2] Anjeuna miboga kamampuan pikeun merkirakeun kaayaan cuaca jeung parobahanna (utamana di Grand Line, ogé bisa ngaramalkeun cuaca jeung badai anu teu kaduga nu sok muncul di Grand Line ku instingna jeung suhu awakna.[2] Nami ogé dibéré julukan maling jeung copet anu hebat.[2] Dina caritana saméméh gabung jeung bajak laut Topi jerami, nami lumpat sabari nyolong dompet panduduk desa.[2]
Diajar di Pulo Langit [édit]
Nami anu di teleport ku Kuma, ahirna nepi di pulo langit Weatheria.[2] Ieu pulo nya éta pulo anu husus nalungtik cuaca.[2] Nami anu sempet pingsan, dirawat ku salah sahiji profesor didinya.[2] Di pulo ieu Nami diajar tehnologi anyar ngenaan cuaca.[2]
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |