Nyiruan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Nyiruan
Nyiruan biasa ti Eropa, Vespula vulgaris
Nyiruan biasa ti Eropa, Vespula vulgaris
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Arthropoda
Class: Insecta
Order: Hymenoptera
Subordo

Apocrita

Nyiruan nya éta sato nu bisa ngapung nu gampang dipikanyaho sabab dipikawanoh sok nyeureud lamun diganggu jeung warnana nu katempo pisan. Nyiruan kaasup ka ordo Hymenoptera anggotana ogé nya éta sireum jeung odéng. Nyiruan sakapeung sok ditapsirkeun salaku odéng ku jalma réa.[1]

Di dunya ieu aya 75.000 spesies nyiruan nu geus dipikanyaho ku jalma jeung sabagéan badag ti éta hirup salaku parasit nu nyimpen endogna di awak sato séjénna.[2] Nyiruan bisa kapanggih disakuliah dunya, iwal ti daérah nu panas teuing jeung tiris teuing.

Morfologi[édit | sunting sumber]

Anatomi[édit | sunting sumber]

Anatomi ti nyiruan jakét konéng (Yellowjacket wasp).

Nyiruan jeung anggota Hymenoptera séjénna boga awak nu gampang dipikanyaho dibandingkeun jeung kelas serangga séjénna. Awakna kabagi jadi 3 bagéan utama nya éta: hulu, thorax, jeung abdomen (sababaraha literatur séjénna nyebutkeun kawengku ku hulu, mesosoma sanajan maksudna sarua). Ciri has ti anggota Hymenoptera kaasup nyiruan nya éta cangkéngna nu leutik pikeun ngahubungkeun bagéan dada jeung beuteungna (iwal ti laleur ragaji famili Tenthrenidae) nepi ka awakna bisa nilep kalawan gampang. Sababaraha rupa nyiruan upamana nyiruan sayang leutak ti famili Spechidae nepi ka boga ruas cangkéng nu panjang.[1]

Di hulu nyiruan aya sapasang panon majemuk, nya éta panon ti kumpulan lénsa panon nu leuwih leutik. Iwal sapasang panon majemuk tadi, nyiruan ogé ngabogaan 3 siki oselus (panon sederhana) dipuncak huluna. Oselus teu dipaké keur nempo, tapi keur ngadetéksi inténsitas (cahya) di sakurilingna nepi ka nyiruan bisa nyaho iraha kudu ngamimitian jeung mungkas aktivitasna.[3] Nyiruan ogé boga sapasang rahang handap (mandibula) nu bisa digunakeun keur sababaraha aktivitas saperti ngajepit benda, nyabut serat kai, jeung nepi ka keur maéhan serangga séjénna. Bagéan séjén nu aya di hulu nyiruan nya éta sapasang antena nu ngabuku-buku keur ngadetéksi rangsangan kimia.[1]

Sakabéh nyiruan ngabogaan jangjang (iwal nyiruan bikang ti famili Mutilidae[1]) warnana transparan. Jangjang ieu jumlahna 2 pasang jeung gerakna saragem lamun jangjang hareup naék, jangjang tukangna milu naék. Nyiruan pinter pisan ngapung di luhur sabab nalika ngapung, nyiruan bisa ngalakukeun sababarana manuver, saperti ngapung gancang, muter di luhur, jeung ngapung mundur. Nyiruan umumna ngapung kalawan ngalipet sukuna, iwal ti éta sababaraha rupa nyiruan séjénna misalna nyiruan kertas nu sukuna ngagantung teu ngalipet nalika ngapung.[4]

Seureud[édit | sunting sumber]

Nyiruan ikneumon ngagunakeun ovipositorna keur ngebor kai.

Nyiruan ngabogaan seureud di tungtung adomenna. Ngan nyiruan bikang nu ngabogaan seureud, sedengkeun nyiruan jalu teu ngabogaan seureud. Seureud nyiruan sabenerna nya éta sarupaning saluran nu aya patalina jeung kelenjar bisa. Nyiruan ngagunakeun seureudna keur ngalumpuhkeun korbanna jeung mertahankeun dirina.[2]

Sababaraha ragem nyiruan nu kamodifikasi jadi saluran nu nyalurkeun endog nu disebur ovipositor. Nyiruan bisa maké seureudna keur endogan nalika tabung seureudna nu kahubung jeung kantong endog. Ukuran ovipositor sorangan beragem jeung sababaraha nyiruan, ovipositor bisa leuwih panjang ti awakna. Ovipositor di sababaraha nyiruan misalna kacida kuat sabab dipikanyaho bisa nembus lapisan kai.[5]

Métamorfosis[édit | sunting sumber]

Nyiruan saperti anggota Hymenoptera séjénna bisa métamorfosis sampurna nu artina nyiruan ngajalanan 4 tahap dina tumuwuhna; endog, larva, kepompong, jeung déwasa. Larva nyiruan umumna teu ngabogaan panon, suku, jeung rahang keur ngagayem nepi ka bisa dahar, nyiruan gumantung ka indungna nu nyimpenna nalika masih jadi endog di deukeut dahareunna. Larva nyiruan nu gedé bakal ngalaman ganti kulit sababaraha kali nepi ka jadi kepompong. Kepompong nyiruan biasana mirip jeung nyiruan dewasa, mung warnana pucet. Nyiruan nu geus ngajalanan fase kepompong tukuy bakal kaluar ti kepompongna, tuluy nungguan sakeudeung nepi ka jangjangna garing sateuacan bisa dipaké keur ngapung.[6]

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d Johnson, Jimy. 1997. "Ensiklopedia Anak-Anak: Dunia Serangga dan Laba-Laba 3". Jakarta: PT Elex Media Komputindo, hal. 20-21.
  2. a b Wasps Everyhting About.
  3. Time Life. 1996. "Hamparan Dunia Ilmu Time Life: Dunia Serangga". Jakarta: PT Tira Pustaka, hal. 22-23.
  4. Nanao, Jun, Hidetomo Oda, & Hidekazu Kubo. 1996. "Seri Misteri Alam 52: Tawon Kertas". Jakarta: PT Elex Media Komputindo.
  5. Time Life. 1996. "Hamparan Dunia Ilmu Time Life: Dunia Serangga". Jakarta: PT Tira Pustaka, hal. 124-125.
  6. Oda, Hidetomo & Hiroshi Ogawa. 1996. "Seri Misteri Alam 29: Tawon dan Lebah". Jakarta: PT Elex Media Komputindo, hal.10-15
Nulis.jpg