Nata de Coco

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Nata de coco.JPG

Nata de coco mangrupa jenis kadaharan hasil ferméntasi cai kalapa ku baktéri Acetobacter xylinum.[1] Nata de coco wangunna geunyal parat, ieu téh mangrupa kadaharan panutup nu awalna dijieun di Filipina.[2] Susuguh panutup ieu diwanohkeun ka Jepang ngaliwatan pamakéanana dina kadaharan diét nu dikonsumsi ku gadis-gadis ngora.[2] Sajaba ti éta, masarakat Jepang percaya nata de coco téh boga mangpaat pikeun nangtayungan awak tina kanker peujit badag, sajaba ti eta ogé nata de coco ngandung serat nu luhur, alus pikeun sistem pencernaan.[2] Di Jepang nata de coco mimiti sohorna dina taun 1993.[2] Nata de coco bisa kapanggih di mana-mana dina waktu éta.[2] Loba pausahaan manufaktur nata de coco silih saingan pikeun nata de coco produk anyar.[2] Kadaharan kasebut mimiti diwanohkeun di Indonésia kira-kira taun 1987.[1] Téknologi nyieun sari buah kalapa pohara cocog sarta perlu dimekarkeun di Indonésia, alatan bisa méré loba mangpaat pikeun masarakat. Sedengkeun mangpaat pengolahan cai kalapa kasebut, antara séjén nyaéta:

  1. Bisa ngarobah cai kalapa jadi bahan anu leuwih kapaké.
  2. Méré peunteun tambahan sarta panghasilan pikeun masarakat
  3. Nambahan jenis wanda kadaharan sarta inuman
  4. Bisa ngurangan kotorna lingkungan ku limbah cai kalapa

Cai kalapa mangrupa bahan baku nyieun nata de coco.[1] Leuwih hadé, cai kalapa anu dipaké asalna ti buah kalapa héjo anu asak.[1] Cai kalapa anu dipaké kudu murni sarta henteu kacampur jeung cai atawa kokotor.[1] Tapi, teu kudu dina kaayaan seger (cai kalapa anyar).[1] Bahan séjén anu bisa dipaké dina nyieun nata de coco nyaéta gula pasir, amonium sulfat, sarta asam asetat glasial.[1] Gula pasir boga fungsi minangka sumber karbon (énérgi) waktu nyieun nata. [1] Amonium sulfat boga fungsi minangka sumber nitrogén anu ngarangsang tumuwuhna sarta kagiatan bakteri A. xylinum.[1] Asam asétat glasial atawa biasa ogé disebut cuka biang kapaké pikeun ngatur derajat kahaseman média fermentasi sarta média bibit nata nu luyu jeung pasaratan kamekaran bakteri.[1]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j (id) Ihsanuddin, S.pd. Buku Ajar Biologi untuk SMP. Citra Pusaka. Kaca 78
  2. a b c d e f (en) [1] (Dicutat tanggal 28 Oktober 2011)
Nulis.jpg