Nico Robin
Nico Robin mangrupakeun salah sahiji tokoh protagonis dina anime manga One Piece buatan Eiichiro Oda.
Daptar eusi |
[édit] Awal kahirupan
Nico Robin lahir jeung gede di Pulau O'hara, pulau nu dikenal oge sebagei Pulau Sarjana, kusabab lobana Sarjana nu pararinter nu cicing di pulo ieu.
[édit] Baroque Works
Nico Robin gabung ka Baroque Works, diajak ku Crocodile demi mantuan Crocodile manggihan senjata kuno Poseidon nu disimpen di Arabasta.
Di Baroque Works, Robin ngajabat sebagei Wakil Ketua Baroque Works handapeun jeung berpasangan jeung Crocodile.
[édit] Kru Topi Jarami
Robin pertama kali papanggih jeung kelompok bajak laut Topi Jarami di Little Garden, waktos manehna ngenalkeun diri sebagei anggota Baroque Works (panggilan Miss All Sunday). Robin sempet nyalametkeun Luffy di gurun, sawaktos Luffy dielehkeun ku Crocodile. Robin mantuan Luffy deui di makan Alubarna, Arabasta saatos Luffy ngelehkeun Crocodile.
Saatos kajadian di Arabasta, Luffy jeung kelompokna ninggalkeun perairan Arabasta. Tiba tiba muncul Robin nu nyumput na jero kapal Going Merry, anjeunna menta Luffy supaya manehna diajak janten kru na Luffy. Luffy nu pernah dibantuan ku manehna, nyetujuan pamenta Robin, dibarengan rasa heran ku sabaraha kru Luffy.
Namun sairing waktu, Robin bisa ngayakinkeun saluruh kru yen manehna gabung ka Topi Jarami sacara baik, jeung teu aya maksad lain.
[édit] Insiden Ennies Lobby
[édit] Kakuatan
Teu kanyahoan pasti, iraha Robin meunang kakuatan ieu, tapi waktos leutik keneh manehna kanyahoan geus boga kakuatan nu asalna tina Buah Iblis tipe Paramaecia nu ngarana Hana-hana (mekar). Kakuatan ieu mere Robin kakuatan jang munculkeun leungeun ti benda nu ditingali ku manehna.
[édit] Patarungan
- Vs. Pell (Salah sahiji panglima Kaarajaan Arabasta), di Arabasta, hasil meunang.
- Vs. Crocodile (Salah sahiji Shichibukai, pamingpin Baroque Works), di Arabasta, hasil eleh.
- Vs. Yuma (Pengawal Skypiea), di Skypiea, hasil meunang.
- Vs. Enel (Dewa Skypiea), di Skypiea, hasil eleh.
- Vs. Porche (kru bajak laut Foxy), di Longring Longland, hasil eleh.
- Vs. Laksamana Aokiji (Laksamana Angkatan Laut), di Longring Longland, hasil eleh.
- Vs. Spandam (Ketua CP9), di Ennies Lobby, hasil meunang.
- Vs. Doktor Hogback (kru bajak laut Thriller Bark), di Thriller Bark, hasil meunang.
- Vs. Oz (kru bajak laut Thriller Bark), di Thriller Bark, hasil meunang.
- Vs. Gecko Moria (Salah sahiji Shichibukai, pamingpin bajak laut Thriller Bark), di Thriller Bark, hasil meunang.
[édit] Nilei buruan
- 79 juta Belly, saatos kajadian Buster Call di pulo Ohara.
- 80 juta Belly, saatos insiden Ennies Lobby.
