Nelasan maneh

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Lukisan panyajak romantik Inggris Thomas Chatterton, nu dianggap nelasan manéh ku racun arsénik taun 1770.

Nelasan manéh nyaéta peta maéhan diri sorangan, kalawan alesan nu rupa-rupa: wirang, rumasa boga salah, pegat harepan, kasakit anu kacida, teu kuat nandangan hirup anu lara balangsak, diganggayong ku kasusah anu taya anggeusna, atawa kaayaan séjén anu teu dipiharep. Catetan WHO nyebutkeun yén unggal taunna aya sayuta jalma nelasan manéh, ku kituna jadi salah sahiji sabab utama pati pikeun umur rumaja jeung sawawa méméh 35 taun[1]. Anu teu nepi ka paéhna bisa ngahontal angka 20 yuta[2].

Peta nelasan manéh bisa ditempo tina sababaraha jihat, utamana agama, kahormatan, jeung ajén hirup. Dina ajaran Islam (jeung millah Ibrohim lianna), nelasan manéh téh kaasup dosa gedé. Di dunya Kulon, ieu peta kaasup kajahatan. Urang Jepang boga adat seppuku, hiji cara nelasan manéh anu pangnyerina, salaku peta pikeun nebus kasalahan atawa kagagalan, atawa salaku bentuk protés dina jaman samurai. Dina dunya militér/perang, nelasan manéh dipaké salaku kamikazé atawa pikeun ngabom. Dina adat Hindu, aya sati pikeun randa nu ditinggalkeun maot ku salaki, boh ku kahayang sorangan atawa kapaksa ku kahayang kulawarga[3].

Eutanasia, nelasan manéh ku cara médis, nepi ka kiwari masih dipadungdengkeun nalika nyanghareupan sababaraha rupa kasakit parna. Ngorbankeun manéh pikeun nyalametkeun nu séjén teu dianggap nelasan manéh, kusabab tujuanana pikeun nyalametkeun nu séjén.

Tina jihat kadokteran, nelasan manéh téh raket tumalina jeung kawaluyaan méntal. Tarékah nelasan manéh kadang bisa dihartikeun "ménta tulung" jeung kahayang dipiroséa, atawa ngedalkeun peunggasna harepan atawa kahayang leupas tina kasusah, lain meleg-meleg hayang paéh[4]. Nu nyobaan nelasan manéh lolobana teu hasil dina sakali, sabab nu biasana nepi ka maot téh sanggeus sababaraha kali nyobaan[5].

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. CIS: UN Body Takes On Rising Suicide Rates
  2. Bertolote JM, Fleischmann A (October 2002). "Suicide and psychiatric diagnosis: a worldwide perspective". World Psychiatry 1 (3): 181–5.
  3. Indian woman commits sati suicide
  4. "WHO Europe - Suicide Prevention" (PDF). World Health Organization. 15 Januari 2005. Diarsipkan dari yang asli pada 16 Pébruari 2008. Diakses pada 16 Séptémber 2008. 
  5. Shaffer D (September 1988). "The epidemiology of teen suicide: an examination of risk factors". J Clin Psychiatry 49 (Suppl): 36–41.

Bacaan salajengna[édit | sunting sumber]

  • Gambotto, Antonella (2004). The Eclipse: A Memoir of Suicide, 197pgs, Australia: Broken Ankle Books.
  • Jamison, Kay Redfield (2000). Night Falls Fast: Understanding Suicide, 448pgs, New York: Vintage.
  • Simpson, George Gaylord; Durkheim, Emile (1997). Suicide: a study in sociology, New York: Free Press.
  • McDowell, Eugene E.; Stillion, Judith M. (1996). Suicide across the life span: premature exits, Washington, DC: Taylor & Francis.
  • Stone, Geo (2001). Suicide and attempted suicide, New York, NY: Carroll & Graf.
  • Hakim, David (2008). Man Down CineSource Magazine.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg